Leres kang, ieu mah supados sasarengan weh anu ti Bandung, mung mobil na kedah di candak ka banjaran,
mobil tiasa di angge ti ngawitan juma'ah sonten dugi ka senen, hehehe..manawi teh K Kumi teh di Bandung,
nya atuh ku saha weh lah anu meryogikeun, asal tanggel waler weh lah upami  aya nanaon , hehehhe.....insya Allah
moal aya nanaon nya, kamari oge di candak ku rerencangan ka Jogja kanggo baksos, Alhamdulillah jagjag.
 
K Nata
----- Original Message -----
From: kumincir
Sent: Tuesday, October 31, 2006 4:39 PM
Subject: Re: [Urang Sunda] Nu parantos ngintun Konfirmasi ngiringan HBH Kusnet

Wa'alaikumsalaam w. w.

Dupi maksad teh bade ditambutkeun, Kang? Upami muhun mah, atuh nuhun pisan. Tah, para wargi, bilih aya nu peryogi mobil ti Bandung (leres?) kanggo ka HBH Cibatu, aya mobil carry Kang Nata tah... Ari kuring mah da ti Jakarta atuh (malem saptu), jadi susyah. Keur mah ongkoh teu bisa nyupiran, heheh...

On 10/30/06, S M Natapradja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

Assalamu'alaikum wr wb.
 
K Kumi, hapunten sateuacan na, sanes K Nata ujug takabur atanapi hoyong janten pahlawan kabeurangan,
ieu mah manawi katampi tur aya mangfa'at na, kumaha upami K Kumi nga daftar anu nyandak mobil sareng anu kana umum
apanan anu kana umum tiasa nangkod ka anu nyandak mobil,pan lumayan tiasa ngirit ongkos upami sasarengan meser bengsin mah
salajeng na bilih aya anu teu ka candak, insya Allah upami  di  pasihan terang ti ayeuna2 mah, mobil simkuring tiasa di angge ku saha bae, asal aya anu keresa tanggel waler bae bilih mogok di jalan pan moal di cul keun di tengah jalan  ...hehhehehhe....lumayan lah carry, tiasa lebet 7 urang mah, ieu ge manawi  ka angge ku anu peryogi..........manawi aya maksad tur panuju kana ideu ( naon nya bhs sunda na ) sim kuring, mangga wartosan ti anggal na, supados sim kuring tiasa nelepon ka anu nyekel mobil na, nembe sim kuring nelepon k anjeuna,
saena upami aya kaputusan ti K Kumi atanapi anu sanesna sateuacan wengi enjing, sae pisan margi sim kuring bade ngamastikeun
eta mobil di angge henteu na ku wargi Kusnet dina kaping 4,5sareng 6 November.


--
sikandar
kumincir.blogspot.com
__._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Culture change Corporate culture Cell culture
Organization culture Tissue culture

Your email settings: Individual Email|Traditional
Change settings via the Web (Yahoo! ID required)
Change settings via email: Switch delivery to Daily Digest | Switch to Fully Featured
Visit Your Group | Yahoo! Groups Terms of Use | Unsubscribe

__,_._,___

Kirim email ke