- No Smoke
- No Drinks
- No Promiscuous Sex
                     (Straight Edge)

Mun ngadenge kecap "PUNK" pasti anu kabayang teh barudak barangasan,
dangdanan siga jurig jarian, buuk siga jawer hayam jago, awak pinuh ku
tato, anting reumbeuy, wah pokonamah lain manusa we lah.

Enya, bener, heueuh, teu salah, memang, memang loba barudak ngora anu
salah nafsirkeun sumanget PUNK.

PUNK teh sabenerna mah sumanget ngontrol diri sorangan (Be your self)
jeung Anti kemapanan.
Ngontrol diri sorangan hartina teu gampang kapangaruhan ku lingkungan.
Lingkungan ieu dina harti lega, bisa pangaruh babaturan, pangaruh
'tren', pangaruh tradisi anu teu hade, jsb.
Anti kemapanan hartina nolak sagala hal anu jadi 'geus umumna kitu'
(status quo), tapi anu ngarugikeun.

PUNK teh sumanget ngalawan, ngalawan ka teu adilan, ngalawan
penindasan, ngalawan hal-hal anu ngarugikeun jalma loba.

Sumanget ieu teh ku barudak PUNK sok disimbolkeun ku penampilan anu
teu nurut kana mode anu keur tren.

Ngan didieu meureun salah na teh. Barudak sejen anu teu nyaho jiwa
jeung pilosofi PUNK, ngan saukur ningali luarna hungkul. Tungtungna di
turutan, malah nyarieun modifikasi sorangan. Beuki kadieu beuki jauh
tina sumanget PUNK anu sabenerna.

Barudak ngora mah komo, masih keneh gampang kapangaruhan, getas
harupateun. Kahayangna teh hura-hura wae teu mikirkeun poe isuk.
Kabeneran ningali komunitas PUNK anu ceuk paningali manehna mah liar,
teu taat aturan, jeung barangasan.

Atuh asa mobok manggih gorowong, aya cukang komo meuntas. Maranehna
gabung di komunitas eta, ngan hanjakal salah nerapkeun. Maranehna asa
bebas mabok, make narkoba, ngalakukeun tindak kekerasan, jsb.

Padahalma PUNK teh lain kitu.


Straight Edge.

Sabab ningali yen barudak PUNK loba nu geus kaluar jalur, barudak PUNK
anu sabenerna, anu ngarti kana jiwa jeung pilosofi PUNK, boga kumpulan
sorangan, "Straight Edge PUNK" disimbolkeun ku "sXe".

Salah sahiji paham anu dianut ku barudak sXe nyaeta:

- No Smoke
- No Drink
- No Promiscuous Sex

Teu ngaroko, teu mabok (kaasup narkoba), teu ngalakukeun sex bebas.

Malahan mah aya deui anu nepi ka tahap Vegetarian. Teu ngadahar
sasatoan.(Kawas biksu wae he..he..he..)

Barudak sXe masih keneh budak PUNK, tapi lain PUNK kulitna hungkul.Anu
siga jurig jarian. Malah barudak sXe mah teu beda jeung urang-urang.
Dangdanan biasa, kumaha umumna.

Bisa kanyahoan teh lamun geus ngobrol ngomongkeun kahirupan. Ku urang
bisa karasa sumanget, pamadegan jeung tekadna anu kuat. Ngeunaan
kondisi hukum anu amburadul, kajahatan, penindasan, jurang antara nu
beunghar jeung nu miskin,jsb.

Malah sabagean mah aktif dina lembaga-lembaga sosial anu ngabelaan
jeung nulungan jalma nu katalangsara, atawa merjoangkeun hak-hak
kamanusaan.

Jadi lamun baraya panggih jeung budak nu siga jurig jarian
he..he..he.. komo lamun barangasan mah.
Eta mah lain budak PUNK anu sabenerna tapi PUNK kajajaden.

Kitu tah baraya.
Mugia aya mangpaatna.

***Hirup teh lain saayeunaeun, aya poe isuk. Malahan mah aya Isukna
isuk, nyatana aherat tea. Hudang jang......


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke