Haturan ka : K agus , K Eko , K Kumincir.
Hatur nuhun pisan tina waleran nana kalayan jelas sareng kahartos pisan, alhamdulillah aya bongbolongan yeuh
sakedik-kedikeun, kumargi aya pituduh ti sadayana anu tangtos na otomatis bakal nimbulkeun patarosan ti sim kuring
anu aya patali na sareng maksad anu di tuju supados teu cape nga dua kalian, sanaos rada sesah ngadamel na, namung demi
salah sawios anu di pikahoyong Insya Allah sanaos rada lambat bade di sabaran bae, kumargi K agus aya nomor tlp na,
sae na mah sim kuring langsung bae bade naroskeun Via tlp nya, Insya Allah engke sonten manawi teu ka abotan bade
ngontek K Agus, supados rada jelas sareng tiasa langsung naroskeun upami aya patarosan anu enggal , ka K Agus punten
ah janten di rerepot yeuh, hatur nuhun sateuacan na, atuh teu hilap sakali deui ka K Eko sareng K Kumincir hatur nuhun oge
tos ngabantos , da gening seu-eur nya anu terang kana perkawis ieu teh, salut lah sim kuring mah mugia bae sadayana elmu
sareng ka tiasa teh janten mangfa'at ka urang sadayana, amiin, mugia ulah bosen wae upami sim kuring aya patarosan deui
kapayun na...hehehehe....
Wassalam
Nata
( si tukang di ajar tapi sabenerna jelema sibuk )
------- Original Message -----From: Agus K "PAKUSARAKAN"Sent: Friday, October 06, 2006 12:31 AMSubject: Re: [Urang Sunda] Nyuhunkeun tulung -maksadna?Ass wr wb
kang nata maksadna hoyong kagungan situs nyalira sapertos kang ucep kitu?
nya leres sapertos nu di saurkeun ku kang kumi upami hoyong anu gratisan eta aya sababara situs atau blogs
upami hoyong sapertos kang ucep mibanda www.hr-uwj.com
nya mangga insya alloh simkuring tiasa mantuan
iraha aya waktos urang tepang
salam baktos
Agus Pakusarakan
021 93264068
On 10/5/06, kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:Wa'alaikumsalaam w. w.
Kang Nata badé ngadamel situs pribadi (sapertos www.hr-uwj.com) atanapi sabangsaning blog anu gratisan? Upami sabangsaning blog mah, langkung gampil ka urangna, da kantun milih citakanana, urang mah kari ngeusian. Pami badé, mangga cobian blogspot, wordpress, atanapi multiply. Utamina di multiply (atanapi friendster), urang tiasa ngadamel jaringan sosobatan, manjangkeun babarayaan di alam maya....
On 05/10/06, S M Natapradja < [EMAIL PROTECTED]> wrote:Assalamu'alaikum wr wbKahatur baraya sadayana anu dimana wae ayana, manawi tiasa masihan tulung ka sim kuring kanggo nuntunngadamel situs nyalira, maklum K Nata teu bodo-bodo acan dina widang computer komo deui kana software2 mah, ari anudi maksad teh nyaeta hoyong aya penjelasan anu gampil tur kahartos pisan ulah seu-eur teuing istilah computer anumatak bingung, hehehe.......Ari tujuan K Nata bade ngadamel situs eta, teu aya sanes mung bade nga upload " Da'wah & Wayang golek " supados kaurang sunda anu resep kana eta da'wah & wayang tiasa di kupingkeun , da gening duki ka ayeuna teu aya anu ngagaduhansitus anu seu-eur da'wah na sareng wayang golek na,mugia wae upami parantos tiasa mah Insya Allah ka baraya anu reseppanginten tiasa ngiring ngupingkeun, namung da K Nata oge yakin yenseu-eur anu resep teh, mung teu aya link kanggo ngupingkeun nana, alhamdulillah dugi ka danget ieu tos aya panginten80 judul da'wah & 90 judul/seri Wayang golek , mudah2an aya mangfa'at na kanggo balarea sadayana.amiin
--
sikandar
kumincir.blogspot.com
kumincir.multiply.com
su.wikipedia.org
----------------------------------------------------------------------
AGUS KURNIAWAN [PAKUSARAKAN]
08128377662, 02193264068
----------------------------------------------------------------------
Koperias Amanah Sunda
www.inkas.wordpress.com
www.azzoman.wordpress.com
---------------------------------------------------------------------
http://aguspakusarakan.blogspot.com/
http://geocities.com/prabu_siliwangi
http://geocities.com/lodaya_9
http://azzoman.indonetwork.co.id/
http://siliwangi.blogs.friendster.com
--
----------------------------------------------------------------------
AGUS KURNIAWAN [PAKUSARAKAN]
08128377662, 02193264068
----------------------------------------------------------------------
Koperias Amanah Sunda
www.inkas.wordpress.com
www.azzoman.wordpress.com
---------------------------------------------------------------------
http://aguspakusarakan.blogspot.com/
http://geocities.com/prabu_siliwangi
http://geocities.com/lodaya_9
http://azzoman.indonetwork.co.id/
http://siliwangi.blogs.friendster.com __._,_.___
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Culture change | Corporate culture | Cell culture |
Organization culture | Tissue culture |
Change settings via the Web (Yahoo! ID required)
Change settings via email: Switch delivery to Daily Digest | Switch to Fully Featured
Visit Your Group | Yahoo! Groups Terms of Use | Unsubscribe
__,_._,___