Dihandap

On 11/16/06, kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Wa'alaikumsalaam w. w.
>
> Kang Eko, kuring mah ukur bisa ngahaturkeun rewu nuhun kanggo sumbangan Kang 
> Eko ka Kusnet, utamana dina hal ngokolakeun ramatloka www.urang-sunda.or.id. 
> Ka baraya nu teu acan apal, ieu loka teh dibuka/dijieun salaku hasil tina 
> babadamian Kongres Kusnet anu ka..... di bumina Ua Sas, di Bandung. Harita, 
> Kang Eko nyanggupan pikeun ngawangun & ngokolakeun ieu loka kalawan sukarela, 
> sedengkeun biaya hosting jsb dibayar reerongan ku anggota Kusnet/YP. 
> Alhamdulillah, najan dikokolakeun sadara sukarela, teu kudu ngaluarkeun duit 
> miliaran, ieu loka nepi ka kiwari masih keneh hirup, sarta eusina beuki 
> euyeub.

ERN : Sami-sami kuring oge hatur nuhun pisan kang ka akang kana
rojongan salami web kusnet ngajomantara he he.....teu hilap kuring oge
ngahaturkeun nuhun pisan ka Uwa sas, Mang J, Mang Siddik kana sagala
rupi rojonganana, Sareng teu hilap ka team redaksi web kusnet anu
ngiring ngaropea ieu web hatur nuhun pisan kana rojonganana sareng
hapunten bilih salami sasarengan ngaropea web bilih seueur miwarang
itu ieu sareng bilih aya kecap sareng basa anu nyigeung hapunten
sakali deui..sareng kum bae kasadayana baraya kusnet hatur nuhun
sareng hapunten kada kakirangan sim kuring jst.

>
> Dina mangsa tilu taun teh, ieu loka ngalaman sababaraha kali diropea. Duka 
> kumaha bentuk pangropeana mah, da kuring ge teu pati ngarti urusan database & 
> rarancang lolokaan teh. Nya dina lebah dieu mah anu luut-leet kesang, ceuk 
> paribasana, teh Kang Eko, malah cenah komputerna kungsi nepi ka ngebul. Duka 
> pedah digeder teuing dipake ngolah ieu loka, duka pedah diseupan. Pokona mah 
> ngebul we...

ERN : Wah eta mah komputerna we kang tos kana waktosna kedah digentos he he...
>
> Tah, ti ayeuna, kusabab anu kapasrahan hanca bin katempuhan teh kuring jeung 
> Kang Deni katut Mang Harja, nya ayeuna teh keur dipikiran, kumaha ieu loka 
> kahareupna. Naha rek diteruskeun sakumaha anu geus jalan, dirobah, 
> dimekarkeun deui, atawa rek ditutup bae? Jadi, aya dua hal anu kedah diemutan 
> teh:
>
> - hostingna: mun rek diteruskeun, ti mana sumber pikeun ngabiayaanana?
> - ngokolakeunana: rek dikumahakeun pangkalan data atawa pidanganana?
>
> Pikeun pilihan, bisa bae urang migunakeun loka-loka nu nyadiakeun rohangan 
> sacara gratisan (sarupaning blogger, blogsome, multiply--dina wanda blog, 
> kawas Wanita Sunda Antar Benua), ngan biasana nu kitu mah aya watesanana, boh 
> dina tehnis atawa kapasitasna. Tapi, dina sisi sejen, watesan eta teh ka 
> urangna jadi praktis.
>
> Ka para wargi jagoan IT, web designer, jeung sajabana anu patali jeung ieu 
> kagiatan, mangga diantos sumbang pikiran (jeung tanagana). Pikeun iber bae, 
> ayeuna kuring jeung Kang Deni keur ngalalanyahan/ngararancang mambo pikeun 
> ngokolakeun ieu loka.
>
> Hapunten, bilih ieu jejer, pikeun sabagian, meureun karasa diulang2. da 
> memang kitu tungtutanana, ngarah rame, oge babagi kacape, hahahah...

ERN : Sakali deui hatur nuhun kang Deni,kang kandar, mang h tos kersa
neraskeun web kusnet ngajomantara didunya maya kitu deui kang teh Lies
hatur nuhun anu tos masihan space kanggo web kusnet anu sakitu
ageungna.

Kang Kandar, kang deni lamun masih aya jeung teu dihapus ku yahoo aya
milis ITKUSNET anu tipayun sok diangggo nyawalakeun/ngadskusikeun web
kusnet, ke kang kandar,kang deni dilebetkeun janten kuncennya.

Hapunten kana sagarupi kakirangan sim kuring.

Baktos
ERN

Kirim email ke