aduuuuuuuuuuuuh aya ku wanian nya.....jajaka kusnet teh
 
sayang abdi teu miluan........................................
 
kamana deui yeuh setelah ti garut......

----- Original Message ----
From: irpan rispandi <[EMAIL PROTECTED]>
To: urangsunda@yahoogroups.com
Sent: Monday, November 6, 2006 12:08:09 AM
Subject: [Urang Sunda] JAJAKA PETUALANG, motor-ing ka Garut (1 tina 2)

Geus paheut jangji jeung barudak bogor, yen ka acara HBH di garut teh rek naek motor. Niti wanci nu mustari poe juma'ah sore, geus magrib. Sanggeus beres 'packing', biur indit numpak motor supra fit. Ngajugjug ka kota bogor, jangjian jeung barudak teh di ciawi, paling telat jam 9 peuting.

Anjog ka ciawi, jam 9 kurang. Kusabab di lebah parapatan mah rame pisan, kuring milih tempat rada beh ditu, deukeut rsud ciawi. Sanggeus manggih tempat anu merenah pikeun ngadagoan, kuring eureun, terus ngabejaan Runa yen kuring geus tepi di ciawi.

Kira-kira sapanyeupahan, Runa datang, hanjakal ngan sorangan. Barudak sejenna aya nu batal naek motor cenah. Jadi ngan urang we duaan. Euuuuh... aing mah, kumaha barudak teh,teu konsisten, ceuk kuring bari nyerengeh. Arina kitu paduli teuing, rek duaan rek sorangan, nu penting "Going Country Riding My Bike". he..he..he..

Naek motor peuting teh aya ku reuseup geuning, euweuh macet, henteu panas, ngajalankeun estu mangprung asa di jalan tol. Ngan palebah aya beus atawa treuk, rada deg-degan oge. he..he..he.. Najan deg-degan tetep we resep, nikmat geuning euy "Adrenalin Rush" teh. Dari pada make narkoba, pikeun memicu reaksi hormonal dina jero awak, mendingan "Adrenalin Rush" geura. Tapi tetep kudu jeung perhitungan, ulah sologoto. Kena-kena hayang "Adrenalin Rush", tuluy sangeunahna teu 'memperhatikan faktor keselamatan' cenah. Lamun sologoto, lain meunang "Adrenalin Rush", Nu aya mah awak remek jadi siga combro. he..he..he..

Asup ka kota bandung, kuring jeung runa ngagunakeun jalur jalan surapati. Najan baheula kungsi tilu taun cicing di Bandung, tapi jalan fly over ti pasteur ka surapati can aya. Teu wudu rada hookeun oge basa mangprung di jalan fly over eta teh. Tarik maaaangngggg. .....
Tapi ke..ke.. pas beak jalan fly over, turun ka handap, siga-siga polantas... loba deuih. Kuring jeung Runa di stop. teu loba omong, nyisi we. Anu mariksa teh Pulisi-pulisi barudak keneh, taksiran kuring anu karek lulus sakola pulisi sigana mah. Kuring dipariksa sim jeung stnk. Si ujang pulisi teh ngomong ka kuring make bahasa RI, meureun pedah ningali pelat nomer motor kuring anu leter B. Ari anu mariksa runa mah ngomong make basa sunda, da motorna plat F, Bogor.

Kuring rada rebeh irung, urang Bandung teh geuning najan di kota, tetep ngarasa inferior ku urang Jakarta. Buktina, ningali kandaraan leter B teh, 'gimanaaaa gitu'....... .
(punten ka urang bandung, ieu mah 100% pendapat subjektif, tidak bisa dipertanggung jawabkan secara ilmiah. he..he..he.. )

Lolos tina bubu polantas, kuring jeung runa mangprung deui, Cicaheum, Ujung berung, Cibiru, Cileunyi, Ranca ekek, Cicalengka, Nagreg, liwat nagreg saeutik, runa eureun. Urang dahar heula cenah, lapar. Sarua kuring oge, hayang barang dahar.

Runa lapar jeung katirisan. Ari kituna wajar, manehna make bajuna ngan ukur baju dilapis jaket. Make helm anu euweuh kacaan, atuh puguh angin teh nebak pisan kana beungeut.
Ari kuring mah lengkep pisan. salian ti make jeket jeung pelindung dada, di rangkep deui ku jas hujan he..he..he.. helem aya kacaan, beuheung make syal, leungeun di sarung tangan, suku buni ku sapatu. atuh 'nyaman' sajajalan teh teu katirisan.

Di warung teh pesen  indomie rebus make endog. keur  khusyu  ngadahar  indomie,  Runa di miscall ku Dudi, cenah Dudi geus tepi ka sasak beusi. Nungguan didinya.
Sanggeus indomie samangkok pindah kana beuteung, perjalanan teh diteruskeun deui da geus deukeut.

Lalampahan ka sasak beusi teu lila, ngan nepi ka sasak beusi, Dudi teh euweuh. Kamarana jelema teh ? Aya jelema nyampeurkeun, manehna ngomong, tadi aya rombongan limaan, nalikreuh. Limaan ? walah motor ngan dua, jelema limaan kumaha yeuh? motor maju deui.
Kira-kira sakilo meter, kaciri aya jelema leumpang, limaan. ieu geuning barudak teh.
Akhirna nu limaan teh dibawa dua iangan. Iangan anu tiheula, duaan, Iangan anu kadua tiluan.

Jam satengah dua janari, anjog oge di pasantren keresek. Barudak di perenahkeun di kobong budak lalaki deukeut masigit.

(bersambung. .......)




__._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Culture change Corporate culture Cell culture
Organization culture Tissue culture

Your email settings: Individual Email|Traditional
Change settings via the Web (Yahoo! ID required)
Change settings via email: Switch delivery to Daily Digest | Switch to Fully Featured
Visit Your Group | Yahoo! Groups Terms of Use | Unsubscribe

__,_._,___

Kirim email ke