Mang Oman oge baraya Kusnet sadayana...
Pakait sareng patarosan Uwa Apih oge postingan Mang Oman,
Dina mangsana HBH Kusnet engke, satadina mah bade ngayakeun 
Pasanggiri Pupuh tea keur barudak SD/SMP. Namung, nimbang-nimbang 
sagala rupina, janten eta acara teh dibedo-keun. Banting setir kana 
acara cadangan nyaeta bade masihan penghargaan keur seniman/
budayawan sunda buhun anu seueur jasana kana kasenian/budaya sunda.

Tah...Bilih aya baraya anu gaduh info atanapi referensi kinten2na
saha anu pantes / cocog dipasihan "Kusnet Award" mangga diantos 
pisan. Pami tiasa mah sareng data, alamatna lengkap. 
Punten we, rada miwarang. heu..heu..
Plis..

Sanes kitu ? (Bari ngareret ka Uwa Apih)


-dul-
tukangteuing



--- In urangsunda@yahoogroups.com, "oman abdurahman" <[EMAIL PROTECTED]> 
wrote:
>
> Haturan apih,
> Apa tos aya bukuna, seratan kang Ganjar Kurnnia (calon rektor 
Unpad tea)
> sareng Kang Arthur S. Nalan ti STSI, malah aya CD-na (CD seni ieu 
anu si
> kuring upami teu lepat nuju di tambut kua Ua Sas). 
Judulna:  "Deskripsi
> Kesenian Jawa Barat". Ti payun Kang Ganjar ngalangkungan ieu milis 
nawisan
> ka anu hoyong gaduh eta buku + cd kasenian Sunda kantun ngontak ka 
Unpad
> (neng Siti atanapi teh Ane di Unpad tiasa ngabantosan).
> 
> Tina daftar eusi eta buku, aya 34 jenis kelompok kasenian Sunda, 
ti mimiti
> seni musik, tari, drama/pertunjukan, wayang, jst. Tina anu 34 teh, 
langkung
> ti satengahna sigana kaasup tos langka. Geura wae sajabi anu 
ditataan ku
> apih:
> 1. Burokan
> 2. Bengberokan
> 3. Kuda Renggong
> 4. Surak Ibra
> 5. Memeniran (Badawang)
> 6. Goong Renteng
> 7. Tarawangsa
> 8. Terbang Buhun
> 9. Gamelan Sakati
> 10. Sintren
> 12. Topeng Cirebon
> 13. Wayang Cepak
> 14. Wayang Kulit Indramayu
> 15. Wayang Kulit Bekasi
> 16. Topeng Banjet Karawang
> 17. Uyeg
> 18. Ronggeng Gunung
> 19. Pantun Sunda
> 
> Cekap sakitu wae. Nu sanesna mah kaetang masih mindeng 
kapintonkeun.
> Salengkepna, mangga tiasa nyuhunkeun eta buku + cd-na, haratis.
> 
> baktos,
> manAR
> 
> 
> On 8/15/06, Siddik Wiradireja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> >
> >  Cing para wargi....pangnambihankeun upami aya anu kalangkung,
> > pangngirangankeun upami masih keneh seueur/sering manggung..
> > Seni-seni/budaya Sunda anu tos langka, tiasa oge disebat anu tos 
ampir teu
> > aya dikieuna ;
> > 1. Beluk
> > 2. Wayang Beber
> > 3. Pantun
> > 4. Wayang Catur
> > 5. Longser
> > 6. Laes/lais
> > 7. Benjang
> > 8. Gondang
> >
> > naon deuinya....??
> >
> > ssw
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> > http://cikundul3.multiply.com
> > *Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda*
> > *Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda*
> > 
> >
>






Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke