kaabsen eung ... he .. he .. he ..
 
p yuli tanggal 29 september ieu mulang ka bandung, rengse sakolana, ngan cenah mah teu ka Itenas deui, tapi ka lab termodinamika ITB cenah, kabeneran jadi penitip barang kontainer nu di pingpin ku p yuli ...
 
kuring mah rumasa teu bisa nulis, nya saeutik-saeutik narjamahkeun ngeunaan Jepang dina wikipedia Basa Sunda, mangga kanu bade mantuan dihaturanan pisan (kitu pan nya kang kumingse ...)
 
sumanget digawe di pamarentahan di Jepang sigana aya tina sesa-sesa sumanget samurai baheula. keur jadi pagawe pamarentah di Jepang kacida hesena, sabab kitu nu jadi pagawe pamarentah rata-rata lulusan utama boh nu ti sma atawa paguron luhur. gajina ? he he he ... aya istilah nepi ka gaji ka 15 ...
 
sakalian mairan kang irpan ....
 
mun ngobrol basa, naha undak usuk basa teh feodal ? di jepang, basa lemes dipake keur ngahormat pelanggan, sakabeh pelayan atau nu ngajual jasa, salawasna make basa lemes. keur kuring sorangan, mun aya perlu sok menta make basa sapopoe, lain ku nanaon, loba teu ngartina ... he .. he ... ti nu ngora ka nu kolot oge make basa lemes, ti junior ka senior di mana-mana make basa lemes. hal ieu di jepang "dipertahankeun", malah mun mimiti digawe, salila kurang leuwih dua bulan .. diajar heula sopan santun (pra jabatan meureun mun pns di urang mah). jadi nu diutamakeun dina kahirupan teh meureun "etiket".
 
basa kuring ujian sim mobil, ceuk pulisina nu ngetes, teu lulus teh lain pedah kuring teu bisa nyupiran mobil, tapi kurang ngabogaan "etika nyupir", ieu cenah lolobana urang indonesia nu hese lulus teh. lain pedah urang make mobil bisa sangeunahna, tapi sabab urang make mobil, jadi kawajiban ngahormat kanu leumpang, kanu naek sapeda jeung kanu naek motor. sigana paribasa elmu pare teh geus dipake dina kahirupan sapopoe ..
 
cag ah bisi panjang teuing ...
 
budhi
kurono kopo 241
 
 
----- Original Message -----
From: mj
Sent: Friday, September 15, 2006 1:41 PM
Subject: [Urang Sunda] Re: Dongeng dari Jepang

di KUSnet aya kang Budhi, urang Ciamis kidul nuju s3 oge di jepang,
ngawulangna di Unsri Palembang.

Yuli Setyo indartono, mun ngaran eta ngan hiji, dosen teknik mesin
Itenas. memeh ka jepang manehna kepala perpustakaan oge. s1-s2 ti itb.

> ----
> Yuli Setyo Indartono. Mahasiswa S3 di Graduate School of Science and
> Technology, Kobe University, Japan. Peneliti Istecs dan Ketua
> Teknologi Energi INDENI www.indeni.org. E-mail: [EMAIL PROTECTED].
>
> sumber:
> http://www.beritaiptek.com/zberita-beritaiptek-2006-09-13-Dongeng-dari-Jepang.shtml
>
> --- End forwarded message ---
>
>
>
>
>
>
>
>
>
> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
>
> Yahoo! Groups Links
>
>
>
>
>
>
>
>
>
>

--
geocities.com/mangjamal

__._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Culture change Corporate culture Cell culture
Organization culture Tissue culture

Your email settings: Individual Email|Traditional
Change settings via the Web (Yahoo! ID required)
Change settings via email: Switch delivery to Daily Digest | Switch to Fully Featured
Visit Your Group | Yahoo! Groups Terms of Use | Unsubscribe

__,_._,___

Kirim email ke