hehehehe.......
kieu nya bah ari tipilemburan mah...., sami sim abdi oge sok hoream lamun mamake jas ari lain kapaksa mah. Sim abdi oge mimiti make jas teh basa rek diwisuda eta kabeneran aya jas titinggal nu jadi aki almarhum, atuh rada ngagayabag keur mah boga awak rada leutik...hehehehe.
Pas rek kawin kunu jadi bapak dipangnyieunkeun da kudu make  jas cenah ngarah gaya, eta oge nyieu dua stel hiji sewang jeung kilanceuk (nu sakembaran tea) tapi dipakena teh ngan waktu keur dirapalan wungkul jadi teu lila da kaditu mah make pakaian adat sunda.
Alhamdulillah berekah  eta jas teh nepi ka ayeuna aya keneh jeung jarang dipake da lamun ka ondangan oge mending keneh make batik atawa lamun kongang mah mending make kaos nu aya kerahan atawa kameja....hehehe...(lain nanaon make jas teh sok asa kasiksa....)

"kkbm'69"


On 7/28/06, waluya56 <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

Jas, pakean resmi, kuring mah saumur-umur kakara make sakali, kitu
oge kapaksa. Kuring tara make jas, lain kulantaran nganggap jas
pakean gengsi, tapi da asa teu perlu. Waktu di wisuda, cenah kudu
make jas jeung toga. Tapi teu boga duit, jeung karunya ka kolot, geus
lulus, masih menta dipangmeulikeun jas. Kapaksa ngan di toga wungkul,
kitu oge meunang nyewa, kabeneran sakolaan nyadiakeun sewaan.

Waktu rek kawin, kuring nyieun jas. Lawonna meuli, terus neangan
tukang ngaput jas anu murah. Meunang ti Ujungberung. Si Kehed teh,
teu baleg ngaputna, teu ngeunaheun dipakena, abong murah. Rek nyieun
deui, ngan dua poe deui ka kawin. Untung waktu kawin, didandanan
pakean adat Sunda, jadi Jas teu baleg teh teu jadi dipake.


 -

__._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment


YAHOO! GROUPS LINKS




__,_._,___

Kirim email ke