Wa'alaikum Salam Wr Wb
Nuhun teh Amin mina...

>Bah Surtiwa nyerat :
>Eha...nya eta tea...tetep wae atuh...bulak balik dekok...pan dua ayat eta teh 
>nya tangtos >benten mazhab benten pamahaman nana...dur ..ah...lajeng...!

--- amin mina <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
"> Akang akang....rehat heula sakedap...punten ngiring ngalangkung  mangga buka 
QS.3:19 sareng QS.3:20."

Teh Amin mina, simkuring mah sok sieun kana kelompok anu dicarionskeun ku 
kangjeng Nabi saw. Dina Kitab Hadist Shohih Bukhory, maphumnamah kieu hapunten 
teu disundakeun "Akan datang suatu kaom (/kelompok) dimana bacaan Al-Qur'annya 
hanya sampai tenggorokannya saja, Akalnya dangkal...jst". hartosna mung tiasa 
maca wungkul (CANGKANGNA), henteu jero dina ngahartoskeunnana, tur Lalawora 
dina milampahna...langkung jentrenamah mangga wae tingal Dina Kitab Hadist 
Shohih Bukhory.

Ku hadist eta diluhur urang kedah paos-paos dina ngagunakeun DALIL Al-Qur'an, 
pon kitu deui dina ngahartoskeun QS.3:19 sareng QS.3:20 ulah saujratna 
diterjemahkeun teras diterapkeun, upami ayat eta dianggo ngabantah kana paham 
Pluralisme, mangga aos ku teh Amin mina dina suraoh QS.2:62, QS.5:69, katambih 
QS.5:48 anu ngadukung ayana paham Pluralisme tea.

Hehehehe, Bah Surtiwa panginten teh Amin mina teh kalangkung maosna, tah cobi 
KLIK deui "cep Wirabuana"-> http://groups.yahoo.com/group/kisunda/message/15942 
kanggo ngamaphum kana QS.3:19 sareng QS.3:20.
Saterasna parantos dibahas ngenaan hukuman kanggo cep Wirabuana, KLIK 
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/message/108341

anu pasna kanggo bahasa tina bahasa Click/KLIK bahasa sunda-na naonnya? naha 
Pencet/Teken? hehehehe....

>Bah Surtiwa nyerat :"Nah upami kitu naha urang sarerea bade neraskaeu 
>mumusuhan dua Bani jaman baheula ieu ?"

Bah..., eta kang Waluya ngintun masihan sajarah Islam teh, dumeh aya seratan 
kang Agus Pakusarakan panginten.
kang Agus Pakusarakan nyerat : "Lebah dieu kang urang kudu apal asal mu'asalna 
noan pangna incu nabi dicacag di walang-walang? Sok benyeur beaskeun nu apal 
mah.. ".

Ku terangna urang kana Sejarah Islam, boh anu katampi ti Ulama Suni pon kitu 
deui ulah kakantun ti Ulama Syi'ah da tadi oge sarua ngagem agama Islam, teu 
aya sanes kanggo nimbang Pamilih jalan Pamikiran urang dina ngarujuk Tafsir, 
Hadist sareng Fatwa aranjeuna, dina hal ieu Fatwa Islam Jeung Pluralisme.

Mana anu langkung kiat dina ngarujuk Hadist, sareng neuleumannana dina 
ngahartoskeun ayat tulisan Al-Qur'an anu nanggo bahasa Arab. Mung tetep anu 
nangtukeun-nanamah Akal Pamikiran+Patekadan Diri Urang Sorangan, supaya Akal 
Pamikiran+Patekadan Diri Urang ngahasilkeun Laku lampah anu hade (Akhlakul 
Karimah), boga pangajen, boga sikep ADIL  ka papada Manusa anu beda ngaran 
Agama, Aliran-aliran, Tarekat-Tarekat, ieuu teuleupas tina pahaman urang dina 
neuleuman Agemannana (Pegangan Hirup) masing-masing. 

Tah teh Amin mina cobi geura aya KITAB Anu Haq pikeun kasalametan urang, 
pituduh tina tulisan KITAB Al-Qur'an :

"Inilah kitab (catatan) Kami yang menuturkan terhadapmu dengan benar. 
Sesungguhnya Kami telah menyuruh mencatat apa yang telah kamu kerjakan." (Q.S 
45 : 13)

"Dan tiap-tiap manusia itu telah Kami tetapkan amal perbuatannya (sebagaimana 
tetapnya kalung) pada lehernya. Dan Kami keluarkan baginya pada hari kiamat 
sebuah kitab yang dijumpainya terbuka." (Q.S 17 :  13)

"Bacalah kitabmu, cukuplah dirimu sendiri pada waktu ini sebagai penghisab 
terhadapmu." (Q.S 17 : 14).

Tuuuuuuuh, Geuniiiing, pan eta bahasana teh nganggo kalimat KITAB, Iqro 
Kitabaka (Bacalah Kitab-mu) jst...
Numawi dina ngamamhum Al-Qur'an anu patula-patalina sareng paham Pluralisme 
kedah Ngabentenkeun Manusa-na sareng Kitab Suci-na, teu kenging rurusuhan dina 
ngahartoskeunnana, bilih kalebetkeun jalmi anu aya dina Hadist diluhur...

sakitu heula tisimkuring dina raraga Silih Asah dina Pangati, Silih Asuh dina 
Laku, Silih Asih dinangajalankeun Sabanda Sariksa
Waasalamu'alaikum Wr Wb
baktos
Agus Wirabudiman.

Reply via email to