Nuhun MJ,rada enyay-enyayan meueusan ayeuna mah. Eta pelebah nyalin injil ka basa Sunda...bisa jadi! Sajalan jeung tulisan "sejarah Alkitab di Indonesia". Dina eta tulisan, perjanjian baru disalin ka basa Sunda tahun 1877 jeung alkitab lengkap taun 1891 nu para tokohna:  I . Esser, G. J. Grashuis, Rd. Bratanegara, Sierk Coolsma, Rd. Gandakusumah, Mas Martodireja, Mas Muhammad Tais, Titus (copy paste...hehe kawas Perda ceuk urang NU mah).
http://www.sabda.org/sejarah/artikel/alkitab_dalam_bahasa_daerah.htm
 
Jeung anu matak jadi tanda tanya oge? Enya naha nya? Cenah bangsa Sunda teh hiji bangsa nu paling gede jumlah jelemana didunya ieu nu hese dibawa ka jalan maranehna. Hartina bangsa Sunda teh bangsa nu paling hese ditewak jeung diangon jadi kukutan maranehna...hehe, meureun! Bangsa Sunda jadi PR gede keur maranehna tepi ka ayeuna! Aheng (aos: unik) oge nya bangsa US teh....
 
Enya...sayah sok ngalamun teu puguh teuing rada uget! Sakapeung rajeun, "enya naha nya" ieu ngaladog kamana-mendi...naha dulur urang wetan mah leuwih loba, sedengkeun pan lamun urang "ngadefinisikeun dijajah" ku dulur urang anu turunan Mur Jangkung(aos: Jan PieterZoon Coen), nu panglilana teh daerah tatar  Sunda jeung jadi pusatna deuih!
  
Meunang jawabanna tina seratan alm Mang Ayat, Mang Edi sareng nu senesna, nu saurna sanajan sawareh raja-raja nagara umumna ngagem hindu, budha aliran itu-ieu, ari rahayatna mah lolobana percaya sanghyang tunggal tea...keur sasayaheun mah kaharti! Tapi masih loba "enya naha nya" bisa kitu nu lainna oge. Malah geunig aya buku leweuh "edan" deui tulisan urang osratrali nu judulna "Fatimah in West Java" mun teu lepat mah, nu nerangkeun eusi hiji tulisan buhun Sunda teh islami pisan singket na mah.
 
Anyar-anyar ieu maca buku Kang Tjetje "Setengah Abad Perlawanan", saurna US mah urang huma, ingon-ingonna oge hayam. Hayam mun diparaban, sok silih pacok, silih bintih...jeung sasamana. Antukna hakaneun dianteup...dilebok ku nu lain, sedengkeun batur mah nu tradisina nyawah...ingon-ingonna mere(itik), lamun dibere nyatu atawa diparaban meri mah anteng nyatu tara silih pacok jeung silih lodok jeung sasamana...meri! Kumaha mun parabna meunang maling? Enya teuing...atuh, tanyakeun we ka meri! Aya deui sifat meri mah mun digiringkeun....langsung baris, beda jeung hayam!  
 
Meri naon nu geulis?
Meriam Bellina....

 
Porenges nu rada uget
 
mj <[EMAIL PROTECTED]> wrot

kang Miki aya di bandung deui. kamari pendak. ngaring di Cupumanik (oge
kantor pusat studi sunda), taman kliningan II no. 5. aya di ua sas, kang
Irfan Anshori, teras sumping kang Undang Darsa, ahli filologi generasi
penerus Prof. Edi S Ekadjati, oge Ibu Rohaliah, dosen UPI oge ahli
filologi.

kabeneran pamedal Epigram masihan hiji novel eta pikeun tanda mata wireh
kang Miki masihan endorsement tea, nya disanggakeun harita.

biasa we, ari pendak kang Miki teh sok ditanggap perkawis sajarah tulisan
Sunda-utamana mangsa kolonial. rame oge.


diantawisna, Miki-san ngadongeng yen baheula, jaman walanda bade
mraktekeun politik balas budi tea, ku cara nyieun sakolaan, di hindia
walanda utamana pulo jawa kungsi dibadantenkeun aksara mana nu rek dipake
pikeun buku2.

harita di urang aksara latin can dipikawanoh cenah. nu aya oge dipake teh
arab pegon tea, arab tapi basa malayu atawa sunda jawa, aksara arab nu
ditambahan ku ng, c, jeung sajabana. hurup jawa hanacaraka, antukna
dipake, samemeh latin. hurup arab sanajan geus dipake ku pribumi utamana
kalangan pasantren, malah ditolak, sabab tangtu pakait jeung islam, agama
nu bisa jadi bakal ngahalangan usaha kolonialisasi walanda. da beh dieu
kabuktikeun, nu memberontak atawa nu berjoang teh seueur ti kalanagan
pasantren/ulama, ajengan, kyai.

sing horeng di kalangan kolonial teh aya tilu kubu, misionaris zending,
elmuwan, jeung amtenaar. pamanggih Miki mah, nu pang mihakna ka pribumi ti
pihak zending, apal yen basa arab pegon nu diparake ku urang, manehna
ngusulkeun eta, tapi ditolak ku amtenar jeung elmuwan, alatan politik tea.
ari pihak zending mah basa arab teh teu jadi hahalangan pikeun usahana,
malah nerjemahkeun injil make basa arab pegon dina basa sunda. haha.

tah jaman ieu pisan cenah aksara hanacaraka dikenalkeun ka urang sunda
umum/sakola salaku aksara sunda, tug nepi ka kamari. keur mah para gegeden
harita nyarita basa jawa dan jadi bawahan mataram tea.

beh dieu, buku2 make aksara latin ku alatan efisien. sabab mahal oge cenah
hiji buku palajaran eusina sabahasa tapi dua aksara. jawa jeung latin.
pikeun inohong urang sunda mah, dipakena latin teh malah ngarasa kaangkat,
sabab mun nulis dina aksara eta, batur bisa maca.

betah keneh sabenerna mah ngan jam 1 kudu ka kelas, jadi jam 12an kuring
ka pangulinan.

mj

http://geocities.com/mangjamal






Talk is cheap. Use Yahoo! Messenger to make PC-to-Phone calls. Great rates starting at 1ยข/min. __._,_.___

Komunitas Urang Sunda -->
http://www.Urang-Sunda.or.id





YAHOO! GROUPS LINKS




__,_._,___

Kirim email ke