hatur nuhun inpormasina, ngan cigana mah lamun dina tempat wisata mah
sulingna suling kanggo oleh2. biasana sih.. kitu (punten)

kuring teh milari suling gamelan degung, biasana mah ayana di toko kasenian,
budaya atanapi parlengkapan sakolah (lamun di Bandung mah)



On 11/23/06, datiparang <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

  ieu mah rada ngalantur.. nanya di jakarta dijawabna di bogor... kang di
deukeut panto asup kebon raya bogor rea nu ngajualan suling, mangga geura
jugjug... bari pakansi tutup minggu mun tos rimbitan ajak saanak bojo geura
nikmat huap lingkung di amparan samak luhureun ngemplohna jukut (masih hejo
da teu jadi diuwakngawik angin gan bush).. mun lalagasan (boh enya boh
aakuan) ajak bebene ngan aya sakaol cenah mun kungsi bobogohan di kebon raya
moal jucung nepi ka bale nyungcung, bakal pegat di tengah jalan,
wallohu'alam! tah memeh mulang nyimpang heula ka nu ngajual suling!

heup!

dh

On 11/23/06, akh hasbi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

>   Kang.. Teh.. punten bade tumaros..
>
> Dimana kirana tiasa ngagaleuh suling di daerah Jakarta atanapi Depok.
> kaleresan kuring linggihna di Depok.
>
>
> Bilih aya nu terang?
>
> salam
>
> Hasbi
>  __._
>



--
::daluanggebisatinabincurang::





Kirim email ke