Haturan kang Jaka,
meni munel euy.
he..he..he..

TRI TANGTU: 
- SILIH ASAH
- SILIH ASIH
- SILIH ASUH

(bener teu nya ? tri tangtu teh eta?)

ampun paralun kuring mah teu niat sombong, asa pang pinterna.
teu, teu pisan-pisan.

ngan ieu mah keur ngajalankeun SILIH ASAH.

ngaran-ngaran NGASAH, pasti aya anu "bergesekan".
ngan hasilna jadi beuki seukeut.
 
Baraya beuki seukeut,
kuring nya kitu deui.

Mudah mudahan Urang Sunda teh sarareukeut Uteukna.
Amin

On 8/7/06, Jaka <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
BAGEA DULUR SADAYA...
HATURANAN KAN IRPAN...
NUHUN TIASA NGARAMEKEUN IEU BABAKAN...
JANTEN MERIAH KIEU...RESEP SIM KURING MAH...
NGADEGKEUN HIJI WEKASAN...
SUPADOS IEU BABAKAN JANTEN HANEUTEUN...
KURING NINGGAL AYA KASAEANANA TINA IEU
RARAMEAN TEH...ENGKE NA BAKAL LANGKUNG
RAKEUT URANG2 TEH...SILIH SEPET, SILIH OLEG...
sareng sajabana

UPAMI BADE DITERASKEUN MANGGA...
TAPI KUMAHA UPAMI DIGENTOS DEUI WEKASANANA...
MANGGA BADE TARUNG LETAH DEUI OGE...
TAPI...POMA...
ULAH MILARI ANU MEUNANG ULAH NEANGAN NU ELEH...
SALAH SASARAN HIRUP URANG DIARAHKEUN KANA NU
MEUNANG JEUNG NU ELEH MAH...
BISI SASAR...

kumargi...punten punten...da bakal sesah ngalirenkeun ku kang irpan
nyalira...
beut anu program ti PBB, nagara, sadayana oge tos seueur...
malih mah...punten...langkung sae carana...

kade ka sadayana bising matak kaceletot omongan...letah matak awuntah...
ieu matak langkung bahaya...malah matak cilaka jaga "engke"...
ieu panyawat anu kedah ditebihan...

da saur "katerangan" oge letah nu matak picilakaeun...
malih mah...katerangan ngahususkeun kana roko teu aya...
paling oge...dianjurkeun meninggalkan pekerjaan yg merugikan...
tapi manfii heunteu husus kana roko...manfii na jamak...

tapi mun ngaroko matak janten sumanget ambeh neang
pahasilan anu leuwih gede...berarti aya manfaatna...
da cara jalmi mah pasti beda2...
aya anu damel kedah ngaroko...
aya anu damel kedah bari ngadangukeun tetembangan...
atuh leuwih2 utami deui mun teu ngaroko...eta mah hebat...
keur mah ucap tutur lampahna sae...oge produktif...teu ngaroko deuih...
hebat..
jrrd
aya oge kantos mendakan...
aya anu eling ka Allah nganggo roko...bari diseseup anjeuna narik kalimah
ngaluarkeun oge narik kalimah...
hmmm...berarti aya oge sae na...
tapi eta mah uih deui...cara jalmi...benten2 pan...
tapi memang daripada teu ngaroko...henteu eling2 acan...langkung bahaya...

tapi aya oge anu teu ngaroko jararahat...teu produktif...geuring awak...geuring
hate...loba oge anu ngalanggur...kedul...
malah mah...punten weh ieu mah...
aya nu teu ngaroko langkung parna ti eta...
artos jalmi seueur dipaokan...nindes jalmi seueur...
jigana amun teu kitu mah...sugaaan....lamun anu teu ngaroko eta "hade",baris
bakal seueur anu teu ngaroko...
tapi geuning jararahat...ari ngucap itu ieu na sakahayangna...jiga anu betul...

sanajan misalna urang teu ngaroko...tapi ucap urang matak
pinyeri hateeun...moal salamet...
oge panyawat nu kedah ditebihan deui teh...nyaeta sombong...
halus pisan eta teh...tipis...
langkung bahaya ti rokok oge...
aya anu sombong tina harta, pangkat, kedudukan,
ilmu...oge tiasa matak sombong...ngaraos urang langkung
pinter ti batur...bisi janten matak nga nomer hijikeun harta, pangkat,
kedudukan, jeung kapinteranana...
numawi...kangjeng baginda oge omat2an...kade ulah boga rasa
sombong najan ngan saeutik wae...
tos jelas...moal salamet...

sareng dua sifat eta teh...
nu kahiji...bakal minding urang ka sasama manusa...
nu kadua..bakal minding urang ka sasama sareng ka Allah...

sok ah...reseup weh kuring mah...ieu teh "olaheun" akal, adu argumen
kieu teh...sakali2 memang kedah...dan harus...
ari bahas lemeusna kang irpan mah naon eta teh...UTEUK tea.
tapi menurut sim kuring mah...da akal hese ditungtunganana...
dugi ka kapungkurna ge...dina qisoh/kisah...
akal mah merekeudeuweung ka gusti Allah...ditaros "saha Pangeran anjeung?..."
tos ngolah akal, urang ngolah hatena/ niti hati, tos kitu urang olah rasa...
kolot kapungkur mah urang sunda teh...tos harebat...margi seueur nu tiasa
ngelmu Aji Rasa...
ngaji rasana pribadi ka dirina, oge rasa ka Gustina...oge ngaji rasa ka sasamana..


pungkas...ulah geuleuh, geureuh ka jalmina...da jalmina mah nu Allah2 keneh...
mun kitu eta anu sasar oge...


sok kang irpan...di duakeun sing salamet...sing janten pinunjul...




hatur nuhun - hatur salam
ABDI ANU TEU NGAROKO, TAPI TEU ACAN SALAMET OGE.


irpan rispandi wrote:

He..he..he..
Kang riksa,
kadang kala jalma, lamun  beakeun pendapat sok sembunyi dina
"This is my point of view, and that is yours, will never meet"

tapi maenya sumerah kitu wae.

ngeunaan teu nyaho ngeunahna ngaroko.
cing atuh bejaan kumaha ngeunahna.

soalna, lamun urang ngobrol jeung anu sok make narkoba, maranehna oge sok ngomong, "lu nggak tau enaknya make".

ngan ngeunah nu kitu teh sarua jeung bom waktu.
ngeunah anu teu hade.

nu matak urang babarengan neangan cara ngeureunan nana.

ari anu disebut debat kusir teh, anu adu catur tanpa bukur.

ari kuring pan puguh bukurna.
tuh ku teh ika geus ditatan bukur-bukurna.

"SO LETS SPEND A LITTLE TIME, FOR ALL OF US, WILL YOU ?"

On 8/5/06, riksanagara < [EMAIL PROTECTED] > wrote:

Mr. Irfan anu dipikahormat,..

Punten sim uring mah, teu wasa adu pedapat,...perang pamikiran komo
diskusi masalah ngaroko sareng kang Irpan,..kumargi

KAHIJI: Henteu LEVEL,....kang Irpan mah gaduh otak, sedengkeun sim
kuring mah teu gaduh otak

KADUA: Kang Irpan teu acan kantos/tara ngaroko janten teu ngartos
naon `hartosna` ngaroko kanggo anu resep ngaroko,...janten pamendak
sim kuring mah Kang Irpan teh mung terang `kulitna` wungkul,...upami
sim kuring perang pemikiran, diskusi atanapi adu pendapat sareng
kang Irpan mah JUST WASTE MY TIME

KATILU: Cara Kang Irpan ngajak diskusi, adu pendapat teh ciga kusir
delman anu nuju `ngabudah` di warung pasar,....janten cocoknamah/
saena diskusina di warung pasar bari sampean na hiji kaluhur
bangku,... heu ,..heu....

Baktosna
Riksanagara
Anu teu acan pangsiun ngaroko

--- In [email protected] , "irpan rispandi"
<[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Kang nanang,
> ayeunamah zaman *Ghazwul Fikri *(Perang pemikiran).
>
> Sanajan enya kuring wani jeung gelut-na, tapi teu sagampang eta.
> *
> Gelut mah jarang bisa nyelesaikeun masalah.
> **Nambah masalah biasana mah.
> **
> *
> kukituna sabisa bisa ku diskusi, adu pendapat.
> Lamun *enya* mah ngarasa *boga uteuk*
> he..he..he..
>
>
> On 8/4/06, ndoell <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> >
> > Mun rek nangtang mah ka Preman we atuh sakalian, wani teu ?
> > tuh di Kampung rambutan ge ting jalegir nalongkrong.
> > nya bari udud, bari mabok, bari judi, bari nodong, jeung
> > osok ngagebugan jelma nepi ka maehan sagala. Leuwih ngarugikeun
> > batur daripada nu udud mah.
> >
> > Uing ge sok udud, Jie Sam Soe kretek.
> > nu penting mah ududna teu disundut-sundutkeun ka baju batur,
> > meuli ku duit sorangan, lain menta ka batur, komo bari bari
> > nodong mah.
> >
> > Di ruangan kantor mah tara udud, mun arek ge diluar.
> > diimah ge, misahkeun maneh jeung nu teu udud.
> >
> > Soal umur mah lain ditangtukeun ku udud.
> > Najan keur ngorong ge ari kuduna maot mah nya maot we.
> >
> > Teu boga uteuk ?
> > ah....nu bener we atuh ilaing teh ...!
> >
> >
> > -dul-
> > tukangteuing
> >
> >
> > --- In [email protected] , "irpan rispandi"
> > <mr.rispandi@> wrote:
> > >
> > > Email ieu NANGTANG baraya kabeh  khususna anu ngaroko.
> > > Mun aya nu wani, sok tembalan ieu email. :)
> > > biasana nu ngaroko mah sok merasa jantan. :D
> > > Maju kadieuh !
> > >
> > > eusina aya  4 bagian :
> > > - Kalimat provokasi ti kuring
> > > - Argumen pembenaran anu ngaroko
> > > - FAKTA
> > > - Saran
> > >
> > >
> > > *Provokasi :*
> > > Nu ngaroko mah teu boga uteuk, teu nyaah ka anak pamajikan, teu
> > ngahargaan
> > > batur.
> > >
> > >
> > >
> > > *Argumen pembenaran :*
> > > - mun eureun ngaroko, perusahaan roko tutup, rebuan karyawan
bakal
> > di PHK
> > > - Ngaleungitkeun stress
> > > - kabutuhan kulawarga tetep terpenuhi.
> > > - Nepi ka umur 50 tahun euweuh keluhan nanaon, kesehatan tetep
> > prima.
> > > - Ngeunah
> > > - pergaulan
> > > - jrrd.
> > >
> > >
> > > * Fakta :*
> > > a. Data ti  WHO :
> > >     http://www.who.int/tobacco/health_priority/en/index.html
> > >     - Pamaeh nomer 2 di dunia.
> > >       1 dari 10 orang dewasa paeh lantaran ngaroko.
> > >
> > >      - Pos pengeluaran gede di kulawarga miskin.
> > >        pikeun kulawarga miskin, ngaroko teh nyedot biaya nepi
ka
> > 10% belanja
> > >        kulawarga. Padahal mun maranehna boga uteuk mah, eta nu
10%
> > teh bisa
> > >        dipake jang perbaikan giji anak, atawa biaya pendidikan,
> > kesehatan,
> > > jsb.
> > >        Acan lamun anu ngaroko teh gering paru-paru atawa
saluran
> > pernapasan,
> > >        tangtu pengeluaran deui jang ka dokter.
> > >
> > >      - Ngandung zat-zat berbahaya pikeun awak :
> > >         http://en.wikipedia.org/wiki/Chemicals_in_a_cigarette
> > >         http://en.wikipedia.org/wiki/Cigarette
> > >         diantarana : Arsenic, Cyanide, Butane, Formaldehyde,
jsb
> > >          - Arsenic (anu dipake maehan Munir)
> > >          - Cyanide (sianida, racun mematikan deui wae)
> > >          - Butane (dina LPG jang masak aya na teh)
> > >          - Formaldehyde (masih inget Formalin ?)
> > >
> > > b.  ngakibatkeun teu kurang ti 73 panyakit :
> > >      http://www.ash.org.uk/html/factsheets/html/fact02.html
> > >      diantarana : Mandul, Impoten, Menurunnya kualitas Sperma,
> > Diabetes,
> > >       Kangker, jsb
> > >
> > > c.   Perokok Pasive (Pamajikan, anak, babaturan anu teu
ngaroko)
> > boga
> > > potensi       panyakit anu teu jauh beda ti anu ngaroko.
> > >       http://www.ash.org.uk/html/passive/html/passive.html
> > >
> > > d.  ngakibatkeun kecanduan jeung ketergantungan :
> > >       http://www.quitsmokinghelp.net/psychology_of_smoking.html
> > >
> > >
> > > *Saran*
> > > (ari disebut solusi mah jajauheun, da yakin moal dilaksanakeun
ku
> > anu
> > > ngaroko na oge.)
> > >
> > > a.  Masalah perusahaan roko, keun we da sakabeh manusa didunya,
> > geus
> > > ditangtukeun rejekina ku Allah. Urang mah nyaah ka anak
pamajikan,
> > mikirkeun
> > > ekonomi rumah tangga. nya eureunan ngaroko.
> > >
> > > b. Masalah ngilangkeun stress.
> > >     kapanan aya laguna
> > >     obat hati eta aya lima perkara
> > >     1. maca quran
> > >     2. solat peuting
> > >     3. kumpul jeung jelma soleh
> > >     4. puasa
> > >     5. dzikir
> > >
> > >    Lain ngadurukan duit !
> > >
> > > c. Kabutuhan kulawarga terpenuhi.
> > >     biasana jalma cukup nu kieu mah. hanjakal     sombong.
kena-
> > kena boga
> > > duit     leuwih tuluy diduruk.
> > >     mendingan duit anu di duruk teh, di sedekahkeun.
> > >
> > > d. Tetep sehat neupi ka umur 50 taun.
> > >     Sabaraha hiji anu bisa kitu? batur bisa nepi ka kolot. ari
> > urang saha
> > > anu     ngajamin bakal sehat ? sakitu geus jelas, unggal poe
> > nyeuseup arsen,
> > >     sianida, formalin, jrrd. Mikir atuh !
> > >
> > > e. Ngeunah.
> > >     Nu kieu anu egois teh. ngeunah jang sorangan teu ngeunah
jang
> > batur.
> > >     Awak/baju bau haseup, huntu gading hideung, nafas bau,
karunya
> > we
> > > pamajikan jeung anak.
> > >     Kangeunahan teh loba jenis na. cing atuh kangeunahan nu
> > ngarugikeun
> > > batur mah tong dipiara wae.
> > >
> > > f. Gaul
> > >    Nu kieu biang na ngaroko teh. khususna budak ngora.
padahalmah
> > mun eunya
> > > boga uteuk, teu ngaroko ge tetep we bisa gaul. teu kudu bari
> > ngaroko wae.
> > >
> > >
> > > Numatak baraya, STOP SMOKING !
> > >
> > > ***langkung saur bahe carek, neda dihapunten.
> > >
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> > Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
> >
> > Yahoo! Groups Links
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> >
>






Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/






--

__._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment


YAHOO! GROUPS LINKS




__,_._,___

Kirim email ke