Maleman Lebaran kuring sakulawarga nyemprung ka lembur di Sumedang. 
Tadina mah rek beurang keneh ka Sumedang teh, ngan diimah jadi 
pakepuk, da nu babantu di imah geus mulang ka lemburna di Bantarujeg. 
Lanceuk jeung Adi geus sababraha kali nelepon, geura datang ka 
Sumedang, urang buka bareng, cenah. Kapaksa dijawab, kuring teu bisa 
datang pas buka, tapi jam 10'an peuting. Ampir jam 11 peuting kuring 
kakara datang ka lembur, Lanceuk aya di imah, ari adi mah euweuh, ka 
Masjid cenah, takbiran, maklum si eta mah geus jadi Haji .....

Rek Takbiran ka Masjid, tapi awak geus cape pisan, merelek heuay. Ka 
lanceuk nanyakeun ari sholat Ied rek dimana. Ceuk lanceuk teh di 
Masjid Mama Ajengan we, entong di lapangan sakola SD. Di lembur 
kuring tempat shalat ied teh aya dua tempat, nu hiji di lapangan 
sakola SD jeung nu hiji deui di Masjid bogana Mama Ajengan. Sarua 
deukeutna, ngan ari Masjid Mama mah, kudu meuntas jalan Raya, ari 
lapangan SD mah, di tonggoheun imah. Ceuk kuring teh lain di lapangan 
wae atuh. Lanceuk nembalan, mending di Masjid Mama, Sholat Iedna 
tereh jeung ari di masjid Mama mah, lamun rengse Sholat Ied teh, 
jamaah titah nguriling, sasalaman ka sarerea, bari dibarengan 
macakeun Shalawat Nabi. Kabiasaan ti baheula, nu geus leungit lamun 
sholat Ied di lapangan SD. Geus shalat Ied teh, langsung bubar, 
paling-paling sasalaman lamun pasanggrok jeung nu wawuh di jalan 
waktu balik ka imah.

Isuk-isuk, jam satengah genep, kuring sadulur-dulur ngabring ka 
Masjid. Di Masjid masih corengcang, kuring diuk di baris ka tilu. 
Bari takbiran kuring tatap-teuteup ka sakuriling Masjid. Masjid teh 
angger keneh jiga baheula, ngan ditambahan ka beulah kaler, ayeuna 
mah aya tempat keur jamaah awewe. Mimbarna masih angger. Ingetan 
kuring ngalayang ka 40 taun ka tukang, waktu kuring budak keneh. 
Waktu baheula masjid diadegkeun.

Baheula, di desa kuring, ngan aya hiji Masjid, rada jauh ti imah, aya 
meureun kana 500-600 meter mah. Lamun rek Jumaahan teh kudu mentas  
heula jalan Raya, terus nyorang jalan di pasawahan, kakara anjog ka 
Mesjid.  Hiji waktu kuring ngareungeu ti Pun Aki, tadi cenah Mama 
Ajengan ngadongkapan Aki, anjeunna aya maksud bade ngawakafkeun tanah 
digigireun bumina, bade dijieun Masjid. Kuring atoh pisan, rek aya 
Masjid di deukeut imah, meureun resep pisan, bisa nakol bedug jeung 
ngadulag siga batur kuring si Salya nu bisa ngadulag.  Pokona 
salembur papada antusias ngawangun Masjid. Pun Aki nuaran kai di 
kebon, kaina disumbangkeun keur wangunan Masjid.

Teu karasa Masjid teh geus jadi, pas samemeh bulan puasa. Bulan Puasa 
Masjid teh geus bisa digunakeun. Sarerea nyarebut eta Masjid 
teh "Masjid Mama", keur ngahormat kanu ngawakafkeun jeung ngawangun 
eta Masjid. Kuring jeung balad-balad ulin teh ngan ulukutek di 
sabudureun Masjid we, ti isuk tepi ka sore. Balik ka imah ukur buka 
puasa, geus kitu giridig deui ka Masjid. Naon nu narik kuring ulin di 
Masjid? pangpangna mah hayang bisa nakol bedug. Unggal pas lohor, 
kuring geus deukeut bedug, nempokeun Mang Ahim nakol bedug ..... 
torolok...tolorok.....dug..dug...dug. Peutingna tas tarawehan, 
nempokeun nu ngadulag. Sorana mani ngeunaheun ....dag .. 
dulugdugdag ... dug-dag. Ngan hiji nu kurang di Masjid teh, euweuh 
sepekeran! Teu cara masjid nu heubeul nu aya sepekeran merek TOA. 
Harita di lembur kuring acan asup listrik, speker TOA di Masjid 
heubeul make aki keur tanaga listrikna. Kungsi sayong ngurihit ka Pun 
Aki, sina Pun Aki nyumbang speker keur Masjid. Pun Aki teh kalahka 
nyentak, mahal speker teh, saurna,  jeung deuih apan di urang mah can 
aya listrik, kudu make batre nu kudu disetrum, nyetrumna kudu ka 
kota. 

Masjid teu aya Speakeran, tapi sora bedugna, jadi tanda waktu keur 
urang lembur. Lamun sora bedug lohor, ngadurugdug, nu digarawe di 
sawah jeung di kebon, areureun, tandana digawe di poe eta, geus 
lekasan. Istilahna keur nu buburuh macul di sawah mah, digawe tepi ka 
bedug. Mang Ahim, tukang nakol bedug, satia pisan, pas jam 12 
beurang, manehna pasti geus dihareupeun bedug, mamawa panakol terus 
nakol bedug, ...... torolok...torolok ...dug...dug....dug

Hiji waktu kuring jeung babaturan ti isuk-isuk pisan, geus ulin 
ulukutek di sabadureun Masjid. Lulumpatan, ucing-ucingan, cape, der 
ngariung di emperan masjid ngobrol jeung babaturan soal jin nu sok 
ngasupkeun budak bangor kana jero bedug. Teu karasa waktu nerelek 
beurang. Rarasaan teh geus ngadeukeutan jam 12 beurang. Tapi anehna 
Mang Ahim can jebul wae. Kuring lengo deui-lengo deui nempoan ka arah 
imah Mang Ahim. Tapi manehna teu mucunghul wae. Deregdeg lumpat ka 
jero Masjid, ningali jam. Jam ditelek-telek naha jarum pondokna 
nunjuk angka 2 ...eh geuning jam teh paeh. Lumpat deui ka deukeut 
bedug, terus hariweuweus ka babaturan, "Jamna paeh euy,  naha Mang 
Ahim teu jebul wae?"
"Enya nya!, kumaha ieu teh mangkaning geus beurang kieu?", ceuk si 
Enjut, nembalan bari hariwang.
"Kumaha lamun ditakol ku urang wae yu!", ceuk kuring teh, asa boga 
kasempetan rek nakol bedug nu munggaran.
"Bisa kitu?",  Ceuk si Enen, bari melong ka kuring.
"Bisa", ceuk kuring teh ngajago, "Unggal poe oge uing nempokeun Mang 
Ahim nakol bedug!" 
"Sok Atuh...", ceuk babaturan teh reang.
Kop  kana panakol, ngahuleng heula, nginget-nginget kumaha Mang Ahim 
nakol bedug. Geus kitu.....habek ...panakol digebugkeun kana 
bedug......Dug, poho kudu nakol heula kohkol awi, keur sora torolok-
torolokna. Habek deui digebugkeun Dug ...Dug .....

Beres....nakol bedug teh lungsur-langsar. Kuring ngarenghap bakating 
ku bungah ngajaran nakol bedug. Eh tapi ....... naha ujug-ujug 
torojol Mang Ahim bari panonna buncelik :" Saha eta teh nu nakol 
bedug, ieu teh kakara jam satengah sawelas nyaho! Hah geuning 
barudak? .....Dasar bangkawarah !!!

Sajongjongan kuring hareugeueun, tapi jadi sadar...kuring kudu 
lumpat, bisi diamuk ku Mang Ahim. Serebet ngabecir lumpat, 
dituturkeun ku babaturan ....

Meunang sabulan, kuring tara ulin deui di Masjid, bakating ku era!. 
Di lembur ear nu nyaritakeun, Incuna Pa Lurah Hormat*), nakol bedug 
lohor lain waktuna, tepi ka nu macul di sawah geus hararanjat ti jam 
satengah sawelas keneh .....


*) Lurah Hormat = Mantan Lurah

Baktos,
WALUYA




Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 

Reply via email to