Wa'alaikumsalaam w. w.

Kang Eko, kuring mah ukur bisa ngahaturkeun rewu nuhun kanggo sumbangan Kang
Eko ka Kusnet, utamana dina hal ngokolakeun ramatloka www.urang-sunda.or.id.
Ka baraya nu teu acan apal, ieu loka teh dibuka/dijieun salaku hasil tina
babadamian Kongres Kusnet anu ka..... di bumina Ua Sas, di Bandung. Harita,
Kang Eko nyanggupan pikeun ngawangun & ngokolakeun ieu loka kalawan
sukarela, sedengkeun biaya hosting jsb dibayar reerongan ku anggota
Kusnet/YP. Alhamdulillah, najan dikokolakeun sadara sukarela, teu kudu
ngaluarkeun duit miliaran, ieu loka nepi ka kiwari masih keneh hirup, sarta
eusina beuki euyeub.

Dina mangsa tilu taun teh, ieu loka ngalaman sababaraha kali diropea. Duka
kumaha bentuk pangropeana mah, da kuring ge teu pati ngarti urusan database
& rarancang lolokaan teh. Nya dina lebah dieu mah anu luut-leet kesang, ceuk
paribasana, teh Kang Eko, malah cenah komputerna kungsi nepi ka ngebul. Duka
pedah digeder teuing dipake ngolah ieu loka, duka pedah diseupan. Pokona mah
ngebul we...

Tah, ti ayeuna, kusabab anu kapasrahan hanca bin katempuhan teh kuring jeung
Kang Deni katut Mang Harja, nya ayeuna teh keur dipikiran, kumaha ieu loka
kahareupna. Naha rek diteruskeun sakumaha anu geus jalan, dirobah,
dimekarkeun deui, atawa rek ditutup bae? Jadi, aya dua hal anu kedah
diemutan teh:

- hostingna: mun rek diteruskeun, ti mana sumber pikeun ngabiayaanana?
- ngokolakeunana: rek dikumahakeun pangkalan data atawa pidanganana?

Pikeun pilihan, bisa bae urang migunakeun loka-loka nu nyadiakeun rohangan
sacara gratisan (sarupaning blogger, blogsome, multiply--dina wanda blog,
kawas Wanita Sunda Antar Benua), ngan biasana nu kitu mah aya watesanana,
boh dina tehnis atawa kapasitasna. Tapi, dina sisi sejen, watesan eta teh ka
urangna jadi praktis.

Ka para wargi jagoan IT, web designer, jeung sajabana anu patali jeung ieu
kagiatan, mangga diantos sumbang pikiran (jeung tanagana). Pikeun iber bae,
ayeuna kuring jeung Kang Deni keur ngalalanyahan/ngararancang mambo pikeun
ngokolakeun ieu loka.

Hapunten, bilih ieu jejer, pikeun sabagian, meureun karasa diulang2. da
memang kitu tungtutanana, ngarah rame, oge babagi kacape, hahahah...

On 11/16/06, Eko Ruska Nugraha <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

  Assalamu'alaikum wr. wb.

Wilujeng siang baraya sadayana mudah-mudahan urang sadayahana aya dina
kawilujengan.
Dubujeng enggalna bae tos aya 3 taun langkung kuring jadi kuncen web
kusnet www.urang-sunda.or.id allhamdulilah eta oge dibantosan ku baraya
kusnet sanesna (tiasa ditingali dina menu profile saha-sahana mah). Timulai
dinten ieu kurng bade mundur heula kanggo nguncena web kusnet mung duka
sabaraha lami, ari alesanana mah nuju pakepuk pisan ku padamelan anu wajib.
Sababaraha dinten kapengker kuring ngumaha ka kang deni wahyu juragana
minyak ti dumai kitu deui ka kang kandar allhamdulilah aranjeuna tos
nyaranggeman nguncena eta web kusnet.

Kirang langkung tos bade sassih kapengker web kusnet teh nuju diropea ku
kuring,kang deni, kang kandar kitu deui mah hasan ti malaya anu kumisan tea
he he...punten mang h heureuy he he....Tah ti ngawitan dinten ayeuna kuring
bade liren heula ngaropea web kusnet teh mudah-mudahan kapayuna upami aya
waktos sugan tiasa ngiringan deui tapi tos 3 taun langkung mah meujeuhna
pangsiun sigana mah he he....



--
sikandar
kumincir.blogspot.com
su.wikipedia.org
www.urang-sunda.or.id

Kirim email ke