Mangga kang, sok atuh tong isin2. heheheh
dupi akang teh ayeuna linggih dimana?

ku kuring bieu dilongok MPna sakantenan di add, jigana mah tukang ngadongeng
ka barudak yeuh.
sok atuh kang pedarkeun elmuna yeuh. hehehehe
teras oge tiasa kolaborasi jeung Kang SR, kang SR anu nyieun carita, Kang
Agga anunyaritana ka barudak.

nepangkeun kang, sim kuring Reka Bohay (lalaki asli)
ayeuna nuju ngumbara di Malaya. pami kawit mah asli ti Bandung.

cag ah,

-Bohay-


2006/11/24, Raden Sumba <[EMAIL PROTECTED]>:

  nepangkeun...
ka para inohong, para saderek, akang teteh jeung dulur sakabeh...
nyuhungkeun bingbinganana.. rumaos simkuring urang sunda anu geus poho
kana basa sorangan. sedengkeun pan geus jelas-jelas disebutkeun ku paribasa
ge yen, "Basa teh Ciciren Bangsa, leungit bangsana leungit budayana".

tah kumargi kitu sim kuring teh bingah ku alatan aya porum
"URANGSUNDA"  teh....
cag ah...

Salam
AGga


AgGa

Seribu Langkah Dimulai Dari Satu Langkah (Anonim)
visit my blog : http://agarumahdongeng.multiply.com/

------------------------------

Kirim email ke