Euleuh baruk eneng teh hoyong di beureuman rambut na? Manawi ari ka murangkalih mah kedah maklum da teu acan gaduh pangadeg nyalira, janten teu kedah molotot. Leres pisan eta di wartosan rambut eneng teh langkung sae hideung sareng panjang, manawi ari murangkalih mah peryogi perhatian sareng bimbingan ti abu sareng abah. Eh, punten iyeu asa mapagahan hiber ka manuk.
 
brad porenges <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Sami, abdi oge punten Ceu! Sae atuh ari teu kacandak ku sakaba-kaba mah...Ceuceu mah panginten tigin kas sepuh, sae atikan ti ibu rama! Rupina upami sadaya wanoja sunda kawas Ceuceu...moal aya panginten landian nu matak panas ceuli teh!
 
Sanes Ceu, dua sasih kapengker, abdi amengan sareng punanak yuswa 5 taun, istri, ka toko buku...pas turun dina tangga, punanak ngaharewos, "Abah, rambut eneng hoyong diwarnaan beureum", cenah bari ngalendotan! abdi asa nguping gelap tengah poe ereng-erengan! Alah...siah budak kakara 5 taun....kahayangna geus kitu! Abdi molotot...sibudak ngajangilek! Terus ku abdi diupahan da tetep nyaah...engke we atos ageung diwarnaan mah, ayeuna mah sae oge hideung kieu...da eneng mah langkung geulis oge rambutna hideung sareng panjang!  Naha bet loba kasieun boga budak teh...
 
baktos,
 
bporenges

Mae West <[EMAIL PROTECTED]com> wrote:
Oh punten sanes maksad na hoyong ngabaluwengkeun, apan ari di holiwud mah seueur bintang pilem istri anu haroyongeun gaduh lambey na nyuriti atanapi kawas anu bareuh, sapertos lambey na Angelina Jolie. Cenah mah osok di suntik lambeyna ngango silikon, tapi ari emutan abdi mah eta teh ka olok2 artos, manawi aya cara anu ekonomis upami lambey hoyong jeding mah nyaeta di kitu tea...sina di kenyot ku caroge..punten ah! Sieun digebug ngango hoe koneng yeuh! Baheula oge keur leutik sok di gebug ku si embu da sok bangor: "maesaroh naha sia teh sok mahiwal ti batur, awewe awewe sok teterekelan kana tangkal jambu, engke labuh siah biwir sia jeding! mun naek deui di gebug engke yeuh! Heg ari bapa sumping damel wanci asar, si embu mah langsung ngadoni, tapi ari bapa mah ngan ukur molototan tara nga gebug.

brad porenges <porengesbrad@yahoo.com> wrote:
Kayungyun upami kitu mah Ceu, muhun eta panginten nu sibat geulis bawa ngajadi, endah bawa ti kudrat teh palebah lamey mah!
 
Tah palebah " kenyot -mengenyot" abdi poekeun...lebeng pisan! 

Mae West <[EMAIL PROTECTED]com> wrote:
Ari ngaran Mae mah lumrah urang sunda, "brother" Brad! Tapi da abdi mah tara make lippen stip, ceuk nini oge pamali eta teh, teu pantes cenah make halis palsu jeung di wedak kawas kesemek; janten upami biwir kuring amucuy teh eta mah manawi tos nguyup cuka anu lada sesa asinan bangkuang sareng bonteng. Lamun hayang boga biwir anu nyuriti abdi mah moal di suntik ku silikon, arek sina di kenyot we biwir abdi na ku kang West.

brad porenges <porengesbrad@yahoo.com> wrote:
Mang,
Bet ngabarakatak...maca biwir handap jeung biwir luhur dikaitkeun jeung kecap nyarande!
 
Kecap-kecap beureum euceuy...na jadi  emut kana kecap "amucuy"! " Aduh meni amucuy kitu.....deuleu!"
 
dasar porenges!

mj <[EMAIL PROTECTED]com> wrote:
mae west teh ngaran bentang film holiwud baheula.
 
pastina gaduh lambe alias biwir seksi, da buktina, Salvador Dali, pelukis aliran citanduy, eh, Surealis, ngadamel sofa
make rupa biwir mae west. paranti diuk, biwir handap, paranti nyarande biwir luhur.
nya dinamian we, sofa mae west, beureum euceuy, sigana ti lipen setip tea.


Do you Yahoo!?
Next-gen email? Have it all with the all-new Yahoo! Mail Beta.


Groups are talking. We´re listening. Check out the handy changes to Yahoo! Groups.

__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com


Do you Yahoo!?
Get on board. You're invited to try the new Yahoo! Mail Beta.


Do you Yahoo!?
Get on board. You're invited to try the new Yahoo! Mail Beta.


Do you Yahoo!?
Next-gen email? Have it all with the all-new Yahoo! Mail Beta. __._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment


YAHOO! GROUPS LINKS




__,_._,___

Kirim email ke