aduh abah, kedahna mah simkuring nu dihapunteun, sabab simkuring tos 
nyarios bade masihan tur ngabantosan ngajajap milari oleh-oleh khas 
urang dieu, tapi waktos eta kapareng no.hp nu tipayun ical sigana 
mah ragrag dina motor janteun rada lambat ngawartosan da waktos eta 
teh disms deui kunu kagungan pun bojo teu tiasa, sigana mah abahna 
tos angkat deui ka jakarta. janteun hapunteun pisan bisi dina 
panampiyanna seueur kakirangan. atuh salamna ti simkuring sadayana 
ka abah sadayana nu dijakarta, diantos deui upami bade nyaba deui. 
hatur nuhun. punteun saminggon kamari teh aya seminar dihotel meriot 
putrajaya, kalareusan nembe rengse da simuring kaleureusan janteun 
panitia, janteun nembe tiasa diwaler ayauena. 

wasalam
malki

--- In urangsunda@yahoogroups.com, "a_suwarna" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Sanaos tepang mung di Babakan Kusnet wungkul,tapi saparantos 
paamprok 
> jonghok sareng Pak Malki mani sono asa tepang deui sareng baraya 
nu 
> tos lawas teu tepang.
> Atuh Pak Malki oge mani gorocok sareng seueur pisan bantosanana. 
Hatur 
> nuhun kana kasaean Pak Malki sakulawargi, mugia Gusti Allah 
masihan 
> ganjaran nu langkung ageung. Amin
> Atuh ka Yi Bohay sanaos teu kantos tepang nanging seueur pisan 
masihan 
> bantosanana waktos Abah nyusun rancanana.
> Sakali deui hatur nuhun kasadayana teu hilap ka Babakan Kusnet nu 
tos 
> jadi cukang lantaran nepangkeun pribados sareng Pak Malki 
sakulawargi.
> 
> 
> Abah Suwarna
>




Kirim email ke