Wa'alaikumsalaam w. w.

Kuring mah ngan bisa sasadu we, pedah samemehna jangji rek ngusahakeun datang (katut niatna). Tapi, dalah dikumaha, hanjakal henteu pareng. Bisa eta ge ari rek maksakeun mah, tap kuriak dibaeudan ku si mamih atuh uing teh. Kieu atuh da ari nasib jadi "salaki minggon" mah, pokona mah saptu minggu teu bisa ditinggalkeun, iwal mun aya urusan dines. Tah, keur mah minggu kamarina jadwal minggon teh kacoceng ku dines ka Jogja, atuh piraku minggu ieu dicoceng deui mah...
Tadina mah kapikiran, rek diringkid sakalian jeung si Bagja, tapi teu wasa ah ari kudu kana beus mah. Rek mawa mobil... mobil saha atuh? Heuheu...

Intina mah, porgipmeh we lah...

kdr

On 04/09/06, ndoell <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

Assalamualaikum Warohmatullohi Wabarokatuh..

Baraya Kusnet sadaya,
Acara Kopdar anu diayakeun dina dinten minggu, ping 3 September 2006
di bumina Téh Imas, Jl. Langsat - Mayéstik, Keb.Baru Jakarta
Alhamdulillah parantos kalaksana kalayan teu aya rintangan naon-naon.

Sababaraha anu satadina parantos sanggem bade dongkap
rupina "kaleresan" aya hal anu teu tiasa dikantunkeun. Atuh mugi-
mugi dina kempelan nu badé dongkap tiasa ngaluuhan.

Kagiatan / Acara : ------------------------------------------------
- Silaturahmi sareng sosonoan;
- Ngabahas perkawis Halal Bihalal;

__._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Culture change Corporate culture Cell culture
Organization culture Tissue culture


YAHOO! GROUPS LINKS




__,_._,___

Reply via email to