--- In urangsunda@yahoogroups.com, "irpan rispandi"
<[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Kuring mah rek ngaku we.
> kabeuki teh "SEMUR JENGKOL jeung GORENG JENGKOL !!!".

***
pan geus ngasaan gejos jengkol can? bisi acan kieu carana.

bahan:
1. nya pasti jengkol, lobana kuma karep
2. bungbu nu direndos: uyah gula cikur bawang bodas bawang beureum muncang tarasi sacukupna, rendos ulah lemes teuing. banjur ku ci ngagolak

carana:
1. beuleum jengkol nepi ka asak, pekprek saeutik supaya rada meber we, geus kitu panas-panas gejoskeun kana ci bungbu tea... ulangi nepi ka jengkol beak
2. nya tinggal nyadiakeun sangu haneut..
3. mangga geura cobian moal burung hedod.

awas: resep can kaburu diuji, bisi kumaonam tanggung nyalira...:))

inget ngagejos sok langsung inget ka mulung asem. dagingna mah sok didahar sanggeus dibalur ku gula bodas, ari sikina dikumpulkeun. terus leos ka hareupeun hawu nu keur ngagedur ruhruy ku ruhak. siki asem di beuleuman. geus asak digejos ku cai. siki asem nu sakitu teuasna alhamdulillah bisa di gayeum. lumayan keur ganjel beuteung.

cing aya kitu baraya di ieu babakan nu sok ngagejos siki asem???

dh


--
~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~
:.lembur deudeuh.:
http://banjarasih.blogsome.com __._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment


YAHOO! GROUPS LINKS




__,_._,___

Kirim email ke