Haturan kang Asep,
karek nyaho di babakan kusnet aya tentara.

hayang ngasaan renang jauh di laut.
salila ieu lamun renang teh di senayan, ukuran olimpic 50 M.
kitu we, gaya dada bulak balik, belasan lap.

lamun renang jarak jauh dilaut aya tips khusus teu ?
resep sigana teh.

iraha nya.....

On 8/4/06, asep ahmad < [EMAIL PROTECTED]> wrote:
 
Hag siah naha jadi bet kieu ...????
 
Tah gening kitu maksudna kang irfan teh....
Tapi Kumaha lamun kieu ....
Uing oge ngaroko tapi ngaroko nu nguteuk, teu sagawayah ngarokona.
bari dibarengan olah-raga 3 kali saminggu, tah lamun kang Irpan anu nantang lumpat
10 kilo, atawa renang selat madura jeung kuring sok ayeuna kuring balik nantang. 
Pasti kuring meunang! hehehehhhh.....lain pedah uing tantara ...punten tapi da enya!
....

irpan rispandi <[EMAIL PROTECTED] > wrote:
He..he..he..
Pasang Jurus.. hait..hait....

Mang Jamal,
kuring nyoba nyutat poin pikiran anu ditepikeun.
(mun salah bejaan nya mang J )

- ulah nyebut teu boga uteuk, buktina mang J bisa Magister.
   aya IQ aya EQ. heug bisa Magister, tandana dina segi IQ berhasil, tapi hanjakal EQ na kurang, buktina rasa hayang ngaroko bisa ngelehkeun rasio, najan geus dibuktikeun yen ngaroko teh leuwih loba mudorotna.
   lamun uteuk ieu diartian lega, aya IQ, EQ, SQ, nya jelma nu ngaroko mah komposisina teh kurang proporsional.
   OK lah, di ralat, lain teu boga uteuk, tapi kurang ng-uteuk. :)

- Hirup paeh ditangtukeun ku pangeran.
  Masalahna lain dina paeh hirup na. tapi dina kualitas hirup. sok wani ngabandingkeun, jelema ngaroko jeung jelema teu ngaroko, kualitas kesehatanna alus mana ?


Kang Heryadi,
Kuring ngahaja teuas, ngan teu maksud kasar.

Jalma urang, khususna urang sunda, leumpeuh yuni.
di sentak saeutik oge murengked.
naon sababna?
sabab teu biasa manggihan kondisi anu pinuh ku konfrontasi.
mun aya konfrontasi, mending nyisi, ngajauhan, neangan salamet.
matak pantes urang sunda teh lemah oge.


Kang Surtiwa,
Mun kuring suudzan,
akang teh nyebut kuring pondok wawasan jsb. asa pang akang na.
(mun salah, hampura kuring nya, geus suudzan)

Ieuh kang, Numatak kuring wani ngomong kitu oge, tangtu didadasaran anu kuat.
teu sagawayah.
kuring moal wani ngomong lamun kuring teu ngalakukeun.
buktina, kuring teu ngaroko !


Kang Kumi,
Nuhun, bisa narima ka-teuasan kuring.







__._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment


YAHOO! GROUPS LINKS




__,_._,___

Kirim email ke