Haturan, Pih!
Upami ningal pilem janur kuning mah panginten leres anu dianggo ngagotong jendral Sudirman nuju teu damang teh mangrupi jampan. Aya oge nu didamel tina korsi sisi pada sisina nganggo awi kanggo ngagogotongna tapi eta mah kanggo jalmi anu teu parna pisan tur masih tiasa keneh dicalikeun. Tapi upami jalmina tos teu walakaya nya digolerkeun kana dongdang teras luhurna dirurub ku samping kebat. Malihan sok sareng kasur kasurna diringkid. Meh teu ngadadak ngadamel nya sok milarian kakareng tilas seserahan. Tah kitu pih, anu masih napel diemutan abdi. Ma'lum tos lami tea. Punten bilih lepat da benten wewengkon sok benten deui sesebatanana. Hatur nuhun pih! mangga dilanjut!
baktos,
syam ridwan
----- Original Message -----
Sent: Thursday, August 03, 2006 1:57 PM
Subject: [Urang Sunda] Seserahan

Punten yeuh cep Syam R....,  upami teu lepat mah kanggo ngagotong jalmi gering,
jalmi jompo, asana mah sanes dongdang...., namung "jampana"...
cing leres henteu..??.
 
ssw
__._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment


YAHOO! GROUPS LINKS




__,_._,___

Kirim email ke