Najan teu pati loba gaul jeung bangsa deungeun nu make basa Inggris, tapi ari ngadenge omonganana mah sok aya wae kaparengkeun. Lamun urang ngabanding2, basa Inggris teh bet teu sarua kabeh, masing2 boga dialek. Misalna bae basa Inggrisna urang Amerika, urang Ostralia, jeung urang Inggris (Eropah), dialekna (bener kitu istilahna "dialek"?) teh beda2. Lamun ngabandungan urang Ostrali nyarita, biasana tarang kuring sok ngadadak beberehilan (kerung maksudna mah, tara katewak kekecapanana, keur mah teu ngarti basa Inggris deuih, hihihih...), da urang Ostrali mah ngomongna sok ngosom. Eh, lain ngosom meureun, tapi kurang calangap: biwir teu pati obah, tapi letah murintil di jero (kawas nu kukulutus tapi disumputkeun). Tah, tina eta rupa2 dialek, kapan tetep eces, sakitu sumebar ka sakuliah dunya, ari tulisan basa Inggrisna (ejahan) mah angger. Bandingkeun jeung basa Sunda, anu wilayahna "ukur" satengah pulo Jawa, tapi dialekna rupa2 pisan...

Eh, hampura, bisi eusi ieu surelek teu sistimatis. Ma'lum bae, keur loba pigaweeun. Heuheu... (ongkoh loba pagawean, tapi ngadon manco wae hareupeun komputer).

--
sikandar
kumincir.blogspot.com
su.wikipedia.org __._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Culture change Corporate culture Cell culture
Organization culture Tissue culture

Your email settings: Individual Email|Traditional
Change settings via the Web (Yahoo! ID required)
Change settings via email: Switch delivery to Daily Digest | Switch to Fully Featured
Visit Your Group | Yahoo! Groups Terms of Use | Unsubscribe

__,_._,___

Kirim email ke