Mugia enggal damang, seueur nginum, oge tiasa nginum norit supados racun tiasa dinetralisir. Upami teras-terasan mah kedah ka dokter. Komo upami tos 3 dinten teu rerep wae.
Mugia urang tiasa tepang di HBH taun payun, sugan aya keneh yuswa.
 
Baktos,
-ika-


 
----- Original Message ----
From: Yugi Budiana Malik <[EMAIL PROTECTED]>
To: urangsunda@yahoogroups.com
Sent: Sunday, November 5, 2006 2:22:58 PM
Subject: [Urang Sunda] HBH, punten abdi teu tiasa sumping !

Assalamu'alaikum wr wb
Pangampunten ka sadayana wargi KUSnet, utamina mah ka Tukang
wawar 'Kang Ndoell', pamangku hajatan 'Apih Siddiq' sareng ka
sadayana panitia nu teu tiasa disebat hiji-hiji, rehna sim kuring
teu janten sumping ka acara HBH di Pasantren Keresek-Cibatu- Garut,
kumargi kaleresan abdi katarajang 'panyawat patuangan'.

Saleresna ti anggalna keneh sim kuring tos nganiatan bade sumping,
mung panginten bade dikumaha deui, dina waktosna sim kuring nampi
halangan. Malah kantos Jum'at wengi abdi kantos ngebel kang Runa
naroskeun perkawis rute ka ditu teh. Mung dina waktosna, dinten
jum'at tabuh 7 enjing. Abdi teh tos dugi ka Kp. Rambutan jeung dugi
ka kantos naek beus Karunia Bakti Jakarta - Garut. Mung eta ti
ngawitan gugah dugi ka danget eta, tos 5 kali ulang anting wae ka
cai. Awak geus karasa capek jeung leleus. Dina beus teh tos teu
genah cicing, 'helekesehe, prat prot ngesang nanahan nu hayang ka
luar. Di terminal wae abdi teh tos 2 kali ka Toilet Umum, kahiji pas
datang trus nu ka 2 pas erek naek beus. "Duh kumaha ieu teh,
kacipta mung kuring hayang miceun keur dina beus, pan perjalanan ka
Garut teh rada jauh. Kuring bisa kababayan dina calana, kacipta
wiwirangna kuring" Nya alusna teh beus teh muter deui ka Kp.
Rambutan da penumpangna masih keneh saeutik. Nya kuring teh
mutuskeun balik we ka imah, da dituluykeun oge sieun matak
ngamudhorotkeun ka batur. Jeung awak karasa leleus. Nya saterusna
mah kuring teh turun, bari beteung rame 'geur-geuran jeung
(punten) 'bool' mpot-mpotan.

Tah kitu baraya kajantenan nu ka aranapan ku sim kuring nalika bade
ka Garut. Kumargi katarajang panyawat katuangan, sim kuring teu cios
sumping ka HBH, padahal mah kuring teh hayang pisan ngahadiranna, da
bade dikumaha atuh da kaayaan kuring kieu. Dugi ka e-mail ieu di
posting, abdi masih keneh teu acan normal. Mugia ka sadayana baraya
KUSnet tiasa ngamaklum. Sakali deui hampunten nu kasuhun.



__._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Culture change Corporate culture Cell culture
Organization culture Tissue culture

Your email settings: Individual Email|Traditional
Change settings via the Web (Yahoo! ID required)
Change settings via email: Switch delivery to Daily Digest | Switch to Fully Featured
Visit Your Group | Yahoo! Groups Terms of Use | Unsubscribe

__,_._,___

Kirim email ke