Perkara panjangna KUSnet deui,

Ari prinsipna mah mangga bae bade nyebut Komunitas atawa Kulawarga atawa
Kumpulan Urang Sunda di Internet oge. Dalah aya dulurs nu nyebut BAKUS
(Babakan Komunitas/Kulawarga US) pikeun milis urangsunda ieu teh. Mangga
sakaresepna sewang-sewangan. Eta kitu teh sigana tanda mikanyaah oge
paduli. Ngan, alusna urang bisa misahkeun soal jeroning basa.

Basa: Konsep jeung Praktek
Ieu mah ngan ukur pikeun ngabuburit. Nu kapanggih ku si kuring mah, basa
teh aya basa konsep aya basa praktek, nya sarupaning merek. Conto kamari,
basa presidena saha tea, ku menteri diknas atawa teuing saha, ngaran2
sakola di robah, nu asalna SMA, jadi SLTA terus SMU, SMP jadi SLTP.
Padahal, cek ahlina, SLTP oge SLTA jeung SMU oge SMK teh basa konsep. Ari
basa praktis mah atawa merek, nya SMA, SMP,STM, SMEA. Ayeuna ganti
menteri, ngaran2 sakola dibalikeun deui ka baheula. SMU jadi SMA deui. SMA
sigana sangkan luyu jeung High School, da mun SMU mah jadi General School,
nu teu aya di dituna.  Ari  ITB, Itenas, Unpad, UPI, Unpas, jrrd, basa
konsepna mah Perguruan Tinggi atawa Paguron Luhur. Masing2 boga deui
konsepna, ITB, paguron luhur sains, seni jeung teknik, itenas, paguron
luhur teknik (jeung seni /desain), nu sanes sagala aya, siga supermarket,
atuh lilana sakolana oge rupa-rupa, ti D1, nepika S3. Luhur di Paguron
Luhur ieu meureun basa nu leuwih cocog tibatan jangkung, hehe). Tapi luhur
ieu beda deui hartina jeung kecap ahlak nu luhur, nu ieu mah mulia.

Rumah Sakit
Mun nilik merek-merek nu diparake ku tatangga, kacirina teh gaya jeung
elegan. Rumah Sakit St. Boromeus, RS. St. Yosep, RS. Immanuel, Advent,
jsb. Ari urang boga rumah sakit, langsung make merek nu sabab hayang gaya
jeung reueus bisa nyieun rumah sakit, atuh jadi rada arogan bin somseu,
langsung make basa konsep, RS Islam. Cilakana teh, eta we mun aya pasen
atawa dulurna nu kuciwa kana pelayanan perawat atau dokter di RS Islam, nu
goreng atawa kabawa goreng teh  Islamna. Padahal teu kurang ngaran tokoh
di dunya kasehatan Islam. Siga Ibnu Sina. Mun RS Ibnu Sina, atawa make
ngaran sahabat nabi, RS Ali bin Abu Tholib, atawa RS Abu Bakar asa payus
oge jeung teu matak gimir. Atawa mun jauh teuing, nya bisa RS Zaenal
Mustopa di Tasik, RS Muhammad Musa di Garut, nu di Bale Endah, cocog pisan
mun jadi RS Mohammad Toha, contona. Ku make merek ti ngaran tokoh oge basa
konsepna bisa kabaca. Santo Boromeus, nya katolik. RS Advent, ngaran hiji
aliran/organisasi dina protestan, meureun mun di Islam mah RS
Muhammadiyah. RS Mohammad Toha, tangtuna make konsep Islam.

Paguron Luhur
Sabenerna (teu sabenerna ketang, ngan kira2), baheulana mah basa konsep
pikeun Universitas Padjajaran teh nyaeta Universitas Negeri Jawa Barat. Di
urang kalolobana make merek ti ngaran karajaan atawa tokoh penting atawa
dipentingkeun di hiji tempat jaman baheula. Pikeun pangeling-eling. UGM,
universitas gajah mada, sanajan karajaan majapahit mah di jawa timur. Di
semarang aya undip, bari jeung diponegoro mah di Yogya. Nginjeum kaci. Di
Bogor aya Univ. Djuanda, di Tasik aya Unsil. Beda jeung di amrik atawa
tempat sejen, ngaran provinsi atawa state nu jadi tempat kampus langsung 
dipake pikeun universitas. Cara di Amrik, Inggris, Jerman,Skandinavia,
Russia, jst. Diurang oge aya hiji dua nu langsung make ngaran tempat. Cara
Universitas Sumatera Utara (USU) Medan, Univ. Negeri Lampung, UN Malang,
UN Solo (sanajan resmina mah, UN Sebelas Maret, dina raraga mieling 11
Maret supersemar tea meureun atawa serangan fajar ka jogya versi Suharto),
universitas mataram di lombok, jsb. Beh dieu aya nu langsung make ngaran
tempat, cara urut IKIP, kabeh dirobah jadi UN + ngaran tempat kacuali IKIP
Bandung, nu jadi UPI, sabab cenah IKIP Bandung teh IKIP nu munggaran di
ieu nagreg. Kukituna kaci mun reueus yen Indonesia mimitina ti Bandung.
Teu percaya? IKIP Bandung teu jadi UNB, tapi UPI. Haha..

Balik deui ka KUSnet, kulawarga dina rupa  kumpulan mah nya basa konsep
atawa dipake pikeun dasarna (rohna atawa spiritna), sedeng ari merek mah
bisa nu sejen, kaasup republik. Haha deui. Di Pasundan aya kumpulan
dumasar kana wewengkon nu cek pancakaki mah masih keneh sakaturunan bupati
atawa menak di hiji wewengkon, ku sabab kitu,make ngaran kawargian. Wargi
Sumedang-turunan atawa masih patali jeung bupati Sumedang baheula nu menak
jeung sipatna turun temurun tea, Wargi Sukapura-meureun salah sahijina
turunan Dalem Sawidak bupati tasik baheula jaman walanda, Wargi Galuh-mun
lain turunan menak Galuh, nya turunan atawa baraya Onom-siga kuring, haha.
 Kawargian eta,  sadayana ngagem kayakinan yen sadayana anak incu, seuweu
siwi, prabu Siliwangi.
Cag.

mj

http://geocities.com/mangjamal






Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Kirim email ke