> ----- Original Message ----- 
> From: ely evalita 
> Kitu oge jaman kiwari disalah sawios negara dizazirah Arab, kusabab 
> istrina tos langkung seer tibatan pameget, 
> pemerintahna ngaluarkeun kebijakan mengnajurkan laki-laki wargana 
> bersedia menikahi wanita lebih dari satu, 
> dan diberi tunjangan dari pemerintah untuk biaya hidupnya.

Resep macaan posting Teh Ely Eva teh, lugas ....jeung terus terang. 
Ngan ieu aya nu ngaganjel perkawis kawajiban lalaki di hiji nagara di 
Arab nu kedah nikah ka wanoja Arab deui (sanagara). Lamun teu salah 
nagara ieu teh nagara Teluk, Kuwait kitu? Saleresna nu jadi masalah 
sanes kulantaran awewe seueur di Kuwait, sabab dina data statistik 
nagara-nagara Teluk ieu, malah kakurangan awewe (babandinganana 
sabudeureun 140-160 lalaki : 100 awewe). Masalah nu sabenerna 
kulantaran lalaki di nagara Teluk (oge umumna urang Arab) resep pisan 
ngawin awewe non Arab, pangpangna awewe urang Eropa. Ieu masalah gede 
keur  nagara-nagara beunghar panghasil minyak ieu. Sigana awewe urang 
Eropa leuwih narik tibatan wanoja Arab (tina cara dandan jeung 
penampilan). 

Salah sahiji conto kumaha lalaki Arab leuwih katarik ku awewe Eropa, 
ditempokeun ku jenatna Raja Husein. Istri Raja Yordania ieu urang 
Inggris jeung Urang Amerika. Raja Abdullah nu ngaganti Raja Husein, 
indungna urang Inggris!. Conto sejenna Carmen Bin Laden, istrina 
Yelsam Bin Laden. Waktu Yelsam bin Laden rek ngawin Carmen sabage 
istri kahiji, manehna ngurus surat heula ka karajaan, supaya diijinan 
ngawin awewe urang asing. Ijin ieu teu sagawayah, sabab nu nanda-
tanganna oge langsung ku raja Arab Saudi. Kulantran Yelsam anak nu 
gede pangaruh di Arab Saudi, jadi diijinan. Di Arab Saudi meunang 
ngawin wanoja asing, tapi kudu jadi istri nu kadua, katilu atawa nu 
kaopat. Istri nu munggaran mah kudu awewe urang Arab Saudi 
nyalira ....

Baktos,
WALUYA




Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Reply via email to