Hehe...duka atuh Juragan!
Sateuacanna...ngahaturnuhun kana kintunan ngeunaan jarakna teras nyuhunkeun dihapunten teu tiasa acan ngawaler nganuhunkeun katampi, mudah-mudah enjing pageta abdi tiasa ngalarapkeun sakedikna ngainfokeun ka nu sanes atanapi ngadongengkeun ka anak incu. Mugia janten elmu nu barokah sareng amal saleh kanggo kang Riksanagara. Amin
 
Rupina perkawis ieu...perkawis  kecap "luis" anu nyorang janten ngalegaan/ngaheureutan(?) harti. Kecap "luis" nu kaimpleng teh atanapi nu rajeun kakuping diwewengkon abdi gaduh hartos sami nyaeta rambutna beres parantos disisiran atanapi nganggo lisah rambut. Janten kecap luis seueur nerangkeun kaayaan rambut, naha rapih, kusut, gimbal, awut-awutan. Kalimah " Neng Alya keur geulis teh luis deuih", implengan abdi mibandi harti eukeur mah parantos geulis tidituna, katambih-tambih sering ngarope rambut sajabaning diangir, nyisiran, krimbat, ka salon, klinik rambut, spa rambut sareng nu sanes deui...janten weh luis wae. Ngaluis rupina ngaropea rambut supados janten rapih sareng nambih pantes kanu gaduhna.
 
Upami kecap "luis" dina kalimah "Duh itu kuda mani luis kitu.."
Rupina kuda teh nembe dimandian, teras dipoyankeun bari disisiran buukna sareng buntutna dugika rapih tur ngeunah ninggalina. Janten "luis" ngagambarkeun kaayaan buuk/bulu upami di kuda (sasaton) sareng rambut upami di jalmi. 
 
Kinten-kinten kitu alesan abdi gaduh pamadegan yen kecap "luis"  mibanda hartos anu ngalegaan/ngaheureutan. Duka janten ngalegaan, duka ngaheureutan. Upami ngalegaan panginten baheula kecap "luis" mung dianggo kanggo kuda wungkul atanapi sadaya sasaton nu gaduh bulu/buuk, duka mung nu gaduh bulu panjang atanapi bulu pondok oge kalebet, duka  nu bulu kumuut oge kalebet? Duka kanggo jalmi heula? Atanapi ngaheureutan atanapi oge memang tikapungkur mung kanggo kuda wungkul sapertos kasauran Akang? Tiasa janten...Kang!
 
Ieu mung pamendak abdi pastina oge subyektif pisan....tangtos seueur baraya anu gaduh pamendak nu leres, sae  sareng langkung  merenah.
 
Ah ayeuna mah urang ngadongeng sakadang kuda sareng sakadang embe, da nu diluhur mah abdi poek, kamus teu gaduh deuih sanes ahlina.
 
Embe jeung Kudu nu Laluis
Aya hiji kuda jeung hiji embe keur nyatu di Kebon Juragan Wadana Riksanagara, keur jongjon nyatuan bari pahareup-hareup ujug-ujug si embe gigideug, anehna sanggeus embe gigideug si kuda unggeuk-unggeukan! Kitu jeung kitu we...kalakuan dua sato kukutan juragan Wadana teh. Tapi sanggeus 3 kali, nincak ka 4 kali si kuda nyepak embe tepi ka ngajurahroh terus dibeberik. Enden Putri kacida nalangsana. Sedih kingkin Enden Putri ngabalukarkeun Juragan Wadana ngangkir inohong keur nerjemahkeun kalukan si embe jeung sikuda. Ka kocapkeun para inohong meakeun waktu saminggu keur nyindeukeun hasil eta panalungtikeun teh. Ceuk inohong, cenah geus jentre yen paripolah dua sato ieu teh nembongkeun hiji kalakuan nu ngalanggar "peri-kasaton" atawa mempar tina Hak Asasi Sato (HAS). Inohong nemprakan bukti yen si Embe ngaoconan si Kuda kaleuleuwih,  sapertos dihandap ieu:
 
Gideug Embe : Anyir....mani badag kitu..cek..cek! (bari roman beunget pikasebelen)
Unggut Kuda  : Bae...cuek, cuek! (bari nyabar-nyabar maneh)
 
Waktu si Embe dimenta konfirmasi ku hiji inpotainmen PISS (Padungdeng Sakuliwek Sato) kalawan enteng maneh ngajawab, " Bongan sorangan ari moyan teh sok asa pangluisna, panggagahna abong boga cokol lima!", ceuk manehna bari ngaragap angeun nu disepak kuda.
 
Si Kuda lain deui, " Geus nista-maja-pait eh utama siah! Sireun oge ari ditincak-tincak teuing mah, paeh!", bari gancang nguliwed ka tukangeun tangkal jarak.
 
 Heureuy punten!
 
baktos,
 
brad 
 
 

riksanagara <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Kang Brad,

Ari anu dimaksad ku kang Brad neng Alya luis teh kumaha maksadna?
Sakaterang kuring keur leutik mah "Duh itu kuda mani luis kitu,..."
Cingan diterangkeun langkung jelas atuh

RN

--- In urangsunda@yahoogroups.com, brad porenges <[EMAIL PROTECTED]>
wrote:
>
> Noan kang, lebeng yeuh teu ngartos abdi mah kaitan hirup teh relatip
jeung neng alya?
> Ceuk abdi mah neng alya rohali mah teu relatif tapi mutlak! Ceuk
si ieu geulis, ceuk si itu luis, dalah seueur istri oge nu
resepeun...hehe
>








Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/






Do you Yahoo!?
Everyone is raving about the all-new Yahoo! Mail Beta. __._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment


YAHOO! GROUPS LINKS




__,_._,___

Kirim email ke