mudik ka ciamis H + 1. kemis. saptuna panggih jeung Hawe Setiawan -pemred majalah basa Sunda Cupumanik tea- nu oge mudik ka ciamis. padahal HS urang Subang. enya sabab istrina oge mertuana urang ciamis panoongan. sorena, HS ngajak silaturahmi ka Godi Suwarna, di jl. Karya Bhakti, wetaneun panoongan. kabeneran daerah eta teh apal ti jaman SMA mula, da markas, imahna babaturan di caringin.
 
nuhun ka hawe setiawan nu tos manggihkeun kuring ka kang Godi Suwarna. penyair nenggang dina sastra Sunda. hiji2na penyair nu nulis sajak dina basa Sunda. kungsi menang hadiah Rancage ku karya kumpulan puisina, Blues Kere Lauk. minangka sajak basa Sunda kontemporer nu neuleuman perkara parubahan sosial di masyarakat sunda khususnya.
 
dedegan kang GS mah, seniman asli. buuk gondrong nepi ka tonggong, full huis. awakna mah leutik. seuri jeung seuri we sapanjang ngobrol nepi ka janari teh. atuh nepi ka ngendongna di imah kang Godi. duaan jeung kang Hawe. isuk2 karek mulang, bari masih keneh ting cakakak inget nu diobrolkeun peutingna.
 
diantarana nu inget teh, ti kang Godi, eta manehna ngibaratkeun istri nu galak teh siga soang. sok we geura sampeurkeun soang, kabeh lalaki atawa jelema pasti sieun dilondok ku soang. hehe. padhaal sigana moal parah2 teuing dilondok soang teh, tapi eta sima soang, sakitu soang, keukeuh pikasieuneun. heuheu

--
geocities.com/mangjamal
__._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Culture change Corporate culture Cell culture
Organization culture Tissue culture

Your email settings: Individual Email|Traditional
Change settings via the Web (Yahoo! ID required)
Change settings via email: Switch delivery to Daily Digest | Switch to Fully Featured
Visit Your Group | Yahoo! Groups Terms of Use | Unsubscribe

__,_._,___

Reply via email to