Baraya,
Alhamdulillah. Sanggeus ngadagoan ampir 2 taun, kuring bisa deui kumpul dina acara HBH warga KUSNET.
Kuring didieu rek nulis anu jadi "kesan-kesan" ieu acara:
1. Acara hebat. Boh sisi substansi atawa format. Hanjakal saeutik, teu tiasa sadaya baraya sumping dina waktosna. Padahal, pun biang anu nganteur kuring bari saelol wungkul bae muji. Saur anjeuna, ieu acara penting khususna dina ngajaga kalumangsungan basa sunda di wewengkon sunda. tah!!!
2. Beda sareng acara anu di Cimalati (punten taun kamari kuring absen), acara teu aya wawanohan. Maklum, kuring mah "eraan" (hehe) jadi tara bisa kenalan langsung. Jadina, teu apal aya teh Ika (padahal teteleponan mah kungsi). Kadua, wawanohan teh penting--khususon jang kuring anu tara bisa langsung nginget antara ngaran jeung rupa. Jadi, wawanohan bisa nandeskeun naon anu geus rada wawuh (konformasi deui lah)
3. Loba "peluang" dina ieu acara. Kuring khususna manghaturkeun nuhun ka Abah Tito ngenaan piusahaeun. Oge ka Kang Reza tur Kang Abdul. Katengan ti aranjeunan, lain ngan wungkul masihan paluang hirup, tapi langkung jauh elmu anu nanceb kana jerona pangalaman.
4. Ka Kang Deni--salaku OC hajat. Anjeun geus bisa muka usaha hajatan, euy!. Sukses lah. (ngan hiji yeuh, ari lauk nila teh bener ngala ti gunung? jawab sing jujur. sabab cenang di gunung mah teu aya cai!) Komo eta comro, duh mani asa aya keneh yeuh!
5. Kuring alhamdulillah tiasa tepang jeung jeung the man behind the slogan "keom sakedap". Hatur nuhun ka kang SR. Stikerna diapresiaspi pisan.
6. Ka Ua Sas, sok sanajan teu lami. Tapi kualitasna teu ngirangan kan ieu acara.
7. Tangtos ka Apih Sidik. Mudah2an anjeuna salawasna dipaparin kajembaran tur kasuksesan.

Sakitu wae ti kuring mah. Cing anu moto bari aya gambar kuring, kirim lah. Sabab geuning dina kamera kuring mah, euweuh kuring hiji2 acan. Haha

baktos

tantan
__._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Culture change Corporate culture Cell culture
Organization culture Tissue culture

Your email settings: Individual Email|Traditional
Change settings via the Web (Yahoo! ID required)
Change settings via email: Switch delivery to Daily Digest | Switch to Fully Featured
Visit Your Group | Yahoo! Groups Terms of Use | Unsubscribe

__,_._,___

Kirim email ke