Aom irpan,
Kang brad,
Siloh tos tiasa kumah ayeuna,
nenen wae siganateh nya..
he..he...he..
Is puguh we atuh…da saeutik-saeutik mah nyaho mangfaat ASI jeung berseka, lain Dr Boyke atawa Naek L Tobing wae nu didengekeun teh tapi kak Seto ge sok rajeun, jadi  cindekna mah  babarengan  atawa piligenti can pernah  parebut tepika hoghag. Ari ngan saukur ngajangilek, mureleng, ngadilak, baeud, murukusunu, jamedud  jeung pundung mah biasa lin, anggap we samara nu matak ledokna eusi coet! Ngelmu meri we sugan mah!    
Kuring can bisa nangkep kana
"Teu tiasa kitu Cep, loba nu ngebon bako tapi
tara udud!"
naon anu hayang ditepikeun ku kang Brad teh?
Nangkepna make elmu lembur Ledehkehed, cara kolot lain hartina teu cerdas pan!  “Cekel huluna, sangkeh awakna”, “omat ulah dicoco tuurna!”
Tadi na mah kalimah eta teh keur nambah leuwih ngagedurkeun sumanget Aom dina ngurangan jeung  ngaleungitkeun nu loba patula-patalina jeung udud, sugan we ari nu melakna teu resepeun ngebul mah mun dibibita (aos: diwururukan sareng dicontoan) ku pepelakan nu lain tur loba onjoyna tibatan melak bako boh hasilna atawa miarana komo jeung ngajualna mah, moal loba mencogna gancang nangkepna sabab maranehna pan ngabogaan uteuk lain? Beuki loba meureun balad teh, leuwih gampang pan nyebarluaskeun ka mana-mana jeung ngagaley para dedengkot nu melak bako bari resep nyesep. Enya…ngagaley ku nyecepan elmu pindah pepelakan meureum!
pan kuring mah nyarita lamun loba keneh nu ngaroko, patani moal daekeun pindah kana tatanen lain.
naon sababna ?
sabab pasar bako gede keneh.
Baheula anyaran aya binih pare (padi) penek jeung umurna pondok,  pamarentah ngarojong pisan, tapi loba patani nu embungeun melak sabab sanguna bear jeung tiis deuih mun geus lila mah. Maranehna leuwih resep melak pare lokal atawa pare gede nu geus dipelak turun-tumurunan. Tangkalna jangkung, sikina baluan panjang jeung sanguna pulen deuih matak beger eh…dahar mindo. Ngan hanjakal umurna panjang, kurang nagen ku hama jeung lamun geus jangkung gampang  ayeuh mun aya hujan jeung angin.
Tapi ku soson-soson mah nyontoan jeung ngajakna make penyuluh pertanian sagala, teu burung we patani teh marelak. Geuning ceuk beja mah nagara urang teh bisa bru dijuru bro dipantu ku pare teh. Cenah ayeuna aya beja meuli beas ti nagri deungeun, ah teuing atuh bisa kitu? Sidik pasar mah gede, malah leuwih gede meureum da jelema oge leuwih ngalobaan ayeuna jeung pan tetep dahar teh kejo keneh! Naha sawahna anu ngaheureutan lantaran dijieun pabrik jeung komplek imah dodol mas  atawa patani ayeuna mah embung bau leutak? Pan ti baheula para inohong urang sok baceo, “nagara urang mah nagara agraris”? Masalah leuweung geledegan nu kaina dugul dipalingan, naha rek ngadagoan eureunna nu perlu kai atawa ngadagoan caah jeung urug?        
 kumaha maksud kang brad teh?
Nu kadua, Jalan pintas siga kumaha anu aya dina pamikiran kang Brad?
Soalna, maksud kuring ngomong miceunan tanaga percumah teh kieu:
Salian ti kerja Keras, urang ge kudu bisa kerja cerdas.
lamun nu ngaroko loba keneh, usaha urang ngaganti tatanen bako teh bakal hese.
nya memeh ka dinya teh, tempuh heula tahap pertama, ngurangan anu ngaroko.
kitu tah kang brad.
Asa lieur…. Geus puguh tukang ngelepus, tapi disangka  masih boga pamikiran? Saena mah, kantunkeun heula jalan pintas satekah polah pikiran, pilarian sareng keureuyeuh deuih jalan kanggo meuntas, meuntaskeun rupina kanggo Aom Irpan mah. Meuntaskeun anu resep ngebul jadi balem sakapeung manyun, meuntaskeun nu melak bako jadi melak jarak, meuntaskeun nu boga pabrik roko jadi pabrik nu ngolah siki jarak!
Entong keukeuh atuh, lengkah munggaran nengar cadas nya cobi ulin  lain! Jurus Mang Jamal, Cipancar,  Cimande, Cikalong pan loba Ci-Ci teh! Ulah gurung gusuh mere talak tilu percumah, kumaha mun aya jodo pakokolot? Leuwih hade mitemeyan ningkreuh ngeureuyeuh, da lamun mikiran halangan harungan moal weleh aya tapi lain hartina urang kudu haben nagen. Ceuk kolot urang oge, ilahar lamun keueung mah da manusa, tapi lalaki mah kudu ludeung!. Sapuk, urang kudu bisa gawe cerdas! Cerdas ijabna, cerdas ngokolakeunana sangkan bisa ngungkulan dilema eta nu biasana nambahan lega tur jero.
 ***Mun boga pamajikan siga angelina jolie, beuh...papuket we siganamah pagawean teh. he..he..he..
****Sok we bayangkeun 7 tahun di Tibet, Kabur jadi Mexican jeung si pretty woman, baong nguseup A River Runs Through It! Dilelewa heroik jeung mijahna Tomb Raider, ampun centilna Neng Gia, beu amprok deuih Mr and Mrs Anderson…ah Beyond Borders!
Tapi tetep euy…Original Sin!
Desperado


Get your email and more, right on the new Yahoo.com __._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





YAHOO! GROUPS LINKS




__,_._,___

Reply via email to