Oh kitu kang, nuhun atuh infona....
 
Tapi emut kang .......Ulang tahun teh hiji parasit aqidah ......oge Kantos kitu Rasullulah mengucapkan " Selamat idul fitri" ka para sahabat ? upami aya riwayatna, punten atuh di posting kanggo informasi.
 
salam
ely

----- Original Message ----
From: adsae <[EMAIL PROTECTED]>
To: urangsunda@yahoogroups.com
Sent: Friday, October 20, 2006 5:08:09 AM
Subject: Re: [Urang Sunda] SELAMAT HARI RAYA IDUL FITRI 1 SYAWAL 1427 H

Punten ieu teh nuju heureuy ta serieus? ... Bilih lepat ngawaler ...

Nu dipaparkeun ku Teh Eli mung tina kacapanon salah sawios hartos gramatikal tina kecap "wilujeng" atanapi "selamat". Hanjakal basa teh henteu saukur ngandung harti saklek, tapi aya unsur nu sanes sapertos rasa (deudeuh, hewa, resep), pamaksadan/niat (doa, harepan). Bahasa sanes alat tanpa niley. Komo mun dikedalkeun ku jalmi-jalmi nu gaduh beungketan rasa caket sapertos kulawarga atawa komunitas siga Kusnet..Teu acan deui alesan-alesan nu sifatna kayakinan sapertos ngalaksanakeun sunnahnu dicontokeun ku Rasul jrrd.

Teu aya salahna gaduh kabiasaan nu sigana teh basa-basi.. da nu namina budaya sareng niley sosial mah pan kamufakatan urang sadaya. Teu kudu nurutan deungeun-deungen nu memang adat jeung kabiasanna langkung ngandelkeun rasio atawa uteuk tah nu kieu namina nu tuturut munding

Baktos
Yudi

On 10/20/06, ely evalita <evalitacantik1@ yahoo.com> wrote:

Kunaon aya istilah wilujeng boboran siam atanapi selamat idul fitri atanapi selamat selamat hari raya 1 syawal  ....apanya yang diselamati sih ?
 
Kalau kita memaksakan diri mengucapkan selamat kepada orang yang berpuasa juga apa yang diselamatinya, keberhasilan puasanya ?bukankah jelas-jelas puasa itu hanya untuk Allah dan tak ada seorang manusiapun yang mampu mengukur apakah puasanya berhasil atau tidak....... ...Apa yang diselamati yahhhh.....
 
Sami oge sareng ka jalmi anu milang kala, sok nyebat selamat ulang tahun, semoga panjang umur........ cobi upami do'ana diijabah ku Allah teras jalmina lers panjang umur dugi ka 200 tahun, hawatos pisan, tos pikun teh nyusahkeun batur pastina da teu walakaya...
 
Akang...eteh ...kersa didoakeun panjang yuswa ? ...sok kumaha tah upamidiparengkeun yuswa dugi ka 80 tahun we .....mangga cobian lah....peyot, koropos,...balelol, teu tiasa nuang nanaon, tuangna ge kedah disuapan.... ..ka WC wae kedah ditutungtun. .jsb....teu percanten ? ...sok amengan ka panti jomponya nu parikun pabalatak... !
 
Rupina urseueur jalmi  tuturut munding nya.....dugi ka teu sadar kesalah terus turun tumurun..... ..selamat idul fitri...naon hartosna cobi ?
 
Neda dihapunten upami aya anu teu raos manah...
 
salam
ely.
 


 
----- Original Message ----
From: Nila Erma Agustini <nilaerma.agustini@ ych.com>
To: [EMAIL PROTECTED]ups.com; [EMAIL PROTECTED] ps.com
Sent: Thursday, October 19, 2006 8:00:37 PM
Subject: [Urang Sunda] SELAMAT HARI RAYA IDUL FITRI 1 SYAWAL 1427 H

 
 
 
Kahatur baraya urang Sunda sadayana,
 
sim kuring ngahaturkeun :
 
 
Wilujeng Boboran Siam
1 Syawal 1427 H
 
 
 
Mugia ngahapunten samudaya kalelepatan
anu karaos boh anu henteu salami sim
kuring ngiring ngariung di Babakan oge di warung
Mugi Allah SWT masihan ridlo-Na kanggo urang sadaya
 mudah-mudahan tiasa pendak deui dugi ka boboran taun payun
Amiiinnn ......ya rabbal alamin
 
baktosna,
pun emme
 
 
 
                    






--
---------
adesaeatgmaildotcom


__._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Culture change Corporate culture Cell culture
Organization culture Tissue culture

Your email settings: Individual Email|Traditional
Change settings via the Web (Yahoo! ID required)
Change settings via email: Switch delivery to Daily Digest | Switch to Fully Featured
Visit Your Group | Yahoo! Groups Terms of Use | Unsubscribe

__,_._,___

Kirim email ke