Satuju pisan kang, margi ku ayana acara eta , urang sadayana sanes bade ngahibur hungkul, namung sakantenan mieling sareng mengembangkeun seni urang.
mudah2an sim kuring tiasa ngiringan dina waktos anu kapayun mah, amiiin
 
Nata
----- Original Message -----
Sent: Wednesday, November 08, 2006 9:02 PM
Subject: Re: [Urang Sunda] Re: UNEK-UNEK HBH !

HBH taun hareupmah kudu aya pakaulan anu leuwih anteb komo lamun sakalaian aya hiburan anu kirana uanggal angota HBH bisa mintonkeun karesep atawa pangabisana diantawisna saha anu biasa ngibing jaipongan atawa ketuk tiluan bisa ngarengkenek, tah kumaha lamun kitu?

----- Original Message ----
From: ndoell <[EMAIL PROTECTED]com>
To: [EMAIL PROTECTED]ups.com
Sent: Tuesday, November 7, 2006 3:26:24 PM
Subject: [Urang Sunda] Re: UNEK-UNEK HBH !

hmmmmm....
sabenerna, HBH kamari ceuk kuring mah kurang greget. garing.
pedah usum halodo kitu ? teu jiga basa di Puncak. Harita mah
asa nyaanan HBH teh. keur usum hujan deuih, jadi baseuh,
teu garing..

kamari mah asa Keng Deny keur hajatan. "Tamu" nu datang narungtutan.
tuluy dalahar. piringna ditunda we dihandapeun korsih. Ngobrol
sakeudeungan tuluy permios bari teu ngalieuk2 acan kana kencleng.
padahal kotak kencleng geus ditulisan ku kalimah nu rada nyindir :
Bade nyumbang ? Moal ? Oh..bade, nuhun atuh...
heu heu ...

Nu permios 4, nu datang 2 urang, permios deui 2 datang deui 3 urang.
kitu jeung kitu we. Padahal dina uleman geus jentre, acara HBH
dimimitian jam 11 beurang. Geus meunang nyusun eta teh.

Matakna kamari aya nu mosting, ngahanjakalkeun teu disiplina
acara jeung nu datang. Ih, puguh enya...

Jol deui sarombongan datang pasosore, jol deui peuting, jol deui
wayah bubar. loba nu hayang papanggih ahirna mah teu panggih ..

Keur mah lolobana jadi tamu. Matakna karunya anu di dapur.
Sababaraha kali ngaharewos, nuhunkeun tanaga keur ngangkutan
piring kotor ka tempat kukumbah. Tapi memang salah kuring, dina
susunan panitia teu aya nu dibere tugas ngangkutan piring kotor.
Hampura baraya ...

Tina daftar konfirmasi nu rek hadir diitung-itung teu satengah2na
acan. Padahal tujuanana ayana konfirmasi teh meh panitia bisa
"ngaulaan", nyadiakeun tuangeun atawa nu sejenna, meh teu leuwihan,
atawa komo kurang mah. Bisi matak ngerakeun..
Nepi ka bubarna ge dahareun teh loba nyesa. dikotakan tuluy di
bahankeun kanu marulang.

Kuring mah teu kabagian, da "kabur" tiheula. teu pamit2 acan
ka Kang Deni da keur talibra sarare.

Susuganan taun engke mah leuwih euyeub, konsep acara leuwih mantep.
susuganan... .

-ndoell-

--- In [EMAIL PROTECTED] ups.com, "irpan rispandi"
<mr.rispandi@ ...> wrote:
>
> Ari acara di HBH mah teu kudu di caritakeun dan loba anu
ngadongengkeun
> kubatur nya.
>
> Paling kuringmah rek nganuhunkeun wungkul ka urang Keresek. Ti
Buya nepi ka
> mang jeung bibi anu pak pik pek 'ngalayanan' anu HBH.
>
> Oh heueuh, rek sakalian ngomongkeun unek-unek euy. ngan saacana
rek menta
> dihampura heula bisi aya nu teu tarima. hampura sakali deui.
>
> Kieu yeuh unek-unek kuring teh:
> Cik atuh baraya kahareup mah lamun nyemah ka imah batur, sing
tumpa-tumpa,
> ceuk basa tea mah "Tau diri dong !". Ulah kena-kena aya
anu 'ngalayanan' ,
> sangeunahna wae. Urut barang dahar, piring kotor pasolengkrah,
runtahna
> pabalatak dimana-mana.
>
> Na naon hesena miceun runtah kana tempatna, piring kotor tunda di
tukang,
> sukur-sukur dikumbah kusorangan. Ulah nyusahkeun batur!
>
> Kuring mah 'nggak enak' euy ka Buya jeung ka kang Deni, komo ka
emang jeung
> bibi anu beberes ngumbahan piring mah. Era euy, era pisan.
>
> Hajatan kamari teh hajatan Kusnet, kuduna urang (baraya Kusnet) anu
> ngagawean sagalana. Naha jadi batur anu sibuk. Anu datang mah asa
jadi menak
> wae nya, asa di karyakeun, kantun sumping, teras barang tuang, ari
tilasna,
> runtahna pabalatak, piring kotor pasolengkrah.
>
> ERA ATUH EUY!
>



__._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Culture change Corporate culture Cell culture
Organization culture Tissue culture

Your email settings: Individual Email|Traditional
Change settings via the Web (Yahoo! ID required)
Change settings via email: Switch delivery to Daily Digest | Switch to Fully Featured
Visit Your Group | Yahoo! Groups Terms of Use | Unsubscribe

__,_._,___

Reply via email to