Jujur, abdi Urang Sunda nu Ngadukung Ayana undak
usuk Basa. Meski aya sawatara Urang sunda bahkan
Budayawan anu "benci" kana Basa Lemes, sahingga
masihan advice yen teu nanaon ngangge basa kasar dina
forum formal ge,da ceunah Basa Sunda asli mah teu aya
undak usuk basa. 
     Memang leres yen undak usuk basa teh hasil tina
Feodalisme Sunda nu bersumber ti feodalisme Jawa.
Nanging,apakah ayeuna Undak usuk basa teh masih
dipergunakan secara "feodal"??? henteu Kan???
Undak usuk basa teh tos merakyat. Undak usuk basa
sanes mung diangge kanggo ngawangkong sareng Gegeden.
Tapi oge sareng sepuh/orang tua, sareng jalmi nu
enggal kenal, srrd.
      Ayeuna, undak usuk basa mangrupakeun hiji tawis
rasa hormat urang ka Seseorang. Najan ka tukang beca,
upami urang ngaraos hormat oge ngaraos karunya, payus
mun urang nyarios lemes ka inyana.
      Upami urang alim "munafek", sok teu nanaon urang
nyarios kasar ge ka batur upami urang alim ngahormat
ka jalmi eta. Ngan ilaharna, ari manusa mah resepna
teh silih hormat.
       Atuh ceunah Urang teh pan kudu menjaga Adat,
ari undak usuk basa mah sanes asli Sunda. Tapi, naha
sagala adat teh kudu dipertahankeun???? Tingali tuh
Bangsa Spanyol, Kapungkur aya Basa nu disebat Basa
Latin. Eta basa teh cikal bakal basa Spanyol ayeuna.
Kiwari basa eta teh tos ilang. Tapi henteu Sugan di
Spanyol aya gerakan kembali menggunakan Basa Latin. 
         Oge di Irak sareng Iran, Baheula na mah sanes
Berbahasa arab. Tapi berbahasa Mesopotamia dina huruf
paku tea,sanes huruf hijaiyah siga ayeuna. Tapi da
Henteu aya geuning gerakan kembali ka basa Mesopotamia
sareng ngagunakeun huruf paku.
          Tah kitu pamadegan simkuring. Hade budi hade
basa cenah mah. Memang, abdi ge ngamaklum ka Urang
Baduy nu berbahasa loma, da memang adatna kitu.
Ya, pokona mah BERBICARALAH "TEPAT" PADA ORANG YANG
"TEPAT" titik. he he he 

        

--- brad porenges <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Baheula boga buku "The stupid question and the funny
> answer", hanjakal aya nu nginjeum teu dipulangkeun
> deui euy!
>   
> 
> irpan rispandi <[EMAIL PROTECTED]> wrote: 
>   Cikan baraya anu sok make basa lemes.
> terlepas tina bener atawa henteuna basa lemes teh
> feodal, feodal teh munapek.
> 
> hayang ngadenge pendapatna.
> 
> wani teu ?
> wani teu ?
> wani teu ?
> 
> heeeeehhh cemeeennnn 
> (bari ngacungkeun jempol kahandap he..he..he...)
> 
> 
>   On 9/15/06, Yuliadi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:  
>       kompor, kompor!! hebring euy....
>   jigana kalobaan US make kompor batubara.
>   hese hurung mun hurung oge kudu make media
> lain....ari hebatna hese pareum.
>   hayo ngaku....
> 
>       -----Original Message-----
> From: irpan rispandi [mailto:[EMAIL PROTECTED]
> Sent: Friday, September 15, 2006 1:47 PM
> To: [email protected]
> Subject: Re: [Urang Sunda] tuang aing sareng tuang
> sia nuju leleson di gogobrog...(sinkretisme basa :D)
> 
> 
> Ngan (karek?) duaan anu nyanggut teh. he..he..he..
> nu lain kamarana?
> 
> tuh nya, jalma urang mah  resep jeung betah dina
> status quo. 
> kaayaan anu mapan anu geus lumangsung ti baheula.
> 
> naon salahna lamun urang nyoba hal anu "out of the
> box"? 
> masalah kadituna hade atawa goreng urang pan can
> bisa nangtukeun.
> 
> eta kahiji.
> 
> Anu kadua, 
> Pedah ningali Pangagung, teu jaman feodal teu jaman
> ayeuna.
> kabisana teh ngan manis dina biwir wae.
> lamun ngomong asa ngeunah kadengena lir ibarat angin
> surga. 
> 
> padahal anu sabenerna mah, laaah.....nya kitu tea.
> 
> eta kelas pangagung.
> kelas jalma biasa oge teu jauh. 
> conto: 
> Kulawarga beunghar jeung terpandang, lamun ngomong
> make bahasa lemeeees.
> tapi naha sawaktu bapana paeh, anak-anakna parasea
> marebutkeun warisan. Nepi ka silih cilakakeun
> sagala. 
> naon gunana ngomong lemes,ari hate goreng mah.
> 
> 
> Nu matak payus lamun Feodal mah beungeutna dua.
> 
> 
> ***Straight Edge (sXe)
> 
> On 9/15/06, kang boim <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Geus jang ah...., ulah sok su'udzon pamali....
> barina oge nu kieu mah ngaruksak..., puguh pan urang
> teh keur pada-pada diajar nyarita/nulis basa Sunda
> nu hade jeung bener.
> heup ah...tosng diteruskeun...!!! (anggue urang
> silih bejaan mana nu bener mana nu salah...)
> 
> cag...ah, nuhun.
> 
> "kkbm'69"
> -rek eksperimen mah di lab jang....!!! hehehehe
> 
>   On 9/15/06, kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:  
>     
>   On 15/09/06, irpan rispandi
> <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>     
>                 Dupi sia kamana wae, diantosan
> titatadi, nepika sim aing nyeri beuheung
> sosonggeteun. 
> Mangga dihaturanan ngalebok.
> teu kenging seueur protes siah, bilih ditampiling ku
> aing.
> 
> cikan saha nu wani nambahan ? :D
> 
> 
> 
> 
> 
> 
>     
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> Gampang nu kitu mah, Pan! Yeuh...
> 
> Ari sia tadi peuting kulem, teu? Eta panon ni
> sapertos siki saga... 
> 
> 
>                 (pasti moal daraek, da hayang
> katingali ku batur yen manehna teh nyaho
> unggah-ungguh (civilized))
> 
> 
> 
> 
> 
> 
>     
> 
> 
> 
> Ulah suudon, Pan. Ceuk saha nu make undak-usuk ukur
> hayang katangar boga adad? Mun hiji jalma geus biasa
> make undak-usuk, da lain salah manehna. Ulah kawas
> ngajarkeun make ramo ka jalma nu ti leuleutik dahar
> make sendok garpuh. Dahar make sendok garpuh ge lain
> ciri yen manehna boga adab. Kitu oge sabalikna, nu
> barang dahar make ramo ge lain jalma nu biadab. Eta
> mah ukur kabiasaan.
> 
> Ulah asa aing cacah asa aing jalma biasa, da eta mah
> lain pilihan urang... euy!! Heuheu
> 
> 
>                 ***Feodal mah kitu, beungeut
> nyanghareup ati mungkir.
> 
> 
> 
> 
> 
> 
>     
> 
> 
> Lain, euy. Naha bet wani nuduh adat feodal teh
> munapek? Ari ceuk kuring pribadi mah, feodal teh
> didasaran ku kumawula.
> 
> sikandar
> 
>   kumincir.blogspot.com
> 
>   
> 
> 
>   
> 
> 
> 
> 
> 
> 
>   
> 
> 
> 
>  
> 
>                       
> ---------------------------------
> Get your own web address for just $1.99/1st yr.
> We'll help. Yahoo! Small Business.


__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke