Baraya,
Sok heureuy kuring jeung babaturan di tempat buburuh. anu kabeneran teh ampir sadayana alumni IPB--kaasup kuring oge kungsi ulin di ieu kampus--anu Doktor na oge pan balatak.
Naon anu kajadian akhir2 ieu di IPB teh hiji kaahengan. Malihan, Prof Satari, mantan Rektor IPB, sok manghanjelukeun ku IPB ayeuna. Anjeuna basa IPB dirugrugkeun dugi ka meryogikeun turun ka jalan, padahal anjeuna masih keneh salaku pupuhu Forum IPB.
Kajadian anu aheng teh mun dipedarkeun nyaeta:
1. IPB sok sanajan geus aya sagala fakultas teu hayangeun jadi univesitas. Universitas dina harti lain ngaran atawa label, tapi nunjukkeun hiji "penguasaan" (naon sundana, kang Kandar?) dina widang elmu anu geus  pada papada mupakat. Coba bayangkeun, elmu naon anu teu aya di IPB, sigana ngan hukum (maksud teh anu gelarna SH), jeung Seni. Kedokteran, MIPA (komo deui), Komputer, Statistik, Sosiologi, Komunikasi, Jurnalistik (cenah mah aya oge, ngan anyar), ekonomi (malah nu ieu aya Fak. Ekonomi dan Manajemen), Pesisir dan kelautan, jsb. Hartina, IPB geus leuwih ti cukup mun jadi universitas teh. IPB kudu sadar yen kalakuan kitu teh, geus nyieun kakacauan ontologis dina wangunan kaelmuan. Enya, kusabab IPB geus jadi trade mark, ceuk kuring mah, teu nanaon dan sok sanajan jadi univ oge moal ngajadikeun IPB lengiteun pasar (eh peminat).

2. Kalakuan pihak IPB akhir-akhir ieu, kuring sapuk jeung Prof Satari, memang beuki teu asup akal. Conto: Asrama EKALOKASARI dilikuidasi jadi Mall gede. Ti eta mall, IPB, bejana, ngan meunang Rp. 100 jt perbulan. Lain duit teu penting, tapi sistim anu dipakena anu matak heran. IPB make sistim anu pendek pisan. Ku naon teu ngagunakeun sistim ala tukang cukur urang Garut, misalna. Dina sistim tukang cukur urang garut, samemeh boga langgan,  biasana tukang cukurna teh digaji heula ku bosna salila sababaraha bulan. Ti dinya, mun katinggali geus aya langgan, biasana antara 3 tepi ka 6 bulan, gumantung tempat (jeung rejeki, tangtu), kakarek make sistim bagi hasil. Mun enya IPB make sistim sewa buled, wah eta nunjukkeun hal anu disatukangena leuwih gede, nyaeta aya jurang ( lack) antara tiori jeung praktek. Falsafah  ngaluarkeun modal saleutik2na supaya meunang hasil sagede-gdena, nyatana dina faktana mah teu bisa dipake, alias IPB beda teori jeung praktek!

3. Aya idiom anu geus kakocap ngenaan IPB, nyaeta: "IPB sagala elmu bisa, iwal elmu PERTANIAN!".  Sigana enya! sabab, mun dina masalah ieu, asa masih hebatan keneh alumni lain IPB, sok sanaja masih keneh kudu dibuktikeun. Tapi anu paling jelas, IPB, sacara umum, ampir teu bisa mere solusi anu pas, dina "menanggulangi" (naon sundana?) masalah klasik di Indonesia: Pertanian. Kahayang kuring mah, ieu nagri teh nandonkeun pulitik pangan tur pertaniana di IPB. tapi......

cag

baktos

tantan
(alumni IPB teuing angkatan sabara)

__._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Culture change Corporate culture Cell culture
Organization culture Tissue culture

Your email settings: Individual Email|Traditional
Change settings via the Web (Yahoo! ID required)
Change settings via email: Switch delivery to Daily Digest | Switch to Fully Featured
Visit Your Group | Yahoo! Groups Terms of Use | Unsubscribe

__,_._,___

Kirim email ke