Pan nu ngarana "semah" teh sok ngahesekeun nu boga imah, kitu deui "tamu" kudu 
tata tur dijamu. Tah kamari, basa jang bush ngaladog ka bogor, nya nyemah nya 
namu. Jadi we lieur. Enya dasar mahiwal, geus hese cape nyieun heliped dikebon 
raya sadua dua, der kalahka hayang "ajrut" diwewengkon gor. Heueuh da lamun 
urang ngutupruk lantaran eta, heug kadengeeun ku ceuli jang bush paling paling 
manehna ngomong kieu "Alaaah....mun ngarasa rugi mah,ke ku dewek diganti, EUY!" 
kumahageuy, jang bush mah calakan pisan karek sapuluh jam dibogor ge geus bisa 
nyebut "EUY" komo deui saminggu meureun pinter pisan nyebut "halik ku aing!"

Nu watir mah nu nek ngajajururu,deuleu etah ngaheujeuna ge break heula, 
lantaran rumah sakit bersalina aya diwewengkon ring 2. Tapi teu keudeu, barang 
ningali diluhur aya chinook kukuliringan neangan pieunteupeun, manehna nyelang 
heula "dadah". Kitu deui nu demo, ari samemehna mah mani siga nu ceuceub pisan 
ka si barud teh bari sing ceuleuweung, "Jor siah...jor siah...ka naraka!" na 
ari sibarud geus kakalayangan diluhureun bogor. Kawas nu kasima, malah 
pipilueun nurutan baturna, gugupay ngabageakeun semah anu cenah matak lieur 
uteuk urang bogor. Ningali kitu jang Bush ngan bati nyenghel, noong tina 
conggang chinook, bari ngagerentes. "aya ku bageur nya urang indonesia mah, 
mani ngaliud kitu nyambut uing, raramah ngadaradahan sagala, padahal dinagara 
batur mah, pan uing teh teu sirikna di bak sia bak sia dititah kabur...duh 
bagja..bagja.....ah mun kitu mah isukan pageto ge hayang deui kadieu, pan 
mubazir heliped nu di kebon raya, can dieunteupan, nek ngahaja engke mah nek 
ngadon niiskeun pikir divila puncak!"

sr

  ----- Original Message ----- 
  From: kebohideung 
  To: urangsunda@yahoogroups.com 
  Sent: Monday, November 20, 2006 10:09 AM
  Subject: [Urang Sunda] Beungeut Tembok



  Kacida..enya kacida teuing, kaleuleuwihi...tamuna deui "beungeut tembok" teu 
gableg ka era. Geus puguh nu boga imah embung katatamuan, der kalahka maksakeun 
karep. Cing saha anu rugi angger we rahayat leutik. Tukang dagang teu bisa 
dagang, anu rek buburuh teu bisa indit-inditan da eweuh kandaraan, mun aya nu 
rajeun ngitung karugian sabaraha milyareun karugian rahayat leutik, ku ayana 
tamu anu "dianggep penting"....

  Ku ukuran jalma asa kabina-bina teuing eta nganggep pentingna seorang Mamang 
Sam, sabaraha duit anu dikaluarkeun tina kanjut kundang pamarentah urang keur 
sasadiaan nyambut tatamu, moal boa kagantian atawa kabayar tilu atawa opat taun 
ka hareup. Enya sih urang teh kudu ari ngabungahkeun tamu, ngajamu tamu jeung 
sajabana, tapi tamu nu mana heula anu kudu diperlakukeun hade teh..? cikan ku 
baraya emut...kumaha tingkah polah Mamang Sam, khususna ka umat muslim, kapanan 
nagara urang teh panglobana umat muslim sa-alam dunya, piraku aya nu ngekeyek 
dulur urang, urang teu protes-protes acan ?


  Heueuh..jigana da pamarentah oge serba salah, erek nolak kumaha, teu ditolak 
kumaha sabagian rahayat teu panuju katatamuan ku "Mamang Sam"
  Sakuduna mah si Mamang Sam teh surti tur ngamalum ka pamarentah Indonesia 
teh, jadi geus we montong hayang datang ka Bogor sagala ari mung ukur erek 
"ngadu bako" wungkul mah cukup ngulem pamingpin urang ka Nagara manehna,  
meureun moal matak gujrud salelembur tur ear sajajagat.

  Mamang Sam..Mamang Sam....duh..maneh teh meni merekedeweng.

  Kebo - TasikmalayaRecent Activity
    a..  23New Members
    b..  16New Photos
  Visit Your Group 
  SPONSORED LINKS
    a.. Culture change 
    b.. Corporate culture 
    c.. Cell culture 
    d.. Organization culture 
    e.. Tissue culture 
  Yahoo! Mail
  Next gen email?

  Try the all-new

  Yahoo! Mail Beta.

  New business?
  Get new customers.

  List your web site

  in Yahoo! Search.

  Y! Messenger
  PC-to-PC calls

  Call your friends

  worldwide - free!
  . 
   

Kirim email ke