Assalamualaikum wr. wb.
   
  Kum ka para wargi sadaya, sim abdi neda dihapunten rehna nembe tiasa nepangan 
deui didunya maya, jalaran tisabarang lebet kantos saba'da cuti, disampakkeun 
tumpukkan garapan.
  Teu hilap, kapara wargi anu tiasa rurumpaheun ngaluuhan HBH di Keresek, Garut 
sim abdi ngahaturkeun rewu-rewu nuhun, kana kasumpinganana.
   
  Nembe dinten ieu pisan sim abdi, ngungkab-ngungkab file e-mail di Yahoo 
Groups tisabarang sim abdi no-mail di milis urangsunda.
  Sim abdi khusus mukaan postingan perkawis HBH anu nembe kalangkung, tetela 
geuning seueur postingan anu pikabingaheun disagigireun aya oge postingan anu 
ngahanjakalkeun kusababaraha hal, insya Allah urang anggo eunteung kanggo HBH 
anu bade dongkap.
  Saparantos nitenan postingan, tetela geuning HBH teh seueur pisan manfaatna 
tibatan mudharatna, kukituna mugi-mugi acara sarupi kitu urang tiasa ngayakeun 
deui dina waktos-waktos anu bade dongkap.
   
  Wassalam
   
  Pihatur
  ssw 
   
   
   
   




http://cikundul3.multiply.com
  Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda
  Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda

Reply via email to