hehehe...
ieu mah sanes jangjawokan, jampe2 atanapi anu sa "cs" na, kang...
sareng ulah dicampuran maca jangjawokan pami tos sholat tahajud,
tapi ieu mah sakali deui sanes...sanes kitu nya kang yuliadi?...
justru ieu mah hasil tina leunyeupan atanapi bukaan diri ti anu
"sholat" atanapi ibadahna sareng prak2anana sae...

pami kuurang dianggo jajampean...bade surelek ieu, atanapi bade
anu tina bahasa arab,ibrani,jerman,china,inggris,jrrd engke bakal
didongkapan ku uka-uka...
mangkade *bilih* bengkok sineumbah...da *bilih* urang janten
"muntang" oge "ngandelkeun" eta lafad...sanes ka ANU gaduh lafad, sanaos
aya kasebat sebit namiNA...tapi dasar rojongan maos lafadna..."mun 
macakeun eta
bakal kitu kieu..."
bakal jauh kana dirina kitu mah...teu afal diri mah...bakal teu apal 
kumaha mulih...
bakal sesah mulih...
beut rahwana oge apal geuning rek mulih teh...
nyaeta anjeuna menta hampura heula ka banondari samemeh pinasti
...ambeh hampang mulihna...

ari surelek kieu mah katingalna ku abdi mah jero....sae...
sidik anu tiasa merangan syetan anu ngancik dina
diri anjeuna...anu disebat2 perang pang akbar-akbarna...
anu antugna tiasa mendakan "diri nu sajatina", tiasa dugi ka jati na...
ntos jati na anu ngadeug mah...insya Allah moal ka silih ku junti...
insya Allah bakal mulih ka Jati....mulang ka Asal...
jeung maotna ge moal katungkul ku pati...pati teu nyaho di mangsa...
tapi anu kieu mah....hirupna katungkul ku hurip...

aduh janten ngacapruk deui....punten ah...nambihan wungkul....

hatur nuhun...


hatur salam,

JA.



Yuliadi wrote:

> hihihi punten ah....ari kuring maos anu model kieu teh emut keur 
> diajar ngelmu....enya sih hasilna jang nulungan tapi bisa oge dipake 
> jahat.
> sok cobian siangna puasaan, wengi tahajud saatosna maca ayat kursi 
> 21x4mata angin.....21 poe, engke bakalan aya nu harewos 
> bojong......hayang naon sia?
> tah surelek anu dihandap jiga kieu anu justru........matak rieur
>
>     -----Original Message-----
>     *From:* :: boedax angon :: [mailto:[EMAIL PROTECTED]
>     *Sent:* Thursday, September 14, 2006 8:08 AM
>     *To:* [EMAIL PROTECTED]; urangsunda@yahoogroups.com;
>     [EMAIL PROTECTED]; kisunda@yahoogroups.com
>     *Subject:* [Urang Sunda] (unknown)
>
>     *Pepeling Hyang Niskala*
>     * *
>     /Ieu Darma Pamulih Hyang Niskala/
>     /Ku aci darma pamulih/
>     /Ku aci nulsya sakti/
>     /Ku aci nusya larang/
>     /Ngageugeuh nusya seda/
>     /Ngageugeuh nusya sakti/
>     /Ngageugeuh nusya larang/
>     / /
>     /Aci putih herang jati/
>     /Di jero ning jembawasa salira/
>     /Salawasna dimanikan/
>     /Mangka datang ka bulanna/
>     /Mukakeun kowari manik/
>     / /
>     /Sawetuna ti tan hana/
>     /Salawasna dimanikeun/
>     /Mangkana nepi ka mangkana/
>     /Dongkap ka mangsa/
>     /Pulang deui ka tunana/
>     / /
>     /Bayu tan metu/
>     /Sabda tan muwah/
>     /Hedap tan ngaruan/
>     /Kurungan tan keneng tumuwuh/
>      
>      
>     *Sampurasun*
>      
>     Kokorehan neangan buku heubeul ngeunaan jadi diri, singhoreng aya
>     keneh buku heubeul na teh.
>      
>     Ayana wujud jalma nyaeta:
>
>        1. Diturunkeun ROH ti Gusti ka Nabi Adam
>        2. Ayana ROH bisa aya dinu diantara :
>
>     -         2 sapta pangdangu
>     -         2 sapta paninggal
>     -         2 sapta pangambeu
>     -         1 sapta pangucap
>     -         2 sapta pamiceun
>     -         1 sapta pusereun agung
>
>        3. Ragana dijieun tinu :
>
>     -         Cai paling bersih
>     -         Taneuh paling bersih
>     -         Seuneu paling bersih
>     Datangna SIR ti bapak anu BODAS nyaeta tulang jeung Sum-sum
>                      SIR ti indung anu Beureum nyaeta Getih, Daging
>     oge Kulit.
>      
>     Jadi jalma kudu suci, sabar, eling aya dina ikhlasan sabab:
>
>        1. ayana sumpah samemeh dijieun jeuleuma nyaeta, Kaula nyaksian
>           hirup-hirup nyaksian teugeus kaula anu hirup nyaksian jeung
>           nyata, sumpah kaula anu hirup disaksian ku hirup. Keucapkeun
>           ku ati nu suci, sabar jeung eling adeugkeun ku ka Ikhlasan.
>           Lamun nya anjeunna jadi Manusa, ieu pagawean manusa,
>           keucapkeun sumpah ka Alloh wujud hirup  moal bengkok
>           sineumbah. Malah hirup saumpama bengkok sineumbah kana
>           hirup, hak nyeumbah kaula menta jadi sato anu teu manfaat
>           dahar ku manusa. Hirup nyaksian nu hirup di saksian sakumaha
>           anu geus dirag-ragkeun cara pangawasa manusa "Kaula Sanggup
>           Ngajalankeun".
>        2. Singsaha jeuluema anu geus kenal kana dirina tangtu nyaho ka
>           nu nyiuen/nunyiptakuenna. Jeung sing saha anu nyaho kana anu
>           nyieuna tangtu nyaho kana dirina (Syahadat).
>        3. Lamun jeuleuma ngahina ka sasama sarua jeung ngahina kanu
>           nyiptakuenana. Lamun ngahina ka Indung Bapa, sarua jeung
>           ngahina kanu diri sorangan. Soalna Gusti alloh ayana di hate
>           manusa sewang-sewang.
>        4. Jadi jeuleuma ulah adigung, sabab pinteur jeung bodo teu
>           ngabogaan, soalna Gusti Alloh moal ngarobah tingkah laku
>           Manusa iwal ti Manusa eta sorangan (Tingkah lakuna). Kumargi
>           kitu keudah jadi jeuleuma WISESA (diri jeuleuma anu geus
>           bisa mawa dirina)
>        5. Syahadat Manusa, jleug Langit, jleug Bumi, Jleug Manusa -
>           Sajatining Manusa anu sajatina.
>
>      
>     /"Seja mapagkeun diri, ku teutep anu geuget ku raray hegar
>     marahmay sangkan diri miboga kaluhungan elmu kajembaran manah anu
>     geus ngancik kiwari"/
>      
>     *Tabe Pun*
>     * *
>     *Pun Yayan*
>      
>     www.geocities.com/serentaunsindangbarang
>     <http://www.geocities.com/serentaunsindangbarang>
>     www.serentaunsbr.multiply.com
>     www.nyundaan.blogspot.com
>     www.geocities.com/jajaka_subang
>      
>
>     ------------------------------------------------------------------------
>     Copy addresses and emails from any email account to Yahoo! Mail -
>     quick, easy and free. Do it now...
>     
> <http://us.rd.yahoo.com/mail/uk/taglines/default/trueswitch/*http://uk.docs.yahoo.com/trueswitch2.html>
>
>
>  


-- 





Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke