Sae..namung aya kitu anu kersa janten sukarelawan...??
Upami kuncen situs nu aya di Jatigede..., rupina ua Sas anu uninga...
 
ssw

MRachmat Rawyani [EMAIL PROTECTED]
Mung sakadar usul. Kumaha upami ngawanohkeun tokoh
anu kenging pangleler ti KUSnet teh, ku cara sakedik
mah di audi-visualkeun, profilna, dimana eusina teh
ngagambarkeun/nerangkeun kagiatan sadidinten eta
tokoh. "Potret" tokoh ieu, durasina paling lami
sapuluh menit. Samemeh shooting teh, ngadamel
skenario/skrip heula sakedik, naon-naon wae anu bade
di sorot, kumaha narasina. Pasti repot, tapi
mangpaatna seueur. Kedah aya tanga sukarelawan anu aya
waktos, ngajugjug ka lemburna. Asana teh, panicia,
masih tiasa ngalaksanakeun ieu. KAnggo anu tos biasa
ngadamel buku mah, skrip/skenario ieu moal hese
didamelna. Kang SR, Mang J sareng UA Sasmita, Kang
Oman tiasa ngabadantenkeun perkawis ieu.Komunikasi
tiasa via email. Waktosna, nya tiasa disambi
disela-sela "mudik lebaran". Asana mah lembur abdi
(kadipaten) caket ka wewengkon situ jati Gede, kantun
meuntas Cilutung. Saha nami sareng alamat
lengkapna,pami aya waktos ku abdi bade dijugjug.

baktos,

mracmatrawyani

.