Assalamualaikum sadaya kadang wargi!

Dongeng sim abdi ngeunaan tapa moal waka dilajengkeun
heula dikintun ka millist, sapertos biasa wae,
sementawis urang kintun ka email pribadi kanu
peryogieun, hatur nuhun oge ka akang..teteh… bapa..…
nu nyusul tepus ngalangkungan japri pribados.

Urang dugikeun heula sabagian kutrat – kotret 
ngeunaan dongeng kampung manjang munjung… tapi ku aneh
bet teras apanjang apunjung… 

ka sadayana kawargian….. haturan.

Baktosna
Eddy Nugraha


=========



Tina Sunda Nu Jaya Keur Jaya Na Sunda:

AJENGAN, HAYU URANG MUNJUNG ! 
JEUNG HUCUHKEUN KA SUNDA KABEH SUPAYA MARUNJUNG
ENYA-ENYA!


====


I. Pangbuka

Aeh…aeh….siah…wani wani  ngajak ka ajengan jeung
kabatur sina munjung, bari dituliskeun diuwar
uwar,….enyaan ieu teh? 

...iih  Enyaan… jeung enya enya dewek mah ngajakna
teh! Malah wani nuduhkeun ! arek muhit kana naon? 
Sabab dewek mah rumasa teu bisa kabeh…Asal enya enya
ngarti jeung bisaeun mah taya bayana
dituduhkeun…..moal menta bayaran ari pikeun jayana
sunda mah.

Huaha..haa.haa…sukur atuh ari geus gilig mah
Prak geura taudz…….

Audzubillahiminasyaitoon nirrajim

====






Panganteur 
I

Ku lajuna jaman, urang loba pisan ngalaman robahna
pajamanan tur robah-robahana kayakinan jeung payakinan
nu ngeusianana. Pangarti jelema-jelema khususna nu sok
disarebut nyakola atawa parinter oge robah-robah. 

Salah sahijina  geus pernah ditepikeun di ieu rohangan
nyaeta ngeunaan harti Sunda. Kamus-kamus tur buku-buku
robah-robah ngahartikeun entri kecap sunda. Malah,
misalna wae, Ensiklopedi sunda wae nu ngaku jadi
“ensiklopedi” teu urung ngan nyebutkeun sunda teh
saukur dina ‘level’ suku, basa katut nagara mungkul
teu noel saeutik oge kana falsafahna, jrrd…jrrd (cat: 
sabaraha bagianna pernah oge dikintunkeun ka Kisunda).


Kitu deui oge ngeunaan Munjung (Muja atawa Muhit). 

Dijalma rea, Kecap :

Munjung pasti boga rasa’ kecap nu goreng,……arang
jelema nyambungkeun jeung kecap munjungan….naha eta
mah (munjungan) dihartikeun na teh alus???

Muja,…. ieu kecap jadi boga ‘rasa’ kecap  goreng malah
tempat muja (pamujaan) oge jadi  boga warna rasa
goreng…padahal pupujaan hate mah alus lin?
 
Muhit umumna goreng…. “Wah jang kumaha muhithna jelema
mah muhithna ka maung jadi maung, muhitna ka dunya
meunang dunya” padahal dina qur’an aya kecap Allahu
‘ala qulli syaiin muhit….kumaha lamun muhit ka Allah?
He..he.. teu adil na  tara disebut muhith (da muhith
geus boga nilai rasa nu goreng). 

Padahal nu sok muhit teh Allah, lin?? wallahu 'ala
kulli syaiin muhith.

Tah pamanggih nu disarebut palinter ge sarua
beda-beda:

Nurutkeun kamus R. Sacadibrata munjung sarua jeung
muja, Ari dina Kamus LBSS Muja hartina ngagungkeun,
Munjung muja lantaran hayang beunghar jste ku jalan
kotor. 

Ensiklopedi Sunda, ieu tim redaksi milih nyandak harti
kecap munjung “menjunjung tinggi orang tua karena rasa
hormat” (nilai rasa kecap hade). Dina entri hiji deui
maksud kecap munjung nu lain, diteumbleuhkeun kana
buku yasana Moh Ambri –jadi lain ceuk nunyusun
ensiklopedi- nu nyarioskeun munjung hiji pagawean
goreng nu aya di masarakat sunda nu aya hubungana
jeung hayang beunghar menta bantuan siluman-sileman. 

Naha bet kitu? Naha nu parinter the beda-beda? Ah eta
mah urang bikeun ka ahli basa we… kumaha sabenerna.
Ieu bahasan mah ngeunaan kayakinan, payakinan jeung
kamampuh. Kumaha eta muhit ka maung munjung ka bagong
muja ka buaya jeung ka sato-sato lianna teh enyana
jeung naha bet wani ngajak ka ajengan sagala???

Malah pan aya wejangan jalma bijaksana nu kieu saurna
“jang ulah munjung ka gunung ulah muja ka sagara, tapi
munjung kudu ka indung muja kudu ka bapa…(malah mah
keur jalma nu ngulik ditambahan ku )...”jang kudu
(munjung)  tepi ka indung nu teu muguran (muja tepi
ka) bapa nu teu ngarangrangan [pernah manggihan nu
kitu kitu? Cik dimana Ayana?]”.


Urang teraskeun bagian salajengna upami pareng.



 
____________________________________________________________________________________
Do you Yahoo!?
Everyone is raving about the all-new Yahoo! Mail beta.
http://new.mail.yahoo.com

Reply via email to