Ngiring nimbrung ah, kadang simkuring sok ngarasa bangga oge kana basa sunda teh, najan teu bisa bisa teuing basa sunda, atanapi sok salah kaprah oge meureun.

"Eu" dina basa Inggris ditulis ngan sahuruf nyaeta "a", kitu oge "A" dina bahasa Inggris oge make huruf "a", taya bedana tina bentuk tulisan. Kitu oge dina basa Indonesia, ngabedakeun cara baca "e" taling sareng "e" pepet (nyaeta "eu" tea meureun dina basa sunda mah, ngan kadang macana teu dugi "eu" teuing sapertos ngalafazkeunna dina basa sunda). Tina kasus ieu panginten jelas yen basa sunda mah peduli pisan ngagambarkeun sora kana bentuk simbol teh. :-). Kudu detail ("detil") jigana mah.

Hiji deui, kabeungharan basa sunda teh tina masalah undak usuk basa nu puguh eunteup seureuhna tea panginten nya ?, nu ngabedakeun kata kerja berdasarkan umur atanapi penggunaanna kanggo manusa sareng sasatoan. Asana mah tina kasus ieu jelas bangsa sunda mah nga"mulia"keun pisan kana pribadi antara manusa jeung manusa atanapi antara manusa jeung sato. Coba bahasa Inggris mah, jang sato make kata "eat" kitu oge jang manusa. Bahasa Indonesia kitu oge, jang manusa "makan" jang sasatoan oge "makan". Tapi mun basa sunda mah jelas beda, tong waka jang sasatoan, jang manusa wae aya aturan ngagunakeun kecap nu maksudna "makan" berdasarkeun umur jeung diri sorangan, seueur pisan sinonimna tapi aturan penggunaanna aya tempat masing-masing :-). Meni "detail" pisan.

Punten ah sanes bade kokolot begog atanapi guminter, ngan saukur babagi pikir ieu mah, nyaritakeun yen aya kabanggaan kana basa sunda.

-aryadi-







On 9/29/06, Didin Kustandi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Teu mustahil ayana, Urang Sunda pinter nyarita ku basa Inggris, tapi kitu ayana téh teu ngandung harti Urang Sunda mibanda aksara : ch, f, q, sh, th, v, wh, x, z jsté.
Teu mustahil ayana, Urang Sunda pinter nyarita ku basa Arab, tapi kitu ayana téh teu ngandung harti Urang Sunda mibanda aksara dz, dl, dh, sy, sh, th, 'a, gh, f, q   jsté.
Aksara Urang Sunda mah angger baé : a, i, u, é, o, e, eu – h, n, c, r, k, d, t, s, w, l, p, j, y, m, g, b, ng. Urang Jawa angger waé teu bisaeun nyebut "hayam", atawa "hideung" atawa "hiji" atawa "hejo" jsté.
Mun aya Urang Sunda leleb pisan nyebut "syukur", ngandung harti manéhna ngarti yén éta téh basa Arab, nya atuh kudu diucapkeun ku kaidah basa Arab, bisi sugan salah harti. Lamum aya Urang Sunda nyebut leleb nyebut "sukur" poma ulah dicarékan sabab manéhna téh Urang Sunda nu hayang némbongkeun kasundaanana kalawan daria, da mémang kitu nyata létah Sunda mah.
Aksara téh gambaran sora, nyaéta sora manusa nu mangrupa basa. Mun aya gambarna tangtu aya sorana. Nya ku kituna, kateuteu ari nyieun gambarna lamun sorana nyata teu aya. Urang Amerika nyahoeun, malah sugan beukieun kaolahan Urang Sunda nu disebut "peuyeum". Tapi sok sanajan kitu, pék wé koréhan dina runtuyan aksara "Amerika", naha aya aksara "eu" ?
 
Nyanggakeun,
Kang Dien.


Stay in the know. Pulse on the new Yahoo.com. Check it out.


__._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Culture change Corporate culture Cell culture
Organization culture Tissue culture

Your email settings: Individual Email|Traditional
Change settings via the Web (Yahoo! ID required)
Change settings via email: Switch delivery to Daily Digest | Switch to Fully Featured
Visit Your Group | Yahoo! Groups Terms of Use | Unsubscribe

__,_._,___

Kirim email ke