ngarokok teh sakebeh jalam ge geus nyaho teu aya manfaatna dina kasehatan.
malah dokter oge sanajan manehna bari ngelepus nganesehatan paseinna ualang
ngaroko ceunah bari tetep ngelepus. kumaha bet kitu ieu teh saking hesena
urang ngereunan ngudud.
aya sababarah tips atawa cara sangkan bisa euereun tina roko.
kehiji kudu rajin oleh raga.:
misalna ti mimiti hudang langsung ka cai mandi jeung ibadah.
jam 6  s/d 8.00 joging atawa lumpat isuk-isuk
jam 8.00- 11.00 renang
jam 11.00- 12.00 angkat besi
jam 13.00 - 14.00 latihan karate
jam 14.00 - 16.00 aerobik atanapi senam
jam 16.00 - 18.00 latihan kungfu
jam 18.00 - 19.00 latihan tinju
jam 19.00 - 21.00 latihan yoga
jam 21.00 - 22.00 latihan silat
jam 22.00 - 04.00 istirahat atanapi sakarat

dijamin bisa ereueng tina ngudud
mun teu manjur coba resep anu kadu nyaate kudu loba gaul.
contona isuk-isuk coba ngobrol jeung ustad anu tara ngaroko
pabeberang ulin ka pom bensin
pasosore silaturahmi ka kantor pertamina
tah mun peuting coba ngalongok pabrik gas
pasti dijamin bisa eueren tina ngaroko

mun teu mujarab coba resep anu katilu nyaeta kudu neangan kadaharan gaganti
ngaroko
misalna , isuk-isuk nginum siruf atanapi jus alpuket, alketip atanapi
almanak
pabeberang ngadahar sarupaning sasangrayan. saperti sangarai bentang, bubuy
bulan atanapi sate panon poe
pasosore ngadahar sarupaning pupucukan, kayaning pusuk eurih, pucuk seuneu,
pucuk manjah jeung rea-rea deui

upami teu tiasa eureun keneh cobi eta rokok teh tung disundut tapi di jus
atanapi disepan caina diuyup unggal isuk dijamin bakal euereun tina ngudud
>
>
>
>
>







Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Reply via email to