On 8/30/06, MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
cik-cik, saha nami uyut di karangwareng teh sareng
daptar cvna. Soalna tina daptar cv tiasa kanyahoan
runtuyan dulur-dulur sanesna. Kuring oge baheula (
nepi ka taun 1990 an) masih sok ka Karangasem, aya pun
nini (istrina pun aki) ti pun bapa, namina teh nyaeta
Sukarmi, ari kuring mah sok nyebat "Mimi Ukar". Mimi
Ukar ieu teh istrina pun Aki, indung terena pun bapa.
tapi kanyaahna ka pun bapa sareng ka incu-incuna teh
mani jiga ka incu sorangan. Sa karangasem mah asana
teh ampir sadaya (utamana para sepuhna), kenal, da pun
Nini teh cenah mah anakna pa kuwu jaman baheula
walanda. Pun aki damel di pabrik Gula Karangsuwung,
tilar dunya taun 1942.
kitu tah ceuk dongeng pun biang ka kuring.
baktos,
mrachmatrawyani
--- mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> ti cirebon ka ciledug teh ngalangkung sababaraha
> lembur, mengkol di buntet
> asana mah. aya pabrik gula di mana tah, aduh he love
> deui, sindanglaut
> kitu. terus karang sembung, karangwareng,
> pabuaran...terus ciledug.
>
> beus nepi ka karang wareng, kuring turun. nepi ka
> bumi uyut. nganjang atawa
> ngalongok ibuna nini teh keur sma kelas tilu mah
> mindeng, keur meumeujeuhna
> resep ulin-oge sadar anjeuna pisan hiji2na luluhur
> kuring nu rada jauh,
> uyut, ibuna nini.
>
> ari tepang sareng uyut, upacara heula, nyaeta
> pancakaki-nerangkeun saha si
> kuring, pernah naon ka anjeuna, da uyut teh tos rada
> peak on. harilapeun
> deui, boro2 uyutna, incuna oge tos hilapeun. yuswana
> saratus langkung.
> ayeuna mah geus teu aya dikieuna. nini oge duanana
> tos teu aya. cirebon
> karangwareng ayeuna ngan ukur jadi panineungan. aya
> keneh dulur sauyut di
> dinya teh. tapi hirup geus sewang2an, jadi harese
> pisan panggih padahal
> masih dulur sabrayna.
>
>
> On 8/29/06, maman durahman <[EMAIL PROTECTED]>
> wrote:
> >
> > cirebonna beulah endi, kang? Nepangkeun oge,
> durahman, sami kawit ti
> > cirebon. Ari kuringmah cirebon-na di ciledug.
> Tapel wates pisan jawa
> > barat-jawa tengah.
> >
> >
> > --
> > geocities.com/mangjamal
>
__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/
--
geocities.com/mangjamal __._,_.___
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
| Culture change | Corporate culture | Cell culture |
| Organization culture | Tissue culture |
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.
__,_._,___

