Hmmmmm.....
geuning ngabogaan kartu bae teh bisa beunghar nya ?
eh..ketang boa enya, da ngarana oge "Amazing card" tea..
Cik atuh jelaskeun sing jentre, mekanisme-na kumaha,
inih-ituhna kumaha, mun mayar-mayar sabaraha.
Make basa nu umum we, tong make basa marketing nu hese
dipikaharti. Tong make kalimah-kalimah nu aya jangjangan.

Punten,
Sakanyaho uing mah, kartu nu model kieu teh, kudu mayar iuran
taunan. Tuluy nyantel ka sababaraha 'merchant' sabangsaning
toko, restoran, cafe, hotel jeung sajabana anu geus ditangtukeun. 
Dimana urang balanja didinya, ku nunjukkeun kartu eta urang bakal 
meunang diskon.

Kartu nu samodel kitu mah cocogna ka anu keur sok iinditan,
jeung balanja atawa jajan. Tapi pan teu sakabeh urang Kusnet
osok kitu. Jadi mangpaat boh bipaatna teu sakabeh urang Kusnet
bisa ngasaan. Tungtungna mah ngan saukur Kartu anggota Kusnet
wungkul nu hargana satauneun iuran, padahal biaya nyieun kartu
anggota wungkul mah murah. 

Kuring ge kungsi ngobrol jeung Kang Maman Gantra, ngeunaan kartu
anggota Kusnet teh. Maksudna mun pareng ngumpul, kartu eta dipake.
jadi ku nempo ngaran nu aya dina eta kartu ge langsung pada nyaho
yen eta teh si Anu. Ceuk Kang Maman Gantra mah, aya mesinna di
Bandung, nganggur. Teuing dimana-manana mah, can kungsi ditanyakeun
deui. Puguh tara panggih.


Hatur nuhun,
-dul-
kuncen #8



--- In urangsunda@yahoogroups.com, lutfi rico <[EMAIL PROTECTED]> 
wrote:
>
> 
> 
> syukur bae upami satuju mah,margi abdi mah hoyong pisan urang 
sunda beunghar ku jalan ngagaduhan kartu anggota anu fungsina lain 
ngan saukur kartu warga kusnet wungkul.Ieu kartu tiasa pikeun usaha .
> It is not just a card but it is a amazing card.
>               
> ---------------------------------
> Apakah Anda Yahoo!?
> Kunjungi halaman depan Yahoo! Indonesia yang baru!
>







Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke