diantossss.......shhhh.....sssshhhh..

oman abdurahman wrote:

> Baraya,
>  
> Kaparengkeun aya waktu rada rineh, seja nepikeun peperinian "amanah" 
> para karuhun anu sae anu kacatet dina naskah kuno. Naon anu arek 
> ditepikeun ieu ngarupakeun seratan / kasauran yasana pangersa abah 
> Surya dina acara mieling milangkala kamerdikaan nagara urang, 
> Indonesia tea, di lingkungan Gubernuran. Tegesna, Abah Surya (HR 
> Hidayat Suryalaga) anu danget ieu nuju dirawat di salah sahiji rumah 
> sakit di Bandung (pamugi anjeunna masing enggal damang sabihara-bihari 
> deui), diulem ku pihak gubernuran kanggo ngadugikeun wejangan dina 
> maleman milangkala kamerdikaan RI tingkat gubernuran.
>  
> 1. Panganteur
>  
> (1)
> Ieu amdato - eh pidato - abah teh dijejeran "Amanah Karuhun Sunda 
> pikeun Ngeusian Kamerdekaan Bangsa". Eusina ngarupakeun cutatan jeung 
> pedaranana anu pakait tina amanah-amanah sababaraha karuhun Sunda anu 
> kacatet (sumber tertulis) boh dina dina naskah kuno atawa prasasti 
> Sunda. Hartina, lain ukur carita lisan, tapi aya 
> bukti bungkeuleukanana di arsip Nasional atawa tempat-tempat resmi 
> sejenna anu nyimpen eta naskah kuno atawa kabuyutan tempat 
> prasasti-prasasti anu jadi rujukan.  Diantara karuhun anu jadi sumber 
> rujukan anjeunna, nyaeta: 1. Prabu Guru Darmasiksa (Raja Sunda, 1175 - 
> 1297 M; marentah salila 112 taun); 2. Prabu Niskala Wastu Kancana, 
> Raja Galuh-Sunda (periode Kawali, 1371 - 1475 M, marentah salila 104 
> taun); 3. Sri Baduga Maharaja (Prabu Jayadewata/Prabu Siliwangi) Raja 
> Pajajaran (1482 - 1521 M).
>  
> (2)
> Eusining amanah karuhun US anu dituturkeun deui ku pangersa Abah 
> Surya, mataholangna ngeunaan papagon dina marentah jeung hirup 
> kumbuh kamasyarakatan. Leuwih ecesna, tetela, para karuhun geus maju 
> pisan pangemutna, yen beureum hideungna kaayaan masyarakat eta teh 
> gumantung opat pihak : 1) anu jadi pamarentahna/para pamimpinna, 2) 
> jelma-jelma anu palinter ti antara anggota masyarakat, 3) jelma-jelma 
> anu baleunghar di jero masyarakat, 4) para gegeden ti antara 
> masyarakat. Leuwih ecesna deui, paripolah anu salah, utamana laku 
> korupsi, KKN jeung sabangsana ti para pamimpin, gegeden, anu palinter 
> jeung anu baleunghar eta sabab musabab hancurna hiji masyarakat di 
> mana wae di dunya ieu.
>  
> Hal ieu ditepikeun kalawan tan (tanpa) tedeng aling-aling ku abah ka 
> rengrengan para pangagung, inohong, jeung undangan anu hadir dina 
> riungan milangkala anu kasebut di luhur.
>  
> (3)   
> Tetela, budaya Sunda geus ngabogaan "istilah teknis" paripolah para 
> pamimpin anu matak nyilakkeun rahayat dina waktu anu lila (korupsi, 
> KKN, jst). Istilah teknis eta kapanggih tina amanah Sri Baduga 
> Maharaja anu katuliskeun ku yasana Ni Dawet (wanoja, satingkat 
> pandita) dina naskah kuno Sanghiyang Siksa Kanda Karesian (SSKK - 1518 
> M, sarga XXII). Istilah teknis anu dimaksud, anu sakuduna disinglar ku 
> sarerea, nyaeta: BURANGKAK, MARIRIS, MARENDE, jeung WIRANG. Anu kumaha 
> anu disebut Burangkak, Mariris, Marende jeung Wirang teh? Mangga, ilo 
> wae eusi pidato abah Surya di handap ieu anu didugikeun satarabasna 
> dina riungan mieling HUT RI ka-61 di gubernuran Jawa Barat.
>  
> Sabalikna, rusiah atawa kiat pamarentahan /pamimpin (raja-raja) Sunda 
> baheula, anu bisa marentah nepi ka leuwih ti 100 taun atawa marentah 
> anu nepi ka wangi ka sakuliah Nusantara (batasan nusantara harita 
> ngawengku Asia Tenggara ayeuna) nya taya lian ku sabab para pamimpin 
> harita geus bisa ninggalkeun paripolah goreng anu kasebut di luhur 
> (Burangkak, Mariris, Marende, jeung Wirang).
>  
> (4) 
> Saterusna, abah Surya nyimpulkeun tugas anu ditimba tina amanah para 
> karuhun Sunda pikeun ngeusian alam kamerdekaan ayeuna dina papagon 
> "Catur Manusa Utama". Eusining Catur Utama estuning basajan dina 
> dadaran, tapi jero jeung kudu ditarekahan kalawan daria. Catur utama 
> anu merenah pisan upama jadi visi jeung misi atikan di Tatar Sunda 
> (oge sa Indonesia satemenna mah) diwangun ku opat kualitas: 1) Luhung 
> elmuna, 2) Pengkuh agamana, 3) Jembar budayana, 4) Rancage gawena.
>  
> Kalawan diadumaniskeun jeung papagon agama, abah nutup pidatona anu 
> ngarupakeun mataholang ajen-inajen budaya Sunda ku cutatan 
> tina Nurhidayahan, surah Ar Raad (QS 13) ayat 11 yen robahna hiji kaom 
> gumantung kana tarekahna pribadi, dina pupuh dangdanggula.
>  
> (5)
> ieu materi mieling HUT RI di gubernuran teh didugikeun oge ku abah 
> dina acara "Pelatihan Instruktur Sosialisasi + Simulasi Mitigasi 
> Bencana Gempa jeung Tsunami". Hiji acara tina runtuyan 4 hambalan 
> acara "aksi peduli kisunda untuk Bencana Jabar Selatan" anu diluluguan 
> ku Himpunan Mahasiswa Tasikmalaya kalawan dirojong ku Kusnet, milist 
> Tasik, milis kisunda, Yayasan Sawala Bumi jeung Yayasan Pasamoan 
> Sophia. Hiji acara anu diwangun ku opat hambalan anu dina danget ieu 
> karek anggeus dua hambalan (survei lokasi & materi, 5-6 Agustus 2006 + 
> pelatihan instruktur 19 - 20 Agustus 2006) 
>  
> Pakaitna amanah karuhun jeung urusan bencana alam taya lian, kusabab 
> nuturkeun panitenanana, abah nandaan yen mindengna kajadian bencana 
> pakait jeung gorengna ngokolakeun nagara. Atawa, sabalikna, kaayaan 
> masyarakat anu ayem tentrem suwung tina bancangpakewuh eta minangka 
> barokah tina kapamimpinan anu bisa silih asih, silih asah, silih 
> asuh;  ngertakeun bumi lamba jeung miara kabuyutan, sakumaha eusining 
> amanah karuhun Sunda.
>  
> Sakitu heula minangka panganteur. Anapon eusining pidato abah anu 
> ngarupakeun amanah luluhur pikeun ngeusian kamerdekaan bangsa bade 
> ditepikeun dina postingan anu kadua runtuyan ieu jejer, manawi pareng.
>  
> baktos,
> manAR
>  
>  


-- 





Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke