Teuing ah, perkara Jumaahan téh asup kana bagbagan Sunda-kasundaan atawa henteu. Ngan kuring mah rek miluan nyawalkeun perkara Jumaahan. Di masjid UI, saméméh khutbah, sok aya béwara anu unina kira-kira kieu: "Handphone tolong dimatikan untuk menjaga kesyahduan suasana ritual khutbah dan shalat Jumat". Asana pas pisan éta eusi béwara téh maké kecap "syahdu", anu jauh ti bancang pakewuh. Tangtuna ogé lain jamaah oge anu kudu ngajaga "kesyahduan" téh, tapi khotib ogé.

Ceuk kuring mah eusi khutbah téh ulah déngdék ka kénca atawa ka katuhu, tapi kudu siger tengah. Jeung teu kudu nyabit-nyabit tokoh sagala rupa, komo anu loba balad jeung musuhna mah, atawa ngomongkeun pulitik, atawa naon baé anu lain kaahlianana. Tapi, nya kitu, teu saeutik khotib anu kitu téh. Antukna jamaah haténa teu bisa "syahdu", némpas teu wani sabab sieun batal téa, tapi kana eusi khutbah teu satuju. Jadi, ceuk kuring mah, eusi khutbah téh cukup ku mere pépéling ngeunaan aqidah, fiqih, tauhid, jeung lianna anu sarupa kitu.

Teuing lamun aya khotib nu ngarasa ieu aing pédah bisa biantara di hareupeun jalma réa, tuluy jadi poho kana kamampuh diri, ulah mikir "nu penting mah capétang".

Teuing ah,

AJ
yudi_irmawan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Biasa, ari masalah nu kieu mah rame... jadi hayang miluan aaah

Satuju pisan Mang J... Mung aya nu kedah dijelaskeun heula, naon
maksadna "Sunda jeung Kasundaan" teh? Jeung naon watesanana?

Lamun misalna Kang Durahman hayang urang "Sunda" jadi jelma nu kritis
enyaan lain kikiritisan eta kalebet henteu kana SUnda jeung kasundaan?

Contona kieu, nu katangkep kamari teh Kang Dur masalahkeun kunaon
kritis teh ka kasundaan atawa ka agama (sabagean besar) urang Sunda?
Ngarah aman sabab misalna aya nu nyarekan bisa malikeun: "ah pan urang
ge urang Sunda". Ceuk pamaggih abdi mah asana mah kritis model kieu
teh lain kritis enyaan.

Conto kaduana, geus kabiasaan di urang (Endonesiah kitu?) mun aya
padungdeng teh sok kadang-kadang kaditu kadieu. SIga kamari, Gus Dur
teh "diingetkeun" atawa "diomongkeun" dina khutbah. Seug nu rame teh
jadi "naha di khutbah kalah ngomongkeun batur?". Khotibna ceunah geus
menta dihampura, manehna meureun ngarasa salah cara "ngingetkeunnana".
(Sanajan kuring mah teu ngarasa cara eta salah2 teuing da Gus Dur teh
inohong laias Public Figure nu kudu siap "diomongkeun" ku saha bae
iraha bae. Keun bae da khotibna oge geus menta dihampura)

Ngan nu jadi leungit tina bahasan teh naha enya nu disampekeun ku eta
khotib ngeunaan Gus Dur teh bener atawa henteu? Informasi (Materi
khutbahna) teh jadi kasilep ku riributan CARA. Padahal ceuk kuring mah
informasi ieu oge teu eleh penting. Penting ngarah urang (Sunda?)
nyaho yen nu ngaku ulama teh lain ku pedah anak kyai jeung pedah ku
loba wadya baladna.

Tah nu kieu pembelajaran lain?

Sanes kitu Kang Dur, mun salah hampura jeung tong hilap dilereskeun ..

Baktos
Yudi

--- In [EMAIL PROTECTED]ups.com, mj <[EMAIL PROTECTED]..> wrote:
>
> perkawis postingan pastur ngan ukur neruskeun ti milis batur.
>
> TEU KUDU maksa posting hal2 nu teu pati patali jeung sunda
kasundaan. dina teu ayana kudu pisan gaduh eusi matak minterkeun,
ngaludeungkeun, nambah pangaweruh, jadi ngarti atawa sarupaning
pencerahan, kitu tah, meureun.
>
> sakitu
> kuncens #3



Do you Yahoo!?
Get on board. You're invited to try the new Yahoo! Mail. __._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Culture change Corporate culture Cell culture
Organization culture Tissue culture

Your email settings: Individual Email|Traditional
Change settings via the Web (Yahoo! ID required)
Change settings via email: Switch delivery to Daily Digest | Switch to Fully Featured
Visit Your Group | Yahoo! Groups Terms of Use | Unsubscribe

__,_._,___

Kirim email ke