sababaraha bulan ka tukang, aya artikel dina kompas,
nu eusina ngeleketek kapanasaran kuring. naon nu matak
asa dieleketek teh, pedah eta artikel ngabahas program
nasional pikeun narjamahkeun UUD kana basa daerah.
nalika ditengetan, geuning tarjamahan kana basa Sunda
mah teu aya. 

rada goreng sangka harita teh, boa-boa memang urang
Sunda mah geus teu direken, teu dianggap penting ieuh
narjamahkeun kana basa Sunda mah. nalika meunang
serelek dina ieu jejer, tetela panyangka kuring teh
geuning nyalahan. sihoreng tarjamahan kana basa Sunda
mah geuning karek dipaju. 

salah sahiji tarekah keur mulasara basa Sunda, ceuk
pikiran kuring paling heunteu bisa dilakukeun ku dua
cara: kahiji, NYUNDAKEUN DUNYA, kucara narjamahkeun
pangaweruh naon wae kana basa Sunda; kaduana,
NGADUNYAKEUN SUNDA, kucara narjamahkeun literatur
Sunda kana basa dunya, kaasup basa Indonesia tangtuna
oge.

jigana ieu garapan teh bisa dilakukeun ku pribadi
atawa ku organisasi, kaasup ku baraya KUSNET. 

yu ah urang: NYUNDAKEUN DUNYA, NGADUNYAKEUN SUNDA.
hehehe.

salam,
mh

--- mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> eta tarjamahan teh masih draft- cenah hasil gawe
> bareng Mahkamah Konstitusi
> sareng Jurusan Bahasa & Sastra Sunda UPI. sigana
> tarjamahan eta kenging
> para dosen basa sunda. tapi masih aya nu kirang
> luyu, sigana alatan pilihan
> basa nya.  oge, eta, kamaheran mindahkeun ruh, lain
> perkata. biasana nu
> pinter teh sastrawan basa sunda heubeul. siga nu
> narjamhkeun carita Winnetou
> Karl May, eta mah cenah, lain mindahkeun basa, tapi
> mindahkeun rasa, janten
> karasa pisan alamna.
> 
> kanggo ngawadahan usul jsb, kamari Saptu,
> diseminarkeun di hotel Gumilang
> Sari Setiabudi-di UPI ka luhur sakedik. si kuring
> diondang, hanjakal teu
> tiasa ngiringan, pan nuju janten suami siaga tea.
> nganteur induk budak ka
> dokter kandungan.
> 
> ngadadak pisan ondanganana, dinten jumaah siang. mun
> ti beh ditu mah tiasa
> ngawahan.
> 
> Mudah2an we seminarna kenging hasil mucekil kanggo
> ngahadean eta terjemahan
> UUD 45 ka basa sunda.
> 


=====
Situs: http://www.urang-sunda.or.id/
[Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak]

__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke