Muhun kang, kedah dieureunan meuli, bari ngurangan........
 
roko babaturan....heuu...heu......!!!
 
heuheuy deudeuh!

Yuliadi <[EMAIL PROTECTED]> menulis:
eureun meuli ganti wae atuh......'narkoba' langkung nikmat bisa sakau.
 
-----Original Message-----
From: amin mina [mailto:ojimasid@yahoo.com]
Sent: Monday, August 07, 2006 8:32 PM
To: [EMAIL PROTECTED]ups.com
Subject: Balasan: [Urang Sunda] Re: NANGTANG anu sok ngaroko !

Mangkana tisambet ayeuna hayu urang eureun, eureun meuli maksudnamah ....heu...heuu....

"Ari R. Fikri" <[EMAIL PROTECTED]centrin.net.id> menulis:
Sim kuring mah teu resep kana roko da dituang oge pahang,
ditinyuh ku ci panas oge teu janten pikabitaeun, di seungeut matak mabek
kamana-mana.
Tapi langkung teu resep na mah ka anu sok ngaroko caket batur.
Teu punten, teu permios langsung pelenyun. Kadang mah permios
tapi can calangap-calangap acan di waler tos langsung diseungeut.

Ari anu ngarokona teu wawuh mah sim kuring oge tara acan nyarek. Naha ?
Matak ngaroko oge panginten teu patos paduli kana kasehatan nyalira,
komo deui kana kasehatan batur, matakna sok nutupan irung we ku sapu
tangan, mun terus dipareuman nya sukur ngan lolobana mah sok diantos dugi ka
seep heula atawa nepi ka ampir kaduruk sareng curuk-curukna nembe dipiceun
da lebar panginten. Padahal mah upami nyungkeun digentosan mah ka sim
kuring tangtos ditedunan da sigana mah kabedag keneh ari karek ngagentosan
sabatang mah, he.. he...

Saur sim kuring mah getih teh pan jalur transportasi ka otak, dina getih eta
tos kacampuran ku racun tina roko panginten loba bahan anu dibutuhkeun
ku otak urang teu kacandak tungtungna otak oge teu berpungsi maksimal.
Mun aya para wargi anu ngaroko tapi tetep pinter, teu kabayang upami bari
teu ngaroko. Panginten upami ayeuna D3 ari ngaroko panginten upami
teu ngaroko mah tos D7, nu S3 tos S9, he..he..

Saleres na mah ngaroko teh langkung ngabahayakeun jiwa batan raga.
Tina ngaroko sok nyababkeun urang janten apatis, teu patos paduli
kana kanyamanan batur. Teu dimana teu dimana mun tos hoyong sok
pelenyun wae.

Tips ka anu hoyong diajar ngojay di laut : (duka posting ti saha, hilap
deui)
Ulah pisan resep ngaroko, sabab moal hurung ngaroko bari ngojay, he..he..

Mung hiji pangaruh awon anu kabuktosan nu dibalukarkeun ku ngaroko teh:
Tekanan Darah Tinggi. Buktosna pas disintreuk rada tarik ku kang irpan
langsung nyareuneu. Majarkeun teh ieu salah sahiji sipat US anu awon oge,
gancang tersinggung, leres kitu ? ;-)

Hususon ka MJ supados langkung gaya ngaroko na sakali minimal dua batang
nu hiji dina lambey nu sanes dina pangambung, komo upami bari dibalikeun
seuneuna ti lebet mah, langkung gaya pisan geura :-D.
Malahan mah tiasa lebet kana MURI. :-D :-P.

Saur dalil ngaroko teh makruh, tiasa diuningakeun ka sim kuring kumaha
eusina ?
Tiasa nganggo japri oge. Tos lami dipilarian teu kapendak wae.
Sim kuring mah mendakan teh anu ngalarang tapi teu hubungan langsung,
contona :
- Moal lebet surga jalmi anu tatanggina masih keneh ngarasakeun kajahatan
tina
kalakuanna.
- ...Jeun tong maehan awak sorangan. (An Nisa : 29)
Pan ngaroko teh ngadoreksakeun awak sorangan anu bisa musababkeun datang
panyakit anu bisa maehan awak sorangan.

Tiasaan pisan kang Irfan mancing baraya US sadaya ngaramekeun perkawis ieu,
janten seueur anu dibukakeun wawasan sareng pikiranna.
Keun wae carana rada teuas oge, da kadang-kadang urang mah sok kedah rada
dicepret heula supaya nerap teh.
Mung tangtos langkung sae upami ku cara anu anggun, mung tangtos upami
carana
kitu mah nu mairan na oge moal seueur sapertos ayeuna.

Mangga teraskeun para wargi,

pun Ari




Rampes! 
 
Amien Mina
"Pakena Gawe Rahayu Pakeun Heubeul Jaya Di Bhuana"

Apakah Anda Yahoo!?
Kunjungi halaman depan Yahoo! Indonesia yang baru!



Rampes! 
 
Amien Mina
"Pakena Gawe Rahayu Pakeun Heubeul Jaya Di Bhuana"
http://amienem.multiply.com/


Apakah Anda Yahoo!?
Kunjungi halaman depan Yahoo! Indonesia yang baru!
__._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment


YAHOO! GROUPS LINKS




__,_._,___

Kirim email ke