punteun ka pa Oman, dupi karya-karya anjeunna tos diterbitkeun, biasana toko buku naon nu ngical buku-buku anjeunna. tiasa dilistkeun karyana?, punteun, manawi ke saderek abdi di bandung tiasa pangmilariankeun. da nu sapalih mah sapertos nu umum-umum insya allah panginteun aya di perpustakaan di malaya.
wassalam malki -- In [email protected], "oman abdurahman" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Keur saheulaanan, bisi teu kaparengkeun tepung atawa ngobrol sareng abah > Surya, ma'lum anjeunna nuju teu damang, di si kuring aya sababaraha buku > nurul hikmah (nadoman eusi Al Qur'an yasana Abah Surya) katut ka > Nurhidayah-na (tarjamahan Al Qur'an kana basa Sunda dina wangun pupuh sekar > ageung). Atuh sapanjang ngeunaan nadom-nadom, si kuring Insya Alloh aya > bahan obrolkeuneun. Asana si kuring geus sababaraha kali ngaguar atawa > ngajakan di milist pikeun nalungtik unsur seni nadom di Tatar Sunda. Asa > meunang beja pikabungaheun yeuh aya kang Malki anu aya maksud nalungtik > sarupaning nanadoman. > > baktos, > manAR > > > > On 9/19/06, malki_tea <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > > hatur nuhun kana sagala maklamat ti kang Sasmita atanapi ti kang mh, > > atuh insya allah, upami ke ka garut, bade nyimpang ka pupuhu sunda, > > sapertos nu diwartoskeun nembe, abah Surya, atuh mugia sing enggal > > damang, mugia tiasa pateupang sareng abdi, sareng kanu sanesna. > > teras ka kang sasmita, hatur nuhun upami tiasa ditambut bukuna. > > dupi eta kalawarta "pusaka sunda" dimana milarina? > > > > wassalam > > malki > > > > --- In [email protected], mh <khs579@> wrote: > > > > > > > Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: mailto:[EMAIL PROTECTED] mailto:[EMAIL PROTECTED] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

