Sampurasun,
Bade ngiring mairan.
Sae pisan nu didugikeun ku Ua Sas teh.  Muhun kedah aya perhatosan nu nyata ti pamarentah sangkan kasenian sunda, utamina seni-seni nu tos teu dipikawanoh deui ku barudak ngora tiasa manjang lalakonna.

Di sagedengeun masihan gajih ka para seniman, pamarentah oge kedah mintonkeun (magelarkeun) eta kasenian sahenteuna dua kali dina satauna.   Hal ieu ngagaduhan maksad pikeun  ningali  hasil tina latihan-latihan nu tos dilakukeun salami ieu (ari ngan ukur latihan wungkul bari teu dipintonkeun mah keur naon atuh?), oge pagelaran seni ieu tiasa dijadikeun arena kampanye reueus seni sunda pikeun masarakat umum, utamina generasi mudana, sakaligus oge pikeun ngadokumentasikeunana (upamana ngadamel pilem dokumenter).

Teras  timana waragadna? sabaraha deuih? Ah bagean ieu mah urang tamplokeun we ka pamarentah deui.  Memang aya babaraha kasenian nu masih payu diical ka sponsor, upamana wayang golek, tapi ari seni nu lian mah asana abot pisan.

Kuring (saparakanca) gaduh pangalaman dua kali mintonkeun pantun beton  dina sataun ieu, nu munggaran mah VCD-na tos rengse, ari nu kadua masih dipigawe keneh (biasalah seueur cabakeun jadi katoler-toler* :-)).  Total waragad nu dikaluarkeun per sakali pagelaran teh kirang langkung 2,5 juta.
Ceuk tadina mah bade sakaligus ditranskripsi eta carita pantun nu dicarioskeun ku juru pantun teh.......tapi ampun paralun....hararese pisan!!

Wangsul deui ka datana Ua Sas, pami aya 450 jalmi x 2 pagelaran x 2,5 juta = 2,25 milyar nu kedah disayogikeun pamarentah salain tina subsidi bulanan.

Hahalang (resistensi) ka seni sunda

Dina danget ieu, sanes hal anu gampil pikeun ngaronjatkeun deui seni sunda, salain hal anu sipatna tos klasik, saperti perhatosan pamarentah nu teu nyukupan, masarakat nu tos teu malire deui, oge aya sawatara pihak nu jigana teu panuju kana seni sunda teh, utamina seni sunda nu ngakandung 3G (gitek, geol, goyang), oge seni nu sok aya jampe-jampe buhuna jeung haseup menyanna.

Kamari di acara ki sunda midang nu digelar ku gentra kaheman di IPB, sanggar girisunda pura teu tiasa mintonkeun jaipong kusabab teu kenging... (ka kang netta ti IPB punten hal ieu tiasa dijentrekeun/dikonpirmasi?)

Upami urang tiasa nga-identipikasi pihak nu teu panuju ieu, tangtosna wae urang tiasa ngararancang lengkah nu hade pikeun mayunanana, upamana ku jalan "lobby" (sanes buah ieu mah!).  Rek dikumaha oge nu teu panuju teh, henteu wae aya di masarakat umum, tapi oge aya di pamarentahan jeung legislatip.  Waragad nu tos dikalkulasi di luhur moal tiasa ngucur ka seniman, pami teu disaluyuan ku para pihak nu "alergi" ka seni sunda, utamina nu aya di pamarentahan jeung DPRD.  Ku kituna kedah aya usaha nu soson-soson tur daria pikeun ngawujudkeun hal ieu.

Naon-naon wae tarekah urang pikeun ngaronjatkeun budaya sunda, mugia tetep aya dina ridho Gusti Nu Maha Suci.....amin.

Tabe pun,

hendra

*katoler-toler basa bogor pikeun kaluli-luli


MSasmita <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
 Wios atuh nu 25% mah, kajabi tiasa deui dihudangkeun.
Kumaha upami nu 50% we nu majar nuju sakarat, manawi upami sae infusna mah sugan we tiasa menyat deui, tina nu 50% teh diidentifikasi peran jalmi anu pang dominanna, misal dina wayang, nu pangnyongcolangna peran teh nyaeta dalang, sugan we tiasa diidentifikasi sapertos kitu dina kasenian nu 50% nu nuju sakarat tea.
Jalmi anu pangdominna, diwilah deui ku yuswana, upamina nu yuswana 65 taun kaluhur, teras didata aya sabaraha jalmi.
Tos jentre datana, langsung we dipasihan insentif misal 500 rebu sasasih, etang-etang penghargaan kana katiasana, mung kedah aya kawajiban nurunkeun elmuna ka anu anom.
Ke urang etang-etangan geura, disebatkeun 25% tos teu aya dikieuna, panginten kirang langkung 75 wanda kasenian tos ilang musnah, 150 wanda nuju sakarat (50%), anggap we nu disebat jalmi dominan tea sareng yuswana 65 taun atanapi langkung unggal kasenian aya 3 jalmi, janten aya 450 jalmi, dina sataun peryogi waragad 2,7 milyar (500rebu x 12 x 450) eta teh kanggo ngabayuan unggal sasih nu etang-etang gajih tea.
 Tah eta jalmi anu digajih teh dijantenkeun narasumber kanggo ngadokumentasikeun sareng kedah nurunkeun elmuna tea.
(hartos sakarat didieu kanggo sim kuring mah seniman anu tiasa tos arang langka, nu nanggap nya kitu deui)

Aya deui nu kedah diperhatoskeun nyaeta ngadokumentasikeun, boh dina wangun buku, boh dina wangun rekaman digital audio visual, ulah mung sakadar deskripsi, supados nu bade nalungtik atanapi bilih bade aya nu nyobi kapayuna tiasa eces.

Sakitu sabulangbentor ti sim kuring.
Kahade waragad anu 2,7 milyar teh sanes kanggo acara seremonial, sanes kanggo pekan kesenian, sanes kanggo seminar, sanes kanggo pidato, tapi eta mah malulu kanggo gajih seniman, ulah dipotong biaya administrasi deuih.
 
MSasmita
 
Ka Teh Ika, kumaha waragad 2,7 milyar sataun kanggo gajih seniman sepuh tiasa panginten dianggarkeun....he he...!!.

Ganjar Kurnia wrote:
Assalamu'alikum Wr.Wb.
 
Hasil panalungtikan Pusat Dinamika Pembangunan Unpad tilu taun katukang, netelakeun tina 300 jenis kasenian anu dipiboga ku urang sunda, 25 % diantarana tos teu aya dikieuna, 50 % deui keur aya dina sakarat awal meh nepi ka sakarat ahir. Patarosanana, naha urang rek tega lamun kabeungharan budaya anu dipimilik ku urang Sunda saeutik-saeutik bakal tumpur.
 
Wassalam. 



Talk is cheap. Use Yahoo! Messenger to make PC-to-Phone calls. Great rates starting at 1ยข/min. __._,_.___

Komunitas Urang Sunda -->
http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Culture change Corporate culture Cell culture
Organization culture Tissue culture

Your email settings: Individual Email|Traditional
Change settings via the Web (Yahoo! ID required)
Change settings via email: Switch delivery to Daily Digest | Switch to Fully Featured
Visit Your Group | Yahoo! Groups Terms of Use | Unsubscribe

__,_._,___

Kirim email ke