Wa'alaikum Salam Wr Wb Nuhun teh Amin mina... >Bah Surtiwa nyerat : >Eha...nya eta tea...tetep wae atuh...bulak balik dekok...pan dua ayat eta teh >nya tangtos >benten mazhab benten pamahaman nana...dur ..ah...lajeng...!
--- amin mina <[EMAIL PROTECTED]> wrote: "> Akang akang....rehat heula sakedap...punten ngiring ngalangkung mangga buka QS.3:19 sareng QS.3:20." Teh Amin mina, simkuring mah sok sieun kana kelompok anu dicarionskeun ku kangjeng Nabi saw. Dina Kitab Hadist Shohih Bukhory, maphumnamah kieu hapunten teu disundakeun "Akan datang suatu kaom (/kelompok) dimana bacaan Al-Qur'annya hanya sampai tenggorokannya saja, Akalnya dangkal...jst". mung tiasa maca wungkul (CANGKANGNA), henteu jero dina ngahartoskeunnana, tur Lalawora dina milampahna...langkung jentrenamah mangga wae tingal Dina Kitab Hadist Shohih Bukhory. Ku hadist eta diluhur urang kedah paos-paos dina ngagunakeun DALIL Al-Qur'an, pon kitu deui dina ngahartoskeun QS.3:19 sareng QS.3:20 ulah saujratna diterjemahkeun teras diterapkeun, upami ayat eta dianggo ngabantah kana paham Pluralisme, mangga aos ku teh Amin mina dina suraoh QS.2:62, QS.5:69, katambih QS.5:48 anu ngadukung ayana paham Pluralisme tea. Hehehehe, Bah Surtiwa panginten teh Amin mina teh kalangkung maosna, tah cobi KLIK deui "cep Wirabuana"-> http://groups.yahoo.com/group/kisunda/message/15942 kanggo ngamaphum kana QS.3:19 sareng QS.3:20. Saterasna parantos dibahas ngenaan hukuman kanggo "cep Wirabuana", KLIK http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/message/108341 anu pasna kanggo bahasa tina bahasa Click/KLIK bahasa sunda-na naonnya? naha Pencet/Teken? hehehehe.... >Bah Surtiwa nyerat :"Nah upami kitu naha urang sarerea bade neraskaeu >mumusuhan dua Bani jaman baheula ieu ?" Bah..., eta kang Waluya ngintun masihan sajarah Islam teh, dumeh aya seratan kang Agus Pakusarakan panginten. kang Agus Pakusarakan nyerat : "Lebah dieu kang urang kudu apal asal mu'asalna noan pangna incu nabi dicacag di walang-walang? Sok benyeur beaskeun nu apal mah.. ". Ku terangna urang kana Sejarah Islam, boh anu katampi ti Ulama Sunni pon kitu deui ulah kakantun ti Ulama Syi'ah da tadi oge sarua ngagem agama Islam, teu aya sanes kanggo nimbang Pamilih jalan Pamikiran urang dina ngarujuk Tafsir, Hadist sareng Fatwa aranjeuna. Mana anu langkung kiat dina ngarujuk Hadist, sareng neuleumannana dina ngahartoskeun ayat tulisan Al-Qur'an anu nanggo bahasa Arab. Mung tetep anu nangtukeun-nanamah Akal Pamikiran+Patekadan Diri Urang Sorangan. Supaya Akal Pamikiran+Patekadan Diri Urang ngahasilkeun Laku lampah anu hade (Akhlakul Karimah), boga pangajen, boga sikep ADIL ka papada Manusa anu beda dina ngaran Agama, Aliran-aliran, Tarekat-Tarekat, ieuu teuleupas tina pahaman urang dina neuleuman Agemannana masing-masing. Tah teh Amin mina cobi geura aya KITAB Anu Haq pikeun kasalametan urang, pituduh tina tulisan KITAB Al-Qur'an : "Inilah kitab (catatan) Kami yang menuturkan terhadapmu dengan benar. Sesungguhnya Kami telah menyuruh mencatat apa yang telah kamu kerjakan." (Q.S 45 : 13) "Dan tiap-tiap manusia itu telah Kami tetapkan amal perbuatannya (sebagaimana tetapnya kalung) pada lehernya. Dan Kami keluarkan baginya pada hari kiamat sebuah kitab yang dijumpainya terbuka." (Q.S 17 : 13) "Bacalah kitabmu, cukuplah dirimu sendiri pada waktu ini sebagai penghisab terhadapmu." (Q.S 17 : 14). Tuuuuuuuh, Geuniiiing, pan eta bahasana teh nganggo kalimat KITAB, Iqro Kitabaka (Bacalah Kitab-mu) jst..., cobi geura Emut...KITAB Al-Qur'an anu ditulis ku Bahasa Arab-mah, nalika urang maot, eureun ngalalakon di Alam Dunya, moal ngiring diselapkeun dina Kuburan teh...heheheheheh, heheueueu.... :-) Numawi dina ngamamhum Al-Qur'an anu patula-patalina sareng paham Pluralisme kedah Ngabentenkeun Manusa-na sareng Kitab Suci-na, teu kenging rurusuhan dina ngahartoskeunnana, bilih kalebetkeun jalmi anu aya dina Hadist diluhur... sakitu heula tisimkuring dina raraga Silih Asah dina Pangati, Silih Asuh dina Laku, Silih Asih dinangajalankeun Sabanda Sariksa Waasalamu'alaikum Wr Wb baktos Agus Wirabudiman.