leres ieu bukaan teh,MJ...ngeunaan Jati sareng Junti...

boh kana syareatna...tatangkalanana...
oge kana rarapan kaayaan eksistensi komunitas sunda...
salaku Jati na...tos mulai kasilih ku Junti...

oge tiasa dirarapkeun kana diri urang...

mangga ah......cag!!!!!!!


hatur salam


JA.





mj wrote:

> Jati kasilih ku junti
>
> Kuring ngararampa harti eta ti beh ditu mula. Ti sabot wawuh jeung Wida nu
> harita pupuhu Damas. Cing pangmenerkeun.
>
> Sigana junti teh sarupaning tanaman liar (urang biologi apal pasti
> istilahna) nu jadi parasit kana tangkal jati. Apal aya ngaran junti teh,
> di Cirebon Kaler (duka geus asup Indramayu), ngaran tempat, Junti Nyuat.
> Junti nu cucukan sigana mah. Nyuat teh nojos saeutik. Kasuat, katojos ku
> barang leutik seukeut siga jarum leutik. Ari kasuat-suat mah kiasan, rasa
> hate nu teu pati sugema, alatan kaingetan ku hiji perkara kana pangalaman
> nu teu ngeunah. Contona, pangalaman peurihna hate diputuskeun atawa
> ditolak cinta ku pujaan hate mah, sok karasa deui atawa inget deui mun
> ngadangu hiji lagu nu basa ditolak harita keur usum, atawa jadi musik
> latar basa kajadian ditolak.
>
> Balik deui ka jati ka silih ku junti. Kasilih teh meureun kasisihkeun,
> atawa si tangkal jati teh eleh, awakna ngaleutikan atawa gering alatan
> hirupna heurin ku junti nu ngagimbung sapinuh tangkal jati.
>
> Dilarapkeun ka urang, nya meureun urang sunda nu caricing di lembur
> sorangan-jawa barat banten- bandung khususna, kasisihkeun ku batur nu
> ngalumbara di lembur urang sunda. Kasisihkeunana nya bisa dina mangrupa
> perkara. Siga soal sakola di unpad nu cenah us na ngan ukur 30%, duka tah
> itb atawa ipb atawa ui (ari depok teh masih jabar, lin?) dprd jabar nu
> kamari, nu cenah 70% seler sejen. Ekonomi industri komo geus lila ge
> kasisihkeun-dina harti teu jadi lalakon, ngan ukur pagawe atawa panongton
> jeung konsumen.
>
> Soal itebeh nu kuring kungsi apal, cenah jaman harita- aya program
> pemerataan msiswa. Sabisa-bisa msiswa itb teh ti unggal wewengkon
> nusantara. Pastina udagan teh sangkan unggal wewengkon nusantara kabawa
> maju. Tapi da teu kitu. Sarjana anyar, nareangan gawe di kota, atawa di
> industri-siga tambang- nu tempatna teu di unggal wewengkon nusantara.
> Sanajan kitu, msiswa itb jeung unpad ge meureun, dina statistikna mah,
> lolobana urang jawa barat, sanajan tangtu us na ngan sakitu persen.
> Barudak nu sakola di SMA 3 atawa 5 oge 8 di bdg, SMA top di bdg, teu kabeh
> barudak sunda.
>
> Tarekah sangkan jati teu kasilih ku junti palebah atikan, nya kudu
> ngalusan kualitas atikan SMA di unggal lembur tatar sunda. Da asup ptn top
> teh loba saingan- ti sakuliah nagara, jadi kudu pinter pisan. Tapi ari
> kuring baheula bisa asup seni rupa itebe nepi ka dua kali mah lain kuring
> nu pinter, tapi sigana itebe na we keur apes, kacolongan, meureun. Kitu
> deui si andiw tukang kaos. Haha.
>
> Unpad
> Kuring kungsi milu ngariung maturan dunungan basa aya kumpul2 alumnus
> damas. Aya ibu2 nu nyarios yen harita, 1957, tokoh2 sunda menta ka pusat
> sangkan ngadegkeun kampus di bandung pikeun barudak sunda. Sabab harita
> mun rek kuliah, mun teu ka itb-nu cenah pikeun barudak sanusantara, nya
> kudu ka yogya atawa jakarta. tapi ceuk beja kamari, msiswa unpad, us na
> ngan 30%. naha ieu tanda barudak us barodo, atawa unpad lain kampus udagan
> barudak us-lolobana milih kampus sejen. sigana lain pedah barudak us
> barodo. dina enyana ge teu kabeh.
>
> Kualitas & Mental
> Falsafah hirup Urang Sunda –siga someah hade ka semah, jeung sumuhun
> dawuh- sok dituding jadi biang kerok atawa alasan urang sunda kasisihkeun
> ku nu daratang ka tatar sunda. Ayeuna cenah us teu punjul dina sagala
> rupa. Ajip Rosidi nyarita US masih punjul dina widang hiburan, siga Oma
> Irama. Sanajan teu pati kaciri sundana, beda jeung Rikeu Diah Oneng
> Pitaloka atawa aming extravaganza nu dina nyarita sok dicampur basa Sunda.
>
> Sabenerna ari euweuh teuing mah henteu nepi. Pastina aya US dina sagala
> widang. Ti gubernur bank indonesia, burhanuddin abdullah, di pulisi aya
> makbul padmanagara jeung nu sejena, di tangtara aya Endang Suwarya oge
> Iwan Sulanjana-duka dimana ayeuna dinesna sangges jadi pangdam siliwangi.
> Dina pulitik aya keneh tokoh urut orde baru, ginandjar kartasasmita, nu
> ayeuna pupuhu PPD atawa DPD di Parlemen, jeung sajabana.
> Ngan meureun dina urusan jumlah, kuantitas, masih kaitung saeutik.
>
> mj
>
> http://geocities.com/mangjamal <http://geocities.com/mangjamal>
>
>  


-- 




Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke